Runtah Ngahunyud di Pasar Baleendah Antukna Diakut

2 Februari 2023, 21:30 WIB
Proses ngakut runtah di Pasar Baleendah, Kabupaten Bandung, Kemis, (2/2/2023).* /SOPANDI/

GALURA- Meh sabulan runtah di sabudeureun Pasar Baleendah, Kecamatan Baleendah, Kabupaten Bandung ngahunyud. 

Dina Poe Kemis, 2 Januari 2023, eta runtah ngahunyud matak sareukseuk jeung bau mimiti diakut ku patugas.

Baca Juga: Mitembeyan Deui Ngalaksanakeun PTSL, BPN Kuningan Nargetkeun 10 Rebu Patok

 

 Unit Pelaksana Teknis  Pengangkutan Sampah (UPTPS) Wilayah Baleendah, Arip Saripudin, turun langsung dina proses ngakut runtah kasebut.

 

Ceuk Arip, dina ngakut runtah ti Pasar Baleendah ka tempat pembuangan akhir (TPA) Kabupaten Bandung Barat merlukeun waktu dua poe.

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

 

"Insya Allah dua dinten ge rengse, opat tronton dua rit-dua rit, " ceuk Arip.

 

Kepala Pasar Baleendah, Ginanjar, ngaku bungah ku dimimitianana runtah diaakut teh. 

Baca Juga: Dandim 0612 Tasikmalaya Ngaresmikeun Masjid Al Gandara, Jamaah Mingkin Tumaninah

 

"Mudah-mudahan lancar di TPA-na. Taya pasualan anu ngalantarankeun runtah ti Pasar Baleendah teu tiasa kaakut," 

 

Ceuk Ginanjar, runtah nu ngahunyud di Pasar Baleendah teh téh lolobana mah pamiceunan ti luareun pasar. 

Baca Juga: Runtah Ngahunyud di Pasar Baleendah, Ceuk Beja Nu Katampa Rek Diakut Dina Poe Kemis

 

Ari Pasar Baleendah, ceuk Ginanjar, geus boga jadwal maneuh ngakut runtah poé Senen tepi ka Juma'ah.

 

"Sesah ditalingakeun, sabab warga di sabudeureun pasar memang teu gaduh palayanan TPS," pokna.***

 

 

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler