Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn, ti Seni Rupa ITB ka ISBI Bandung

- 26 Desember 2023, 14:30 WIB
Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn.
Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn. /galura.co.id/

 

GALURA.CO.ID -Dongéng kahirupan seniman di mana-mana sok nyeni waé, unik, ékséntrik, rék seniman otodidak rék seniman akademik, loba nu mahiwal tapi nyeni, jeung perjuanganana picontoeun balaréa.

Saperti riwayat Dr. Supriatna, S.Sn., M.Sn., Dékan Fakultas Seni Rupa dan Désain Institut Seni dan Budaya Indonesia (ISBI) Bandung. Ti mimiti keur leutikna, keur sakola kénéh di SD (SD Ciroyom Bandung), resep merhatikeun tatanggana nu ngalukis  béca ku cét Avian atawa cap Kuda Terbang, maké téhnik totol jeung ciprat. Inyana nyoba-nyoba nurutan ngagambar dina buku gambar, bari susulumputan da loba nu moyokan, tapi teu miceun pangaresepna tepi ka SMP (SMPN 1 Bandung, éntragan 1980) jeung SMA (SMAN 4 Bandung, 1983).

Malah mah saterusna, 1986, Supriatna katampa di Fakultas Seni Rupa dan Désain (FSRD) ITB, Jurusan Seni Murni (lulus 1996), anu satuluyna neruskeun ka S2 jurusan jeung fakultas nu sarua di ITB (lulus 1999). Taun 2000, Supriatna ngagabung jeung ISBI Bandung (harita masih Sekolah Tinggi Seni Indonesia/STSI), kabeneran cénah aya Program Studi (Prodi)/Jurusan Seni Rupa. Sataun ti harita resmi wé jadi pagawé.

Baca Juga: Wayang Geugeus ti Lembur Siluman Rawa Onom Kota Banjar

Karir Supriatna kaasup nyongcolang, taun 2003 dipercaya jadi Ketua Program Studi (Kaprodi) Kriya Seni. Teu cukup ku kitu, Supriatna gé taun 2008 nyuprih elmu Komunikasi Seni di Pascasarjana Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, sarta lulus 2013 (S3) kalawan disertasina Komunikasi Visual Kuda Rénggong. Antukna taun 2019 dipercaya jadi Dékan FSRD ISBI Bandung.

Sabenerna karirna di ISBI nu nyongcolang téh, teu gampang dicangkingna. Supriatna kudu nyaluyukeun élmu seni rupa beunangna ti ITB jeung seni rupa nu aya di ISBI Bandung nu mémang béda. Di ITB, Supri (kitu nénéhna) nyuprih Seni Murni. Di mana lamun ngalukis payung, nyieun keramik, grapis hasil tina éksprési murni lain seni paké, lain kriya sumawonna désain, tapi éstu murni tina ungkapan diri senimanna.

Ari di ISBI mah seni rupana Kriya Seni, tapi dasarna kana Pintonan/Pertunjukan, sabab awalna mémang ISBI mah kana seni pertunjukan, tari, téater, karawitan,  jadi kriya senina teu kawas seni kriya di  ISI Yogya nyieun karajinan, jsb,  tapi di ISBI Bandung mah diarahkeun kana pertunjukan, upamana nyieun zirah,  jamparing, sétting, jeung property lianna.

“Jadi simkuring kedah diajar deui ti enol. Tapi da dua taun sateuacan ngagabung jeung ISBI, simkuring gé kungsi ngiringan grup téater Kang Diyanto jeung Kang Tisna Sanjaya. Lian ti kitu, simkuring gé kantos ngawulang téater di SMA Bina Dharma, ku kituna jadi remen maca buku téater jeung praktékna. Atuh nalika gabung jeung ISBI téh teu ngatog teuing, katambih waranoh ka pamaen téater nu di ISBI,” kitu ceuk Supriatna.

Nya Birokrat Nya Seniman

Nalika jadi Kaprodi Kriya Seni, Supriatna boga kahayang ngadegkeun Program Sarjana (S1) Seni Rupa Murni. Sabada nyusun proposal jeung Pa Andi (suargi), alhamdulillah berkah perjuangan taun 2010 kaluar SK ti Kemenristék, sarta sataun ti harita kaluar ogé mandat ti Dikti pikeun ngalumangsungkeun program  D4 studi Tatarias Busana. Jadi ku kituna di Seni Rupa ISBI Bandung aya D3 Kriya Seni, S1 Seni Murni, jeung D4 Tatarias Busana. “Tatarias Busana téh saleresna dina seuhseuhanana mah désain mode, mung Dikti nyuhunkeun namina  Tatarias Busana, nya teu nanaon. Jadi, Fakultas Seni Rupa dan Désain ISBI téh jangkep ngawengku Seni Murni, Kriya, jeung Désain,” pokna.

Baca Juga: Pameran Republik Sandal Jepit Serupa Sekata, Gurat Lalakon Karya Nyata

Salian jadi birokrat pingpinan di ISBI Bandung, Supri gé angger jadi seniman. Aliran mah kumaha Kurator wé cénah gé, sabab inyana embung katalikung ku hiji  gaya. Lamun di ITB gambarna rada abstrak-éksprésif,  non piguratif,  leuwih condong kana tarikan koas, tapi nalika gabung jeung ISBI mah bentukna balik deui kana wangun piguratif, lolobana lukisan penari, da cénah, di ISBI mah atmosfir-na Sunda, atmosfir pertunjukan.

Supriatna brukbrak, lamun merhatikeun wanoja, pinuh  misteri jeung salawasna narik kana haté, bisa sénsual, bisa sakral ngawujud hiji indung nu kudu dipihormat jeung dibéré panyalindungan, seug komo penari nu laleuleus, lalempay badis widadari nu tinggarupay. Tah, penari nu jadi objek lukisan Supriatna mah dina nalika keur dangdan, nyisiran, menerkeun samping, karémbong, sampur, jsb, lain dina keur derna ngibing nu geus éksprésif, tapi nu natural kénéh. Lukisan penari éta kungsi dipamérkeun di China, judulna gé Sebelum Menari.

“Jadi, lukisan simkuring kiwari mah kapangaruhan ku lingkungan ISBI, rada ngiser. Batur-batur papada seniman gé seueur nu naroskeun, ku naon robah pisan. Muhun, pédah alim katalikung ku hiji gaya. Sok sanajan mupus ciri nu mandiri-brand, matak bingung aprésiator ka mana loyogna, tapi keur simkuring seni mah sanés kanggo jalma lian tapi éstu pikeun kasugemaan diri pribadi,” pokna tandes.

Istilahna, dahar kangkung unggal poé mah matak bosen, Supriatna hayang terus ngasah kaparigelanana ku gambar anatomi anu hadé,  proporsi nu hadé jeung rupa-rupa warna. Da keur nu ngarti jeung telik kana lukisan mah moal kaporong tina corétan, gorésanana gé pasti katohyan lukisan saha-sahana, da pelukis mah boga ciri séwang-séwangan, sok sanajan ganti aliran gé.

Hal éta kaalaman nalika Supriatna ka Hotél De La Rosa di Lémbang. Nalika asup ka sweet room, gebeg téh bet jiga lukisanana nu dijieun taun 1991, karya tingkat ahir nalika keur kuliah di  FSRD ITB, kumplit jeung tandatanganna “Prie”. Berebey téh teu ku hanteu cimata Supri harita bedah, badis hiji kolot panggih deui jeung nu jadi anakna sanggeus mangtaun-taun papisah. Kapan lukisan mah curahan hati. Ingeteun, éta lukisan téh nu dijual dina mangsa taun 1990-an da mémang harita keur booming lukisan. Tapi barang dideukeutan, disasar, dirarampa, sihoréng éta lukisan abstrak téh lain asli tapi répro-na. Sanggeus ditanyakeun ka patugas hotél sihoréng meunang meuli dununganana cénah ge ti Bali, beu!

Baca Juga: Tari Awi Ayo Sunaryo, Ngebrehkeun Awi Dalit jeung Urang Sunda

Lukisan Supriatna, lian ti dikoléksi ku koléktor ti Jepang jeung Malaysia, jeung kungsi work shop di  Washington DC Amérika téh, rébuan karyana sumebar di babaturanana, di dulurna, malah aya nu dikoléksi ku Aom Koesman (suargi). Kalan-kalan réngsé ngalukis jeung dipiguraan langsung diinjeum ku babaturanana, kapanggih-kapanggih geus sapuluh taun basa ulin ka imah babaturanana téa.

Karya lukisna geus dipamérkeun di sakuliah nusantara jeung mancanagara, kawantu ISBI (ti jaman STSI kénéh) maneuh sok miluan Féstival Kesenian Indonésia nu digelar dua taun sakali. Atuh inyana bisa milu ka mana-mana, ka Padangpanjang, Surabaya, Yogya, Solo, Bali, jsb. Di luar nagri mah kungsi ka Jepang, Malaysia, jeung China, malah geus aya tawaran ka Paris jeung London, sarta taun 2020 ka Bangladésh da kabeneran nu dipéntana dosén nu ngarangkep jadi seniman.

Mahasiswa Seni Rupa dan Désain ISBI Bandung kiwari aya 300 urang, pinuh sabenerna mah cénah gé keur kampus nu leutik mah, idéalna 30 urang dina sakelasna. Tapi keur ngudag student boddy jadi kampus Badan Hukum Pendidikan (BHP) jadi 40 per-angkatan  kali 3 jurusan-plus 10. Pasesedek. “Numawi, barudak tingkat hiji pami ngadamel patung téh dugi ka dina téras. Tapi keun sina kalatih méntalna, tur tiasa berinteraksi langsung jeung objék, engké rupina di kampus nu anyar di Bandung Barat mah laluasa,” pokna pinuh pangharepan.

Lulusan FSRD ISBI Bandung sarua jeung  FSRD ITB, jadi seniman (Sarjana Seni) cénah gé. Ngan bédana, ITB mah tumalina jeung konsép téknologi ka ayeunakeun, hal nu up to date, sedengkeun di ISBI mah ku Supri dicoba dirarancang, élmuna tetep ti Barat tapi kajianana ti Timur, upamana nyieun lukisan kaca ku média komputer. “Jadi ngadamel karya ku  pangaweruh Barat bari teu ninggalkeun akar budaya urang,” pokna, mungkas wangkongan.*** Asép GP

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x