Kana Tawaran Bupati sual Saluran Cai PDAM Asup  ka Imah Warga, Ieu Kamandang Kades Marteng Margahayu  

- 6 April 2023, 08:41 WIB
Kepala Desa Margahayu Tengah , Kecamatan Margahayu, Asep Zaenal Mahmud.*
Kepala Desa Margahayu Tengah , Kecamatan Margahayu, Asep Zaenal Mahmud.* /(SOPANDI/ Galura Pikiran Rakyat.com).  /

 

GALURA - Kana 3500  tina 4700 imah di Desa Margahayu Tengah (Marteng), Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung cai bersihna tina sababaraha hiji titik sumur bor nu dikokolakeun ku Bumdes satempat. Sèsana ihtiar sorangan meunangkeun cai beresihna.

Bupati Bandung Dadang Supriatna, waktu Rembug Bedas di Desa Marteng sawatara waktu kaliwat, nawarkeun kamungkinan gawè bareng jeung PDAM pikeun nyumponan cai beresih warga Desa Marteng.

Kana hal ieu, Kepala Desa Marteng Asep Zaenal Mahmud nyebutkeun, warga Kecamatan Margahayu, hususna Desa Marteng kacida butuheun cai ti PDAM ( Perumda Air Minum Tirta Raharja).

Asep nètèlakeun, sawatara can aya PDAM, pamarèntah Desa Marteng ti 2014  narèkahan nyieun sumur bor tuluy disalurkeun ka imah  warga.

Baca Juga: Rembug Bedas di Kecamatan Margahayu Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Dua Desa

"Sim kuring nyanggakeun sagemblengna ka warga,  engké ka payun pami wacana PDAM janten lebet ka Desa Marteng, mangga waè  warga badè  ngagunakeun cai  ti  sumur bor nu dikokolakeun Bumdes, badè ti PDAM,  badè duanana atanapi  heuteu suanana ogè, " ceuk Asep Zaenal Mahmud di kantorna, Rebo (5/4/2023).

Pangokolaan cai beresih di desana salila ieu, ceuk Asep, ukur nyubadanan kawajiban nyumponan  kabutuhan cai beresih warga masarakat. Anapon wacana lamun ngamungkinkeun  aya jalur pipa cai PDAM , ceuk Asep, di  Marteng mah tos  3000 leuwih ti nu dikokolakeun  Bundes.

"Lebar upami  kedah diwangun deui  jaringan PDAM.  Biaya sambungaana ogè rupina awis," ceuk Asep.

Kahayang Asep mah aya kawijakan saluran pipa tèh diasupkeun kana toren- toren nu geus aya, sahingga jaringan pipa nu geus aya tina  swadaya masarakat bakal mubah.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x