Makam Eyang Gajah Mekar di Kabupaten Bandung, anu Jaroh Saban Poe ti Peuting tepi ka Beurang

15 November 2023, 11:13 WIB
makam Eyang Gajah Mekar di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung unggal poe pada ngajorahan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Situs makam Eyang Gajah Mekar di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung unggal poe teu weleh pada ngajorahan. Beurang peuting. Ceuk sakaol Eyang Gajah Mekar kaluhurna teh Syeh Abdul Qodir Jaelani.

Saban tanggal 11 bulan Hijriah, di Pesantrèn Hidayatul Hikmah lembur Gajaheretan, Desa Gajahmekar, Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung digelar  pangajian jeung manaqib. Dideudeul ku jamaah tarèkat  ti saban wewengkon, malah aya nu ti saluareun  daèrah  mun ninggang dina bulan istimewa atawa  diluuhan ku tokoh nu gedè  pangaweruhna.

Komo deui basa tanggal  11 Rabiul Awal 14445 H, ninggang dina poè Kemis, tanggal 26 Oktober 2023, pasantrèn nu dipupuhuan  ku H.   Asep Moh. Hadimi (Mang Haji Abah) the  pada ngadeudeul jamaah ti suklak-siklukna. Kituna teh kawantu diluuhan ku Sayyid Ibrahim bin Amiin Muhammad Azhuhaibi  Azdjaelani.

Baca Juga: Ngarah Pikasieuneun, Memeh Dipake Topeng Bebegig Sukamantri Ciamis, Sapeuting Ditunda di Pajaratan

Sayyid Ibrahim bin Amiin Muhammad Azhuhaibi  Azdjaelani teh buyutna Syeh Abdiul Qodir  Al  Djaelani (Al Jilani) tokoh nu dipikaajrih ku jamaah pasantren. Syeh Abdul Qodir Al-Jilani tèh sufi kakoncara ti nagri Iran  nu teu  diragukeun  pangkat kawalianana, ulama fiqih mazhab  Hambali nu  dianggap mibanda   karomah nu luhur tur  banget  dipihurmat ku Sunni.

Syeh Abdul Qodir Al-Jilani dianggap Waliyullah nu pangagungna  tur  karamat, mibanda gelar Sulthonul Auliya  (rajana  para wali)  katut  Al-Imām Al-Quthubul Aqthāb (pamingpin jeung  panguasa sakumna  wali di dunya). Inyana tèh  Mursyid Kamil Mukammil sakaligus mupuhuan pakumpulan Thoriqoh Qodiriyah.

Ajaranana  sumebar  ka sakuliah dunya, nyababkeun aliran tarekat   loba dianut. Panganut  tarekat  teu welèh ngayakeun  manaqib jeung  haul pikeun  mihurmat, samalah dina  bulan Rabiuts-Tsani  sok diayakeun panghurmatan gedè pisan  ku sakumna panganutna  di sakuliah dunya, kaasup di nagara urang.

Eyang Dalem Gajah Mekar

Teu aya  jujutan  tinulis tali panyambung  antara  Syeikh Abdul Qodir Al-Jilani  jeung Tumenggung Rangga Adi Kusumah atawa nu katelah Eyang Dalem Gajah Mekar nu situs makamna aya di  lembur Gajaheretan RT 02/14 Desa Gajahmekar Kecanatan Kutawaringin nu ukur sababaraha meter ti pesantren Hidayatul Hikmah.

Baca Juga: Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Guludug, Geus Ditewak ku Ageng Selo

Ngan, tepi ka danget ayeuana  makam Eyang Dalem Gajah Mekar saban poè sok diziarahan ku jalma  ti mamana, sakumaha manaqib di pesantren Hudayatul Hikmah. Ditètelakeun ku pupuhu pasantrèn Hidayatul Hikmah, KH. Asep Moh. Hadimi, nu ziarah ka makam Ayang Dalem Gajah unggal peuting aya, ti Isya tepi ka subuh.

Ceuk Abah Amang atawa  Amang  Haji nenehna H. Asep Moh Hadimi, saha waè nu ziarah ka makam Eyang Dalem Gajah Mekar, ti kalangan mana waè, deuk pangusaha atawa politikus, Abah Haji teu apal paniatan jeung kahayangna. Ngan, Abah ngahempèkeun,  ngajurung doa sangkan pamaksudan nu hadè tinekanan.

“Saha waè mangga ngadoa, sareng didoakeun maksad saèna tinekanan, saha waè, “ ceuk Abah Amang Haji basa marengan adina  nu rèk manggung dina pemilihan anggot leguslatif DPR RI ziarah, soan ka makam indung bapana nu sakomplek di makam Eyang Dalem Gajah, sawatara waktu ka tukang.

Eyang Dalem Gajah Mekar tèh waliyulloh. Ceuk Abah Haji, Eyang Dalem Gajah tèh bangsawan panguasa setempat nu nyebarkeun agama Islam. Pangna katelah Eyang Dalem Gajah, ku lantaran inyana  boga kaistimewaan  bisa meruhkeun  anak gajah nu tadina galak  jadi lindeuk jeung nurut. Eta sababna ku kolonial Walanda, dileler cindramata patung gajah.

Baca Juga: Ngaran Anak Sasatoan dina Bahasa Sunda

Dina nyebarkeun agama Islam, Eyang Dalem Gajah Mekar dibantu ku   Tuan Bilala  nu katelah Gajaheretan, Eyang Aduy (Gajah Kantor), Eyang Reksabudin (ti Bojong), Eyang Kamasan (ti Daraulin), jeung Eyang Nasbulloh (ti Daraulin). Bojong jeung Daraulin  tepi ka kiwari ngarupakeun ngaran lembur di lelewek Desa Gakahmekar.

Tuan Balila, urang Walanda

Di Situs Makam Eyang Dalem Gajah Mekar aya sababaraha hiji makam, ngan  anu kaceluk jeung nu sok dijarohan mah makam Eyang Dalem Gajah. Ceuk Abah Amang Haji, aya dua waliyulloh di Situs Eyang Dalem Gajah teh. Iwal  ti Eyang Gajah, aya nu pangdeukeutna jeung Eyang Gajah: Tuan Bilala, cenah mah urang Walanda.

Tuan Bilala tèh  ceuk Abah Amang, duka pangusaha duka  menir, pagawe kolonial. Inyana datang ka Jakarta, tepung jeung Dalem Eyang Gajah Mekar. Kaluar tina agama nu diagemna harita, ninggalkeun kagiatan kadunyaan, satuluyna milu ka mana waè Eyang Dalem Gajah Mekar nyiarkeun agama. Teu jentre saha ngaran aslina, ukur kawentar ku ngaran nenehna.

Di Situs Makam Eyang Dalem Mekar nu legana kana 400 meter pasagi  aya wangunan nu di hususkeun keur Makam Eyang Dalem Gajah. Ari makam Tuan Bilal mah kalèreun  makam Eyang Dalem Gajah, ukur anggang 4- 5 mèter ti makam Eyang Gajah. Cungkup makam Eyang Gajah mah kana 5 x 5 meter pasagi, disambung bèntèng makam.

Aya rohangan nu ditiungan tempat nu ziarah, ngadung hareupuen makam. Aya rak buku dipernahkeun sababaraha hiji kitab, lolobana mah Surat Yasin. Ari makam Tuan Bilala mah  wangunana rada leutik, sakir 3x 3 meter pasagi, keur tempat nu ziarah, makamna mah diluareun eta wangunan.

Rada anggang ti makam, aya sababaraha hiji wangunan permanen, kawas tempat kost, disayagikeun keur tamu husus atawa nu ziarah ti luar daerah nu perlu reureuh. Saperti harita, buyutna Syeh Abdul Qodir Al-Jilani, Sayyid Ibrahim bin Amiin Muhammad Azhuhaibi  Azdjaelani dipernahkeun di èta rohangan.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler