GALURA- Bupati Bandung Dadang Supriatana, miharep dina pemilihan umum (pemilu) 2024 taya kajadian 'black campaign'.
Saban partai nyogrogkeun konsep ngadu gagasan, visi misi nu leuwih alus.
Dadang Supriatna ngingetan dina pemilu 2024 engkè Kabupaten Bandung asup kana kategori rawan katilu nasional.
Baca Juga: Bupati Bandung baris Ngarojong Anggaran keur Ngawangun deui Imah nu Kahuruan di Desa Sukamenak
Inyana miharep aya kasapahaman parpol, stakeholder, ormas Islam, LSM katut pihak-pihak anu aya patalina reujeung pemilu dina ngalakssnskeun pemilu lancar, sukses, jujur jeung adil.
Dadang Supriatna ngedalkeun eta hal, dina diskusi "Untuk Pemilu 2024 Yang Kondusif di wilayah Kabupaten Bandung" di Mapolresta Bandung, Jalan Bhayangkara Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, Senèn (20/2/23).
Dina eta diskusi, hadir para ketua 18 partai politik peserta pemilu 2024 di Kabupaten Bandung, para psngurus Ormas, MUI, katut organisasi mahasiswa.
Iwal ti diskusi dilakukeun ogè deklarasi pemilu damai 2024 di wilayah Kabupaten Bandung ku 18 parpol nu hadir.
"Diskusi sasarengan nu diprakarsai Pak Kapolresta Bandung ieu kacida luar biasa. Sok komo, tahapan pemilu tos ngawitan,," ceuk Dadang Supriatna.
Baca Juga: Ngabagéakeun Menparékraf Sandiaga Uno, Bupati Bandung Ménta Dukungan Adegkeun 100 Désa Wisata
Ceuk Bupati Bandung Bawaslu, KPU, Polresta Bandung ogè pamarèntah Kabupaten Bandung baris terus ngalakukeun sosialisasi, sahingga teu aya kasalahpahaman dina nyanghareupan pemilu 2024.*** Sopandi