Kana Tawaran Bupati sual Saluran Cai PDAM Asup  ka Imah Warga, Ieu Kamandang Kades Marteng Margahayu  

- 6 April 2023, 08:41 WIB
Kepala Desa Margahayu Tengah , Kecamatan Margahayu, Asep Zaenal Mahmud.*
Kepala Desa Margahayu Tengah , Kecamatan Margahayu, Asep Zaenal Mahmud.* /(SOPANDI/ Galura Pikiran Rakyat.com).  /

Baca Juga: Rembug Bedas Méakeun Anggaran Rp 2,1 Miliar

"Daftarna ka Bumdes Rp 1 juta waktos harita. Upami  3000 sambungan ka bumi  ogè parantos  Rp  3 miliar. Swadaya masarakat janten mubadir, " ceuk Asep.

Asep miharep, lamun ngamungkinkeun mah PDAM ngocorkeun caina  kana  toren-toren nu geus  aya ,masarakat teu kabeungbeuratan deui ku daftar anyar. "Anapon masalah tarif ieu  tiasa dibadantenkeun, " pokna.

Sabab, ceuk Asep, tangtuna antara PDAM jeung Bumdes pada-pada ngabutuhkeun. "Nu penting masarakat kacumponan kaperyogian cai beresihna mayeng sareng pantes, " ceuk Asep.

Iber, PDAM nargètkeun  taun 2024  nambahan  12.000 sambungan cai di  Kecamatan Margahayu jeung Margaasih. Ayeunq karèk nepi kana  2.500 sambungan.*** Sopandi

Baca Juga: Rembug Bedas Ka-17 & 18: Bupati Bandung Nampa Bangbaluh Warga Désa Sukajadi jeung Desa Soréang

 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah