Dani Yusup Edi Putra, Dalang Cilik ti Desa Kaso, Sirung Pidalangeun Moyan ti Kabupaten Ciamis

- 6 Desember 2023, 08:07 WIB
Kaasup keneh dalang cilik Dani Yusup Edi Putra, siswa, kelas IX SMPN 1 Tambaksari, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis, teh. Gede harepan jadi dalang moyan.
Kaasup keneh dalang cilik Dani Yusup Edi Putra, siswa, kelas IX SMPN 1 Tambaksari, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis, teh. Gede harepan jadi dalang moyan. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kaasup keneh dalang cilik Dani Yusup Edi Putra teh, masih keneh sakola, kelas IX SMPN 1 Tambaksari, Kecamatan Tambaksari. Dani Yusup seuweuna kuwu (kepala desa) Kaso, Kecamatan Tambaksari,  Edi Kurnadi. Ngadalang di panggung karek dua taun jalan, mimiti manggung taun 2021, waktu Desa Kaso ngareuah-reuah milangkalana.

“Waktos ngandeg ku Dani, ku pun anak, ti umur kakandungan 4 sasih, pun bojo resepeun pisan ngabandungan pagelaran wayang golek,” ceuk Edi. Ngabandunganana pagelaran wa­yang golekna teh tina radio jeung tina VCD. Malah mah waktu ngalahirkeunana oge, bari ngabandungan siaran wayang golek.

Teu nyana Dani ti balita mula resepeun ngabandungan pagelaran wayang golek,  boh tina radio boh tina vcd. Dalang kameumeut Dani teh dalang Riswa nu ngaran lengkepna Umar Darusman Sunandar, dalang sohor nu asalna ti Desa Bingkeng, Kecamatan Dayeuhluhur, Kabupaten Cilacap, Jawa Tengah, sarta saterusna dumuk di Ciwastra Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Lulusan Otomotif SMKN 2 Banjar, Nuryanto Tirayana, Dalang Ngora Potensial ti Desa Bunter Kabupaten Ciamis

“Pun anak, disepitanana nuju balita keneh. Namung hajatna taun 2018. Bade nanggap dalang Riswa. Tos paheut. Mung Riswa  ngantunkeun manten,” ceuk Edi. Dalang Riswa nu kakoncara ku Pojok Si Ce­pot di salasahiji stasiun swasta, tilar 8 Juni 2018, sarta dikurebkeun di Desa Bingkeng. Dalang Riswa salasaurang murid Asep Sunandar Sunarya.

Edi nyebutkeun Dani katempona teh hanjelueun pisan. Ti dinya, Dani mingkin ngagedur hayang jadi dalang, kawas dalang Riswa. Diajarna otodidak, tina VCD jeung tina Youtube, boh dina ngigelkeun wayang boh dina antawacana. Diaping jeung dibandungan ku Edi. Malah dipangmeulikeun wayang kumplit.

Mimiti manggung tanggal 28 November 2021, dina acara ngareuah-reuah Milangkala Desa Kaso nu dipieling unggal 28 November. Acarana teh diluuan ku Bupati Ciamis jeung rengrenganana. Kira pisabulaneun deui kana pagelaran latihan heula. Memehna ku Edi ditalek heula: sanggup manggung di hareupeun gegeden?

Dani nyanggupan. Edi mah rada melangeun jeung hariwangeun, bisi Dani demam panggung. Tapi dina prungna mah henteu. Dani dina pagelaran munggaranana teu beda jeung dalang nu geus mindeng manggung. Malah Dani oge ngaroasting bapana, nga-roasting Edi. Atuh masarakat teh ager-ageran seuseurian.

Baca Juga: Den Gala, Dalang ti Kabupaten Bogor Ngarebut Bokor Mas Astagina Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

Ti harita Dani kalayan lingkung senina Mekar Arum 2 mindeng manggung. Anyar keneh, 11 November 2023, ku Pepadi (Persatuan Pedalangan Indonesia (Pepadi) Cilacap dipenta manggung di Kecamatan Cimanggu, Kabupaten Cilacap. Cimanggu pernahna di jalur transportasi nu nepungkeun Jawa Tengah jeung Jawa Barat.

Warga Kecamatan Cimanggu lolobana urang Sunda sapopoena make bahasa Sunda dialek Ciamis. Najan kitu barisaeun bahasa Jawa. Ku kituna, masarakat Cimanggu mibanda dua bahasa daerah.

Pagelaran  Dani kalandep ku masarakat Cimanggu. Komo deuih ngadalangna dicampuran ku basa Jawa. Ngan Dani ngadalangna tepi ka jam 12 peuting, ka dituna mah disambung ke dalang sejen. “Dani teu acan kiateun ngadalang

Pikeun ngasah jeung meuseuh dina padalangan, sanggeus lulus ti SMPN 1 Tambaksari Dani rek sakola di SMKN 10 (SMKI) Bandung, di jurusan karawitan sarta bakal nyantrik di Giri Harja, di Jelekong, Kabupaten Bandung.

Lulus ti SMKN 10 rek  neruskeun kuliah di ISBI Bandung jurusan Karawitan. “Supados pun anak masagi dina ngadalang, dideudeul ku pangaweruh akademis,” ceuk Edi.

Pepadi Kabupaten Ciamis, gede harepan Dani, katut dalang-dalang lianna bisa leuwih ngananjungkeun padalangan di Kabupaten Ciamis. Dalang-dalang ti Tatar Galuh kudu satata jeung daerah sejen.

Moal kajadian deui Ciamis teu miluan Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa, kawas taun 2023 ayeuna. Pepadi Kabupaten Ciamis mibanda tekad dalang ti Ciamis mampu ngapung ka jomantara.*** 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x