Munggahan di At Taufiq Cikaso, Ngabagéakeun Ramadan 1444 H ku Solawat

- 19 Maret 2023, 08:49 WIB
Kagiatan Cikaso Bersholawat, munggahan mapag Ramadan 1444 H di Masjid At Taufiq, Kampung Cikaso, Cikadut, Kec. Cimenyan, Kab. Bandung, Saptu, 18 Maret 2023.*
Kagiatan Cikaso Bersholawat, munggahan mapag Ramadan 1444 H di Masjid At Taufiq, Kampung Cikaso, Cikadut, Kec. Cimenyan, Kab. Bandung, Saptu, 18 Maret 2023.* /Rameli Agam/

"Sabab rido Gusti téh aya dina rido kolot urang," ceuk Ahmad Zayadi.

Mun téa mah nu jadi kolot téh geus tilar dunya, urang terus teu kendat-kendat ngadu'akeun aranjeunna.

Baca Juga: Sidang Isbat Netepkeun Awal Ramadan 1444 H Digelar 22 Maret 2023

Laju nu kudu dipunjungan teh nyaeta paraguru urang. Guru nu salila ieu geus maparinan mangpirang-pirang élmu nu mangpaat.

Ku ketakna para guru, urang jadi mikanyaho rupa-rupa papagon minangka cecekelan sajeroning milampah kahirupan di ieu alam dunya.

"Muga waé urang sadaya teu weléh dipaparin kakiatan tur katawakalan geusan ngalakonan ibadah puasa Ramadan taun ayeuna kalawan meunang ajén-inajén rohmah jeung magfiroh-Na," ceuk Ahmad Zayadi.

Tug tepi ka wanci sareureuh kolot, réngsé ngaderes du'a, acara dipungkas ku balakecrakan ngararasakeun sangu konéng katut idangan lianna.***

 Baca Juga: Mapag Ramadan 1444 H, Pemkab Bandung Barat Ngayakeu Pasar Murah

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x