Sababaraha Toko Legendaris di Kota Bandung, Boga Ajen Sajarah tur Numuwuhkeun Akulturasi Budaya

13 Februari 2023, 13:05 WIB
Sababaraha toko legendaris di Kota Bandung nu mibanda ajen sajarah, tur ngawarnaan dinamika kamekaran kota jeung akulturasi budaya.*/FB /

GALURA - Sababaraha toko legendaris di Kota Bandung nu kungsi populer dina mangsana.

Eta sababaraha toko legendaris teh minangka toko heubeul nu ngawarnaan dinamika kamekaran Kota Bandung.

Katambah deuih, sababaraha toko legendaris di Kota Bandung teh tetela mibanda oge ajen sajarah.

Baca Juga: Memeh Sidang Vonis Verdy Sambo jeung Putri Candrawathi, Aya Sterilisasi Gegana di PN Jakarta Selatan

Kana sababaraha eksistensi toko legendaris di Kota Bandung, saeutik gedena aya rupa-rupa pangalaman personal warga, upamana sual usahana nu dituluykeun ku entragan satuluyna.

Laju tumuwuhna rasa kakaluwargaan lagu balanja, jeung fungsi sosial eta toko legendaris di lingkungan Kota Bandung sabudeureun.

Tah, di satengahing mahabuna retail-retail nu meh sumebar di unggal tempat, ieu aya sababaraha toko legendaris nu masih tetep eksis di Kota Bandung tepi kiwari.

Baca Juga: Kampung Mahmud Bihari jeung Kiwari, Imah Panggung geus Langka

Sakumaha nu kaunggel dina catetan Deddy Wahjudi/Tim LABO, kaguar aya sababaraha toko legendaris di Kota Bandung nu masih eksis.

Aya Toko Engseng di Jl. Japati, Kota Bandung, nu ngadeg taun 1938.

Posisina teh hook, bentuk hateupna has, tur pedestrian nu kawilang lega nu dimangpaatkeun minangka tempat reureuh nu balanja ka toko.

Baca Juga: Nungguan Vonis keur Ferdy Sambo jeung Putri Candrawathi, Sidang Rajapani Brigadir J Poe Ayeuna

Bentuk fisik wangunan Toko Engseng angger kitu ti babaheula, ukur genti panto jeung warna wangunan.

Dagangan has di ieu toko antarana jarum ngaput, odol Gibs, jeung bedak Vinolia nu pada diteang ku kolektor barang klasik.

Eta ngajadikeun Toko Engseng minangka musieum sababaraha produk langka.

Tuluy aya deui Toko Foet, di Jl. Rama No. II A, Kota Bandung, nu ngadeg kira taun 1934.
Ieu toko ngajual aneka kadaharan jeung pangabutuh sapopoe.

Baca Juga: Eyang Mahmud Ceuk Hiji Kaol Tadina Prajurit Mataram nu Seunggah Balik deui ka Mataram

Produk heubeul nu has nyaeta bedak Kelly, urang aring, katut lilin Cap Kelinci.

Posisina ge hook, sarta bentukna kembar jeung wangunan di peuntaseunana. Lir gapura nu ngahapit jalan.

Bentuk fisik wangunan toko masih orisinil. Laci, rak-rak meja, alat timbangan, keler-keler kueh, panto, ubin, kusen, katut palapon, masih karawat apik.

Baca Juga: Mat Peci, Antara Garut jeung Bandung, Ngageunjleungkeun Nagara

Demi nu sejenna, nyaeta Toko Tengah di Jl. Cilaki No. 7, Kota Bandung, nu ngadeg taun 1950-an.
Pajah nu mere ngaran Toko Tengah teh nya ku masarakat sabudeureun we, pedah perenahna di tengah-tengah di antara tilu toko nu aya di Pasar Cilaki (ayeuna mah kari ieu toko we nu masih aya).

Dimimitian ku ukur ngajual lisah tanah katut sayuran, tur antukna jadi warung.

Akulturasi budaya ngawujud di pasar atawa di toko saperti di eta toko-toko legendaris di Kota Bandung. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler