Ponpes Roudlotul Ulum, Lalakon 20 Taun Ihtiar Geusan Ngagumelarkeun SDM nu Mibanda Ahlakul Karimah

- 27 Januari 2023, 16:30 WIB
Ponpes Roudlotul Ulum di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, ihtiar ngagumelarkeun SDM muslim nu mibanda ahlakul karimah/Dok. Ponpes Roudlotul Ulum
Ponpes Roudlotul Ulum di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, ihtiar ngagumelarkeun SDM muslim nu mibanda ahlakul karimah/Dok. Ponpes Roudlotul Ulum /

GALURA - Ketak Pondok Pesantren (Ponpes) Roudlotul Ulum nu geus meh ngalalakon salila 20 taun teh terus ihtiar ngagumelarkeun sumber daya manusa (SDM) nu mibanda ahlakul karimah.

Ditaratas taun 2001, harita mah Ponpes Roudlotul Ulum ukur nempatan lahan nu legana 70 m pasagi, 1 mushola, 2 kamar mandi, sarta diwengku 2 urang santri.

Waktu ngamimitian tea, santri Ponpes Roudlotul Ulum lian ti neuleuman elmu ajaran Islam, oge bibilintik diajar wirausaha ngangon domba, sarta pepelakan sayuran.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Rupaning hahalang nu disanghareupan, teu ieuh jadi matak pegat harepan, samalah jadi motivasi geusan terus ngabebenah ngaronjatkeun ketak.

Kiwari, alhamdulillah, sabada 20 taun, lahan ieu pasantren ngalegaan tepi ka sahektar, ngadeg masjid tohaga, asrama putra jeung putri, gedong madrasah, perpustakaan, sarta laboratorium pendidikan.

Waktu dikolongan di pondokna sawatara waktu kaliwat, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum, KH MD Ubaidillah AB, mertelakeun, sagala tarekah nu geus dilakonan geusan ngamekarkeun pondok teh mungguh karunia Alloh SWT nu kudu terus disukuran.

Baca Juga: Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

“Alhamdulillah, ku ayana pitulung Allah SWT, sumanget pikeun ngamekarkeun pondok teh estu didasaran ku kaihlasan dina ngokolakeun lembaga atikan dakwah sangkan mangpaat pikeun balarea,” pok KH Ubaidillah, nu katelah ku sebutan Kang Ubay.

Ponpes Roudlotul Ulum teh perenahna di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, kiwari diwengku 1.200 santri ti sakuliah daerah di Indonesia.

Sakumaha ilaharna pasantren salafiyah, di ieu pondok ge santri neuleuman Elmu Fiqih saperti Ta’lim Mubtadi, Nadzom Fiqih, Darusul Fiqiyah, Safinah, Sulam Taufiq, Riyadul Ba’diah, Fathul Qarib, jeung Fathul Mu’in.

Baca Juga: Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

Dina bagbagan Tauhid, ngaji Aqoid Nadzom, Tijan, Majmu’atul Aqidah. Dina bab Aqidah Ahlak aya Ahlak Qulbanen, Ta’lim Muta’lim.

Sedengkeun dina Elmu Nahwu Shorof, neuleuman Awamil, Tasrifan, Jurumiah, Matan Bina, Imriti, Alfiyah, katut Kaelani.

Anapon dina Elmu Hadits, santri ngaji Arba’in Nawawi, sarta Mukhtarol Hadits. Demi Elmu Tajwid, neuleuman Makhrojul jeung Sifatul Huruf.

Baca Juga: Kodam III Siliwangi Nguatkeun Silaturahmi jeung Mitra Strategis TNI AD

“Luyu jeung dinamika kamekaran jaman, satuluyna laju ngadegkeun SD, SMP, serta SMK, katut insyaallah baris launching Sekolah Tinggi Agama Islam (STAI),” ceuk Kang Ubay.

Kalawan nyoko kana udagan ngagumelarkeun SDM muslim nu mibanda ahlakul karimah tur mandiri, Ponpes Roudlotul Ulum teu weleh ihtiar ngaronjatkeun atikan pasantren.

Ku kituna dipiharep, santri mampuh ngamekarkeun sarta ngalarapkeun ajen-inajen ajaran Islam.

Baca Juga: Alatan Jadi Kader Golkar, Ridwan Kamil Moal Bisa Jadi Calon Presiden, Cek Juru Titen Pulitik Adi Prayitno

Di ieu pasantren ge aya kagiatan mingguan nyaeta Pengajian Malam Kamisan, kalawan ngaji Hikam jeung Ihya Ulumuddin, muhadoroh, aurod barjamaah, yasinan-tahlil, khotaman Rotibul Al Athos, sarta Bahtsul Kutub.

Anapon mun ninggang dina bulan puasa, Ponpes Roudlotul Ulum ge sok ngayakeun pangajian pasaran nu diwengku ku ngaji Kitab Tanbihul Ghofilin, Ahlaqul Banin Juz 1, Qurtubi, Qotrul Ghoes, Ayyuhal Walad, Sulam Taufik, Taqrib, katut Tijan Addarori.

“Ketak Ponpes Roudlotul Ulum salila ieu teh minangka wujud miduli pikeun kamekaran atikan dakwah Islam turta nguatkeun katahanan sosial masarakat. Saleuwihna mah seja nyanggakeun wae ka Allah SWT, Dzat Nu Maha Kawasa,” pok KH MD Ubaidillah AB, mungkas obrolan. *** 

 

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x