Koperasi Abdi Karya Bahari Ngabagikeun SHU Rp 375.000.000, Anggota Ngarasakeun Pisan Mangpaatna

26 Januari 2023, 16:17 WIB
Ketua Koperasi Abdi Karya Bahari, Ir. Wardini Mulatsari/Galura/Cecep KS /

GALURA - Koperasi Abdi Karya Bahari di lingkungan Dinas Kelautan & Perikanan (DKP) Prov Jabar, Kemis 26 Januari 2023 ngayakeun Rapat Anggota Tahunan (RAT).

Ketua Koperasi Abdi Karya Bahari, Ir. Wardini Mulatsari, dina laporanna netelakeun, Koperasi Abdi Karya Bahari teh minangka badan hukum No 013/PAD/XII.23/VI/KUKM & Perindag nu dikaluarkan ping 21 Juni 2010.

Ari anggotana, ASN di lingkungan DKP Jabar jeung sajumlah tenaga honorer.

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

Ditetelakeun, tepi ka ahir taun 2022, anggota koperasi jumlahna 198.

"Jumlah anggota saban taun pasang surut, aya nu asup aya nu kaluar, sawatara alesan, pangsiun, ngundurkeun diri jeung nu tilar dunya. Taun ayeuna bae ngurangan 16 urang, " cek Dini, nenehna Ir. Wardini.

Sataun campleng, cek Dini, hasil usaha koperasi taun 2022, ngawengku, tina Jasa Anggota nu Nginjeum Rp 408. 695.964; Provisi, Rp 51.262.500; Rukun gawe Koperasi Rp. 2.500.000; SHU ti PKPRI Rp 571.313; Jasa Kantin Rp 5.000.000; Hasil Bunga Bank Rp 5.134.681.

Baca Juga: Lolongok ka Museum Galeri Wayang Purwakarta, Aya Wayang Golek jeung Kulit, Kumplit jeung Gamelanna

"Jumlah panghasilan Rp 473.164.458," pokna.

Total hasil simpanan wajib ngahontal Rp 1.759.857.954, simpanan poko Rp 19. 800.000, dana cadangan Rp 680.143.997 jeung Dana cadangan resiko Rp 93.774.189. Jumlah sagemblengna, Rp 2.553.576.140. Sisa Hasil Usaha, kacatet, Rp 375.000.000

Nyutat tina eusi laporan, SHU nu gedena Rp 375. 000.000, gembleng dibagikeun ka sakumna anggota.

Baca Juga: Patekadan Luis Milla dina Laga Persib vs Borneo FC : Meunang, Neruskuen Tren Positif, 'Mayar Hutang'

Wincikanna, 45 persen tina Jasa Simpanan jeung Pinjaman nu jumlahna Rp 168.750.000; 25 persen tina Dana Cadangan nu jumlahna Rp 93.750.000; jeung 5 persen tina Dana Pendidikan nu jumlahna Rp 18.750.000.

Lian ti eta, 10 persen tina Dana Pengurus jeung Pengawas nu jumlahna Rp 37. 500.000; 5 persen tina Dana Sosial nu jumlahna Rp 18.750.000; 5 persen tina Dana Pembinaan Daerah Gawe nu jumlahna Rp 18.750.000.

Leuwih jauh Dini netelakeun, yen tujuan ngawujudna Koperasi Abdi Karya Bahari teh keur ngaronjatkeun potensi ekonomi jeung karaharjaan hirup anggota.

Baca Juga: Kick Off Persib vs Borneo FC Jadi Jam 15.30 WIB, Tanpa Panongton, Ieu Link Live Streaming Pertandinganana

Hal eta, diaku ku salah saurang anggota, H Nandang Muslim basa dikolongan ku Galura.

Cek manehna, ayana koperasi di lingkungan DKP Jabar, kawilang ngabantuna keur manehna jeung anggota sejenna.

"Baheula, akang nginjeum modal Rp 30 juta, keur meuli lahan, alhamdulillah, eta modal mangfaat. Kiwari akang boga lahan 2 hektar, jadi balong jeung kebon," pokna.

Baca Juga: Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

Saur manuk, Mimid Saputra, koperasi ngarojong dapur rumah tangga. "Ngan, tetep, kaparigelan SDM pangurus kudu leuwih dironjatkeun," pokna.

Ketua Badan Pengawas, Yudi, ST., MPSDA., manajemen koperasi katangen sehat. Ngan, cenah, nu mayar tunai kudu dieureunkeun, keur ngagampangkeun kontrol pembayaran.*** Cecep Ks

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler