APBD Kabupaten Bandung Rp 6 Triliun, Dina Musrenbang Rp 200 Miliar

- 7 Februari 2023, 20:30 WIB

GALURA-Anggaran pangwangunan di Kabupaten Bandung, dina RKPD 2024 badagna Rp 200 Miliar.

Leuwih leutik lamun dibandingkeun reujeung badagna APBD Kabupaten Bandung nu ngahontal Rp 6 Triliun.

Anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Yanto Setianto, ngaku prihatin patali kawijakan  anggaran  dina Musrenbang RKPD 2024 kitu teh

Baca Juga: Walungan Cikahyangan Remen Mudal, Dadan Konjala : Perlu Dikeruk Pikeun Ngurangan Caah

"Hariwang nu diusulkeun masarakat teu kacumponan.Sedengkeun kanggo kapentingan politis dipayunken, " ceuk politisi Golkar ieu satutas monitoring Musrenbang tingkat Kecamatan Margahayu, Salasa (7/2/2023). 

Ceuk Yanto, usulan anu ditepikeun dina musrenbang téh, salah sahiji lawang asupna usulan masarakat ti handap kana Rencana Kerja Pembangunan Daerah (RKPD) .

"Sabab RKPD téh disusun dumasar usulan  ti Musrenbang  jeungu sulan tina aspirasi nu kajaring ku para anggota dewan liwat reses, " pokna. 

Baca Juga: Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil

 

Idealna, ceuk  Yanto,  anggaran ieu keur nu aya hubunganana jeung target kinerja.

Hartina anggaran nu kawilang badag teh, enya-enya aya mangfaatna kanggo masarakat,"

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah