Hikmah Pernikahan, KH Ubaidillah AB: Jalan Katakwaan, Silimicinta Miharep Rido Allah SWT

- 23 Februari 2023, 16:05 WIB
KH Ubaidillah AB dina acara walimatul ‘ursy di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sawatara waktu kaliwat/RAMELI AGAM
KH Ubaidillah AB dina acara walimatul ‘ursy di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sawatara waktu kaliwat/RAMELI AGAM /

 

GALURA – Hikmah tina pernikahan salasahijina minangka jalan pikeun manusa enggoning ngahontal ajen-inajen katakwaan.

Pernikahan teh wujud beungkeutan dua insan nu geus fitrohna silimicinta jeung mikanyaah, didasaran ku niat miharep rido Allah SWT.

Ku ayana pernikahan, dipiharep bisa miara lumangsungna kahirupan manusa lagu mancen tugas di ieu dunya kalawan ngagumelarkeun generasi sahade-hadena.

Baca Juga: Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya, Dileler Maggot Award

Hikmah sejenna tina pernikahan teh minangka litaskunu, pernikahan nu jadi jalan ngahontal katingtriman hirup.

Eta runtuyan hikmah pernikahan teh ditepikeun ku KH Ubaidillah AB, dina acara walimatul ‘ursy warga di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sawatara waktu kaliwat.

Ceuk ieu sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum Kabupaten Bandung Barat, hikmah pernikahan kalintang mundelna, boh keur individu boh kulawarga, atawa pikeun masarakat umumna.

Baca Juga: Demi Rayat, Bupati Galuh Dalem Gurinda Ngalawan Kolonial Belanda, Narah Mayar Upeti ka Residen Cirebon

Tina pernikahan, insya Allah baris gumelar generasi nu hade, dibarung ihtiar satekah polah ngawujudkeun kulawarga nu harmonis, mibanda akidah nu kuat, taat ibadah, sarta ahlak nu mulya.

Eta hikmah pernikahan teh bisa dihontal mun urang teu weleh muntang kana ajen-inajen katakwaan.

Sakumaha firman Allah dina QS An Nisa ayat 1:

Baca Juga: Ciamis Lain tina Kecap Cai Hanyir, Tapi Ngaran Tempat nu geus Lila Aya

“He sakumna manusa, sing takwa ka Gusti nu geus nyiptakeun maneh nu tadina sosoranganan, ti dinya laju Allah nyiptakeun istrina; sarta ti duanana Allah ngagumelarkeun saloba-lobana lalaki jeung awewe.”

Oge dina HR Ahmad, dawuh Rasulullah :

“Maraneh nikah jeung awewe nu paling dipicinta jeung nu paling loba mere katurunan. Sabab, kuring baris reueus ku lobana jumlah umat kuring batan umat sejenna dina poe kiamat.”

Baca Juga: Naha Enya Ngaran Ciamis Asalna tina Cai Hanyir?

Ceuk KH Ubaidillah AB, pernikahan teh wujud fitrohna manusa silimicinta tur mikanyaah.

“Eta fitroh manusa teh mungguh anugrah ti Allah SWT,” pokna.

Pernikahan ge minangka pager dina ngajaga kahormatan sarta kasucian diri.

Laju KH Ubaidillah AB nyutat hadits Rasulullah dina riwayat Muslim,

“He para pamuda, sing saha wae di antara maraneh nu geus mampuh ba’at (nikah), geura nikah! Sabab, nikah teh bakal leuwih mampuh ngajaga titingalian jeung larangan. Ngan, keur nu tacan mampuh (nikah), hadena mah puasa wae. Sabab, puasa teh geusan ngadalikeun nafsu syahwat.”

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh, Ngarobah Kabijakan Adipati Sastrawinata

Pernikahan ti sapasang insan dipiharep jadi jalan nuju katenangan, silimikanyaah, sarta ngawujudkeun kabagjaan maranehanana.

Anapon tina jiiran kahirupan sosial masarakat, hikmah pernikahan teh kawangunna silaturahim, duduluran, katut maheutkeun hubungan antar kulawarga sarta masarakat, boh ti kulawarga lalaki boh kulawarga awewe.

Satuluyna KH Ubaidillah ge ngadadarkeun ajaran Imam Al Ghazali tumali jeung hikmah pernikahan, nyaeta ihtiar ngahontal kacintaan tur karidoan Allah SWT.

Baca Juga: Ngungkulan Réana nu Ngaligeuh, Disnaker Kabupaten Bandung Ngayakeun ‘Job Fair’

Kalawan didasaran ku seja niat ibadah sarta miharep rido-Na, pernikahan ge boga tujuan pikeun ngahontal kacintaan Allah.

“Didasaran ku niat ibadah, hikmah tina pernikahan teh nyaeta minangka jalan nu lega geusan ngawujudkeun ajen-inajen katakwaan tur ngahontal rahmat kanyaah Allah SWT,” ceuk KH Ubaidillah AB. ***

 

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x