Disebutkeun Roni pikeun kader nu bakal dipasangkeun dina kontestasi Pilkada 2024, PKS mibanda kader-kader panghadena.
"Saha-sahana nu maju masih digodog. Kumargi kiwari langkung konsen mayunan agenda Pileg," ceuk Roni.
Acara halal bihalal nu dilaksanakeun ku DPD PKS Kabupaten Majalengka oge dikolaborasikeun jeung kagiatan bakti sosial dina lebah dieu layanan kasehatan.
Di antarana, cek tensi jeung gula darah, donor darah, sarta ngagelar bazar rupa-rupa produk UMKM di pakarangan Gedong Islamic Center Majalengka.*** Ayank R Sambara