Dunya Usaha di Urang Kalindih ku Produk Luar Kitu Ceuk Longser Bandung Mooi

- 2 Januari 2024, 14:00 WIB
 Pagelaran Longser Bandun.*g Mooi  judul “Kawin Paksa -_Kapaksa Kawin” Sutradara Hafidz Permana, anu magelaran di Gedung GPK (YPK) Jalan Naripan, Dayeuh Bandung Saptu peuting (16/12/2023)
Pagelaran Longser Bandun.*g Mooi judul “Kawin Paksa -_Kapaksa Kawin” Sutradara Hafidz Permana, anu magelaran di Gedung GPK (YPK) Jalan Naripan, Dayeuh Bandung Saptu peuting (16/12/2023) /Asep GP/galura.co.id

“Abdi saparakanca berkesenian ngangkat tina realita (kanyataan) nu aya sangkan kabaca ku masarakat, deuekut jeung masarakat,  tiasa ngageuing masarakat  sangkan sadar ku kaayaan. Abdi mah remen magelarkeun carios anu sipatna sosio kritik ,  malih ngaharib-harib kana pulitik.  Lian ti  eta  oge nyorot pasualan lingkungan anu keuna limbah sareng pinuh ku runtah. Nya naon wae saniskara kajadian nu aya di masarakat  ku abdi didamel naskah Longser kanggo ngageuing pamarentah sareng   masyarakat, ku media seni Longser, “ kitu ceuk Hermana, anu nyebutkeun cenah sabenerna Longser mah jiga nu ngabojeg tapi bari jeung peurih ningal kaayaan (satire).

Bandung Mooi ngadeg taun 1996 ditaratas ku para nonoman, sarjana anu kakara lulus ti ASTI/ISBI, IKIP/UPI, Unpad, anu hayang nyieun kagiatan seni di  Dayeuh Bandung jeung mekarkeun  seni budaya Sunda.

Katompernakeun kulantaran baroga pagawean sewang-sewangan aya nu jadi Pelukis, Jurnalis(wartawan), jeung jadi Mbos pausahaan , nya diteruskeun ku Hermana, kawantu inyana mah lulusan Jurusan Teater ISBI Bandung,  nepi ka baranahan medalkeun sababaraha generasi panerus nepi ka kiwari.

Berkah nepi kawari Bandung Mooi  umurna geus 27 taun (ngadeg ping 26 September 1996, sapoe satutasna Milangkala  dayeuh Bandung), terus magelaran nyoarakeun kereteg hate rayat jeung nyurahan jaman,  di dayeuh Bandung jeung Jawa Barat.

Baca Juga: Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn, ti Seni Rupa ITB ka ISBI Bandung

Longser Bandung Mooi, kabeneran diadegkeunana di YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan kiwari jadi Gedung Pusat Kebudayaan), anu mangsa harita keur jadi rebutan, rek dijieun pakantoran, tapi  ku para seniman didemo nepi ka batalna.

Rencana kahareupna   Longser Bandung Mooi  rek terus dimekarkeun, nyieun karya-karya anyar, kaasup tarianana jeung musik pangiringna (gamelan), kaasup pormatna anu rada modern.

“InsyaAlloh taun payun Bandung Mooi baris ngayakeun 5 kali pagelaran, ngideran dayeuh Bandung kalebet di YPK. Malih  ping 24 januari 2024 bade kolaborasi (adu manis) sareng 200 pelajar ti Banten magelaran sareng,  anu sateuacanna para siswa teh bade dipasihan workshop, diwanohkeun kana Longser, “ Ceuk Hermana, mungkas wangkongan.*** Asep GP

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah