Partai Golkar Ngagelar Dikpol Udaganana Nyangking 20 Persen Sora dina Pemilu 2024

- 15 Maret 2023, 14:31 WIB
Partai Golkar Kabupaten Majalengka ngagelar Pendidikan Politik (Dikpol) Fungsionaris Partai Golkar tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023 di Ballroom Hotel Fitra Majalengka, Salasa (14/03/23).
Partai Golkar Kabupaten Majalengka ngagelar Pendidikan Politik (Dikpol) Fungsionaris Partai Golkar tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023 di Ballroom Hotel Fitra Majalengka, Salasa (14/03/23). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Partai Golkar Kabupaten Majalengka ngagelar Pendidikan Politik (Dikpol) Fungsionaris Partai Golkar tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023 di Ballroom Hotel Fitra Majalengka, Salasa (14/03/23). Partai Golkar hayang tina Pemilu 2024 hayang meunang 20 persen sora, boh di daerah tingkat 2, provinsi, boh di tingkat Nasional.

Ketua DPD Partey Golkar Jawa Barat Ace Hasan Syadzily dibarengan ku Ketua DPC Partai Golkar Kabupaten Majalengka Asep Eka Mulyana nyebutkeun Dikpol teh agenda Partai Golkar Jawa Barat. Kituna sangkan Partai Golkar meunang korsi nu maksimal, kaasup di DPRD Majalengka dina Pemilu 2024.

“Agenda nu janten program utama Partai Golkar Provinsi Jawa Barat ka sakumna kabupaten, kota sajawa Barat: ngalaksanakeun Dikpol. Di Kabupaten Majalengka, target Pemilu 2024, korsi Partai Golkar di DPRD Kabupaten Majalengka jumlahna 10,” pokna.

Baca Juga: Sat Reskrim Polres Majalengka Ngamankeun Beas Bulog di Pabrik Penggilingan Beas CV MPR

Ceuk Ace, dina Dikpol fungsionaris Partai Golkar dibekalan ngeunaan ideologi Partai Golkar, Indonesia Bersatu, komunikasi pulitik, ngagalang sora, boh darat ku door to door boh ku media sosial sacara efektif.

“Dipiharep hasil tina Dikpol mampu ngupgrade calon anggota legislatif. Aranjeunna kedah lungsur ka masarakat sangkan Parati Golkaar sarta nyukseskeun Airlangga Hartanto for President,” ceuk Ace.

Lian ti eta caleg Partai Golkar nyosialisasikeun atribut-atribut kampanye. Di antarana, baliho, spanduk jeung sajabana sangkan eleklatibilatas Partey Golkar tambah dipikawanoh ku masarakat

Ceuk Ace, tujuan ti Dikpol fungsionaris Partai Golkar hayang apal peta kakuatan Partai Golkar di Kabupaten Majalengka. Mana basis utama sarta mana lain basis. Ti dinya urang bakal nangtukeun tur netepkeun strategi sangkan Partai Golkar di luar basis utama unggul

Baca Juga: Hadad Alwi Ngahipnotis Warga dina Harlah 1 Abad NU Tingkat Kabupaten Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x