Baheula kira abad 18, urang Cireundeu hirupna teu weléh ngarasa tunggara. Pasir tempat dumukna, tanahna hésé dipelakan ku paré. Anu jadi mah ukur beubeutian kayaning sampeu, hui atawa jagong. Ku sabab werit ku paré, hirup maranéhna téh asa miskin. Jalma anu teu mampuh dahar sangu (maksudna sangu dijieun tina béas paré), dianggap masakat.
Kaharti, lamun sapopoéna rayat téh ngan ngangluh jeung ngangluh. Tua kampung dina jaman harita, mikir beurang-peuting, kumaha akalna sangkan rahayat jamuga. Ku sabab kitu, tua kampung ngalalana ka jauhna, hayang ngihtiaran sangkan kahirupan rayatna ningkat. Basa anjog ka Cirebon, nampa amanat ti anu jadi tokoh agama di éta tempat.
Nya cenah ukur dibéré jampé hirup. Jampéna jiga anu ditulis di luhur, nyaéta :
Teu nanaon teu boga paré asal ngéjo
Teu nanaon teu ngéjo asal nyatu
Teu nanaon teu nyatu, asal hirup
teu nanaon teu nyatu asal hirup.
Anu kaharti ku tua kampung manusa téh kudu tahan uji dina nyanghareupan sagala kasusah hirup, ulah cééhan, ulah ngarasula, komo jeung nyalahkeun batur. Naha aya kitu, anu bisa hirup bari teu dahar? Ku manéhna diterangkeun hirupna manusa mah lain baé ku kadaharan anu asup kana peujit.
Di sabudeureun alam téh hirupna manusa ditunjel ku angin (hawa, udara), cai, taneuh jeung seuneu, cenah, ngandung harti manua teh “ngonsumsi” angina, cai, taneuh, hawa jeung seuneu. “Geuning dina dongéng, aya anu tapa 40 dinten 40 wengi teu dahar nanaon, teu paéh. Tapi lain hartina kabéh kudu kitu,” ceuk Kosasih seuri.