Dunya Usaha di Urang Kalindih ku Produk Luar Kitu Ceuk Longser Bandung Mooi

- 2 Januari 2024, 14:00 WIB
 Pagelaran Longser Bandun.*g Mooi  judul “Kawin Paksa -_Kapaksa Kawin” Sutradara Hafidz Permana, anu magelaran di Gedung GPK (YPK) Jalan Naripan, Dayeuh Bandung Saptu peuting (16/12/2023)
Pagelaran Longser Bandun.*g Mooi judul “Kawin Paksa -_Kapaksa Kawin” Sutradara Hafidz Permana, anu magelaran di Gedung GPK (YPK) Jalan Naripan, Dayeuh Bandung Saptu peuting (16/12/2023) /Asep GP/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Longser teh  salasahiji jenis teater rayat anu hirup di Priangan, Jawa Barat.  Longser   biasa dipagelarkeun langsung di hareupeun nu lalajona ngariung, ngalampar teu make panggung, tempat jeung dialohna ge taya wates jeung nu nongton, sok ngalibetkeun nu nongton.

Ciri anu mandirina sok aya obor make tihang (Colen) keur paneranganana, tandaning Longser derna magelaran sok ti peuting di pakampungan, rengse reureuh digarawe. Dina Longser ge sok aya nu ngibing (ronggeng) jeung bobodoranana saleger pinuh ku kririk sosial, sarta jalan caritana nyokot tina kanyataan anu keur rame di jamanna. Kitu, kira-kira Longser teh.

Kabuktian dina Pagelaran Longser Bandung Mooi  judul “Kawin Paksa -_Kapaksa Kawin” Sutradara Hafidz Permana, anu magelaran di Gedung GPK (YPK) Jalan Naripan, Dayeuh Bandung Saptu peuting (16/12/2023).

Baca Juga: Genep Seniman Lukis ti Komunitas Seni Rupa Gradasi Kabupaten Bandung Aub kana Festival Art Tasik

Anu caritana ngangkat dunia pausahaan, utamana   pausahaan tekstil  di Bandung jeung Jawa Barat  anu keur sumedeng bangkrut sabab produkna kaereh ku produk luar (deungeun, asing) anu leuwih murah jeung teu make pajak, alhasil produk tekstil di urang ge jadi teu payu

Lamun pausahaan di urang bangkrut, tanggtu bakal loba nu nganggur. Geus kitu tanggtu bakal roronjang demi nyubadanan kabutuh hirupna sapopoe. Antukna kapaksa nginjeum duit ka bank empok, rentenir, lentah darat jeung anu sohor kiwari Pinjol (Pinjaman Online) anu  gede ribana, malah nembrak dina media massa,   loba kajadian aya mahasiswa atawa pamuda anu luluasan nelasan maneh lantaran kajiret ku Pinjol ieu.

Dina Longser Bandung Mooi ge hal ieu disorot pisan saluyu jeung judul, lantaran teu bisa mayar pinjol, antukna budak parawanna nu jadi boreh, dikawinkeun kalayan paksa. Tapi dasar Longser, si budak parawan nu rek pangantenan teh ku kolotna diganti ku lalaki didangdanan badis panganten istri.

Kabayang alager-ageranna nu lalajo harita. Komo  nyaksian kalakuan Mr. Jun bentangna Bandung Mooi mah, kacida dianti-antina nolol maen magelaran ku bojeganana anu saleger jeung pikaseurian. Atuh anu nyawer ge sung song ka panggung ngawur-ngawur pulus.

Baca Juga: Salila 2023 Ngahasilkeun 50 Lukisan Kota Tua, Lukisan Ahir Taun R Cahyadi

“Abdi saparakanca berkesenian ngangkat tina realita (kanyataan) nu aya sangkan kabaca ku masarakat, deuekut jeung masarakat,  tiasa ngageuing masarakat  sangkan sadar ku kaayaan. Abdi mah remen magelarkeun carios anu sipatna sosio kritik ,  malih ngaharib-harib kana pulitik.  Lian ti  eta  oge nyorot pasualan lingkungan anu keuna limbah sareng pinuh ku runtah. Nya naon wae saniskara kajadian nu aya di masarakat  ku abdi didamel naskah Longser kanggo ngageuing pamarentah sareng   masyarakat, ku media seni Longser, “ kitu ceuk Hermana, anu nyebutkeun cenah sabenerna Longser mah jiga nu ngabojeg tapi bari jeung peurih ningal kaayaan (satire).

Bandung Mooi ngadeg taun 1996 ditaratas ku para nonoman, sarjana anu kakara lulus ti ASTI/ISBI, IKIP/UPI, Unpad, anu hayang nyieun kagiatan seni di  Dayeuh Bandung jeung mekarkeun  seni budaya Sunda.

Katompernakeun kulantaran baroga pagawean sewang-sewangan aya nu jadi Pelukis, Jurnalis(wartawan), jeung jadi Mbos pausahaan , nya diteruskeun ku Hermana, kawantu inyana mah lulusan Jurusan Teater ISBI Bandung,  nepi ka baranahan medalkeun sababaraha generasi panerus nepi ka kiwari.

Berkah nepi kawari Bandung Mooi  umurna geus 27 taun (ngadeg ping 26 September 1996, sapoe satutasna Milangkala  dayeuh Bandung), terus magelaran nyoarakeun kereteg hate rayat jeung nyurahan jaman,  di dayeuh Bandung jeung Jawa Barat.

Baca Juga: Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn, ti Seni Rupa ITB ka ISBI Bandung

Longser Bandung Mooi, kabeneran diadegkeunana di YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan kiwari jadi Gedung Pusat Kebudayaan), anu mangsa harita keur jadi rebutan, rek dijieun pakantoran, tapi  ku para seniman didemo nepi ka batalna.

Rencana kahareupna   Longser Bandung Mooi  rek terus dimekarkeun, nyieun karya-karya anyar, kaasup tarianana jeung musik pangiringna (gamelan), kaasup pormatna anu rada modern.

“InsyaAlloh taun payun Bandung Mooi baris ngayakeun 5 kali pagelaran, ngideran dayeuh Bandung kalebet di YPK. Malih  ping 24 januari 2024 bade kolaborasi (adu manis) sareng 200 pelajar ti Banten magelaran sareng,  anu sateuacanna para siswa teh bade dipasihan workshop, diwanohkeun kana Longser, “ Ceuk Hermana, mungkas wangkongan.*** Asep GP

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah