Partai Gerindra Ngayakeun Pasanggiri Jaipongan Sa-Bandung Raya

- 4 Februari 2023, 21:30 WIB
 DPC Gerindra Kabupaten Bandung ngayakeun Pasanggiri Jaipongan.
DPC Gerindra Kabupaten Bandung ngayakeun Pasanggiri Jaipongan. /SOPANDI/

GALURA-DPC Partai Gerindra Kabupaten Bandung ngayakeun Pasanggri Jaipongan 2 sa-Bandung Raya.

Acara lumangsung di palataran Sektretariat DPC Gerindra, Jalan Patal Banjaran No 45, Kecamatan Pameungpeuk, Kabupaten Bandung, Saptu (4/2/2023). 

Baca Juga: Di Desa Tugumulya, Runtah Bisa Dipake Mayar Pajeg

 

Ceuk Ketua DPC Partai Gerindra Kabupaten Bandung, Yayat Hidayat, pasanggiri jaipongan dina  raraga ngareuah-reuah milangkala Partai Gerindra ka-15.

Sajaba ti eta, dina raraga sosialisasi mere  dukungan ka Prabowo jadi presiden dina pemilihan presiden taun 2024.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Pasanggiri jaipongan diiluan ku 150 urang barudak rumaja sa-Bandung Raya.

 'Sakieu téh diwatesanan, ku margi pami teu diwates kawalahan, " ceuk Yayat  Hidayat nu ogé Wakil Ketua 1 DPRD Kabupaten Bandung teh.

 Baca Juga: Ketak 25 Taun Komunitas Celah Celah Langit, Ngawujudkeun Komunitas Minangka ‘Rumah Keluarga’

 

Sajaba Pasanggiri jaipongan, dilombakeun ogé kasenian Sunda séjénna. Lomba dimimitian saminggu katukang ku lomba Senam Gerindra. 

 

 Baca Juga: Hasil Panalungtikan Antroponimi, Masarakat Kabupaten Sumedang Geus Arang nu Make Ngaran Etnik Sunda

Nurutkeun Yayat,   milih pasanggiri jaipongan, katut kasenian Sunda séjénna, lantaran dirina hayang ngamumule  seni jeung kabudayaan Sunda. 

 

 Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

.Dina acara pasanggiri ieu Yayat ogé nyosialisasikeun yén Gerindra geus buleud dina Pemilu 2024 ngadukung Prabowo jadi President RI. ***

 

 

 

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x