Bupati Bandung Miharep, Dina Pemilu 2024 Taya "Black Campaign"

20 Februari 2023, 21:30 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatana, miharep dina pemilihan umum (pemilu) 2024 taya kajadian 'black campaign'. /SOPANDI/

GALURA- Bupati Bandung Dadang Supriatana, miharep dina pemilihan umum (pemilu) 2024 taya kajadian 'black campaign'. 

 

Saban partai nyogrogkeun konsep ngadu gagasan, visi misi nu leuwih alus. 

 

 

Dadang Supriatna ngingetan dina pemilu 2024 engkè Kabupaten Bandung asup kana kategori rawan katilu  nasional.

Baca Juga: Bupati Bandung baris Ngarojong Anggaran keur Ngawangun deui Imah nu Kahuruan di Desa Sukamenak

 Inyana miharep aya kasapahaman parpol, stakeholder, ormas Islam, LSM katut pihak-pihak anu aya patalina reujeung pemilu dina ngalakssnskeun pemilu lancar, sukses, jujur jeung adil.

 

Dadang Supriatna ngedalkeun eta hal, dina diskusi "Untuk Pemilu 2024 Yang Kondusif di wilayah Kabupaten Bandung" di Mapolresta Bandung, Jalan Bhayangkara Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, Senèn (20/2/23). 

 

Baca Juga: Dina Rembug Bedas ka-15 Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Nanjung, Ngajukeun IMB, 6 Bulan Can Réngsé

Dina eta diskusi, hadir para  ketua 18 partai politik peserta pemilu 2024 di Kabupaten Bandung,  para psngurus Ormas, MUI, katut organisasi mahasiswa.

 

 

Iwal ti diskusi dilakukeun ogè deklarasi pemilu damai 2024 di wilayah Kabupaten Bandung ku 18 parpol nu hadir. 

 

 

 "Diskusi sasarengan nu diprakarsai Pak Kapolresta Bandung ieu kacida luar biasa. Sok komo, tahapan pemilu tos ngawitan,," ceuk Dadang Supriatna. 

 

Baca Juga: Ngabagéakeun Menparékraf Sandiaga Uno, Bupati Bandung Ménta Dukungan Adegkeun 100 Désa Wisata

Ceuk Bupati Bandung  Bawaslu, KPU, Polresta Bandung ogè pamarèntah Kabupaten Bandung  baris  terus ngalakukeun sosialisasi, sahingga teu aya kasalahpahaman dina nyanghareupan  pemilu 2024.*** Sopandi

 

 

 

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler