Versi Asal Asal usul Nyi Roro Kidul Lianna: Julukan keur Mayang Sagara, Siwi Dewi Purnamasari

9 Februari 2023, 12:30 WIB
Dewi Purnamasri sanggeus Pajajaran runtag, lunta ka basisir kidul, ngababakan. Babakanana dingaran Palabuanratu, siwina dijulukan Nyi Roro Kidul (Foto: Nanang S). /

GALURA -Aya deui versi asal usul Nyi Roro Kidul netelakeun Nyi Roro Kidul teh julukan keur Mayang Sagara, siwi Dewi Purnamasari.

Sanggeus Pajajaran runtag, kulawarga Pajajaran paburencay, Dewi Purnamasari nu keur kakandungan lunta ka basisir laur kidul. Ngababakan sarta ngalahirkeun Mayang Sagara.

Dewi Purnamasari teh salahsaurang siwi Prabu Siliwangi, siwi Prabu Nusia Mulya. Waktu ngungsi ka basisir kidul keur kakandungan ku Mayang Sagara.

Baca Juga: Putri Kendita, Siwi Prabu Siliwangi, Ditenung laju Tatapa di Basisir Laut Kidul, Dilandi Nyi Roro Kidul

Dina hiji cacandran disebutkeun Mangsakala Bahla Cai Sagara Ngumpul Pakuan Pajaran sirna ing bumi. Mangsakala Bahla Cai Sagara Ngumpul téh candarakala nu nuduhkeun taun 1526 M.

Pakuan Pajaran sirna ing bumi hartina Pakuan Pajajaran sirna atawa tilem atawa ngaleungit di alam pawenangan.

Kulawarga raja Pajajaran jadi paburencay, lalunta ka wewengkon nu béda lantaran terus-terusan diudag ku Banten. Dewi Purnamasari nyalametkeun diri ka pakidulan dibarengan ku puragayabayana, Rakéan Kalangsunda.

Sanggeus tilu bulan kalunta-lunta bari sasalingkeran ahirna anjog ka muara Ci Mandiri nu ayeuna mah kabawah ka Kabupatén Sukabumi.

Baca Juga: Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul

Saméméhna Dewi Purnamasari anu harita keur kakandungan tilu bulan meunang tunggara. Carogéna, Rahiyang Kumbang Bagus Sétra, gugur waktu ngalawan Jaya Antea.

Jaya Antea teh manten menteri Karajaan Pajajaran anu biluk ka Banten, milu ngaburak-barik sakumna katurunan raja Pajajaran.

Dewi Purnamasari tuluy muka pakampungan anu disebut Babakan Cidadap. Cidadap teh ngaran wahangan, dingaranan Cidadap ku sabab di huluna aya tangkal dadap.

Dalapan taun ti saprak ngababakan, tanggal 1 Mangsa Bhakti (bulan 12 kalénder Pajajaran) taun 1445 atawa tanggal 24 Maret 1550 Maséhi, Cidadap diresmikeun jadi Kapuunan.

Cidadap ogé dijadikeun palabuan, ngaran wewengkonna Palabuan Nyai Ratu nu saterusna robah jadi Palabuanratu. Dewi Purnamasari diangkat jadi Ratu Puun.

Diwastuna (diistrénana), bareng jeung Kuwera Bhakti, upacara ngagungkeun Déwi Kasuburan Paré, Sang Hiyang Ambu Sri Rumbiyang Jati, jeung Déwi Kasuburan Taneuh, Sanghiyang Ayah Kuwera Bumi.

Baca Juga: Mundi Ing Laya Hadi Kusumah, Salawasna Tapa, Manusa bakal Bisa ka Jagat Jabaning Langit

Dewi Purnamasari jadi Ratu Puun salila 15 taun (1535-1550 M). Palabuanratu satuluyna dipasrahkeun ka Mayang Sagara, siwi (anak wanoja) hiji-hijina Dewi Purnamasari.

Upacara ngistrénanna dibarengkeun jeung Labuh Saji, ritual nu diayakeun unggal taun keur ngahormat Sang Guriang Sagara nu ngawasa lautan.

Mayang Sagara dijulukan Nyi Roro Kidul, pedah jadi pupuhu di darat jeung di laut kidul.

Dewi Purnamasari saterusna tatapa tepi ka tilarna di Ki Hara Papak di sabudeureun Gunung Sireum wewengkon Jampang Tengah ayeuna.

Sanggeus Kapuunan Mayang Sagara dikawasa ku Mataram jeung wadya baladna, ngaran Dewi Purnamasari, Mayang Sagara, kitu deui patilasanana kapopohokeun.

Dina milangkala Kabupaten Sukabumi, kawasna jasa-jasa Dewi Purnamasari kudu diguar.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler