Mun Keur Ngibing dina Tarawangsa Rancakalong Sumedang Kasarumahan Tandaning Karuhun Datang, Kudu Bungah

- 6 Februari 2023, 16:30 WIB
Seniman tarawangsa/Instagram  @tarawangsa_pusakakaramat
Seniman tarawangsa/Instagram @tarawangsa_pusakakaramat /

GALURA - Naha enya nu ngibing dina seni tarawangsa model nu sok digelar di Desa Wisata Rancakalong, Sumedang sok kasarumahan atawa kaasupan roh karuhun? Naha bisa kitu?

"Sanes bohong, memang leres pisan eta teh," cek Mang Jana, hiji warga Rancakalong ka Galura, anyar-anyar ieu.

Cek Mang Jana, kasarumahan teh pikeun sawatara warga Rancakalong teh dipiharep pisan, sabab bisa silaturahmi jeung nu geus taya dikieuna (karuhun) sacara batin.

Baca Juga: Seni Pantun Sunda keur Ngahornat Nyi Pohaci, Beda jeung Pantun Melayu

"Ngibing teh sanes saibing-ibingna, Cep. Nu ngibing kasarumahan ku karuhunna nu tos teu aya dikieuna. Tiasa uyut, aki atawa saha wae. Janten, ngibing dipirig Tarawangsa teh tiasa disebatkeun silaturahmi sareng karuhun sacara batin," cek Mang Jana deui.

Ceu Yeyet, urang Nagarawangi oge sapamadegan jeung Mang Jana.

Pokna, hajat ngalaksa nu diayakeun unggal taun salila lima poe atawa saminggu teh, dianti-anti pisan ku urang Rancakalong babakuna ku nu geus alumuran -- da nu ngorana mah "can pati" raresepeun kana Tarawangsa jeung ngibing teh.

Baca Juga: Ngasuh Tari Jaipong, Memey : Hoyong Ngamumule Seni Sunda

Pangna dianti-anti, lantaran nya dina hajat taunan eta, maranehna bisa "tepung" sacara batin jeung karuhun maranehna.

"Dina hajat taunan mah, alatan ngeprak sakumna ahlina kalebet spiritual nu tiasa ngondang roh karuhun, saha wae tiasa ngarasakeun ayana karuhun," Ceu Yeyet netelakeun.

Karuhun nu asup kana jiwa nalika keur ngibing bari dipirig Tarawangsa di Upacara Tradisi Ngalaksa, bisa beda-beda. Cek Ceu Yeyet, mun menit kahiji nu datang teh karuhun A, menit saterusna bisa Karuhun B, C atawa D.

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

Eta sababna munasabah mun nu kasarumahan, remen katangen robah ketakna. Sakapeung jiga nu bungah, sakapeung deui jiga nu sedih. Sakapeung jiga lalaki (mun awewe), sakapeung deui jiga awewe (mun lalaki). Sakapeung deui mah jiga budak leutik.

Naha enya nu ngibing kasarumahan karuhun? Duka teh teuing.

Tapi ari nurutkeun Drs. Usman Supendi nu disertasina keur ngudag gelar Doktor kabeneran ngeunaan Tarawangsa mah, lain kasarumahan karuhun.

Baca Juga: Mabokuy, Momones Anyar Ti Rajadesa, Ciamis, Mucunghul tina Jiwa Seni Warga nu Apal Kana Potensi Desa

Cek Usman mah, pangna nu ngibing tarawangsa kitu peta teh alatan kahipnotis ku lalaguan Tarawangsa nu memang mibanda daya magis, bisa ngadatangkeun sedih atawa bungah.

Lian ti eta, kahipnotis ku bayangan soal Dewi Sri alias Saripohaci, atawa tokoh-tokoh sejenna kayaning Mbah Jaya Perkasa atawa nu sejenna.

Sirep tarawangsa jeung lalaguanna atawa gambaran ngeunaan Dewi Sri teh ngabalukarkeun jiwa nu keur ngibing oyag. Saterusna, pepeta kawas nu nyirepna, bisa Dewi Sri, atawa saha wae.

Baca Juga: Pantun, Seni Tradisional Sunda nu Sakral, Teu Sagawayah Dipintonkeun

"Kitu cek kuring mah," cek Usman Supendi nu kungsi jadi wartawan Galura tur kiwari jeneng di dunya atikan.

Najan kitu, Usman teu nyalahkeun pamadegan-pamadegan nu dipercaya ku masarakat, ngeunaan ayana roh tea.

"Keun, eta pamadegan masarakat ulah diganggu. Urang Rancakalong, percaya kituna teh ti baheula mula," pokna deui.

Baca Juga: Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

Ongkoh da nu penting dina Ngalaksa mah memang lain soal roh nu asup kana jiwa nu ngibing Tarawangsa.

Nu penting tina diayakeunana ritual Ngalaksa teh nyaeta ayana rasa tumarima jeung sukur warga atawa patani Rancakalong ka Nu Murbeng Alam, lantaran salila ieu dina tatanen jeung sagala rupana, diaping jeung ditangtayungan.

"Eta nu pentingna mah," kitu cek Mang Ama, uang Rancakalong kituna teh bari ngadadarkeun soal "sajarah" tarawangsa.

Baca Juga: Sampyong Seni Tarung nu Mimiti Mekar di Desa Baribis Majalengka, Ceuk Tb Hasanuddin, Perlu Regenerasi

Baheula ratusan taun katukang, di Rancakalong taya saurang ge nu melak pare da puguh taya binihna. Tradisi melak pare mimiti aya di Rancakalong, sabada karuhun Rancakalong aya nu indit ka Mataram bari ngamen mamawa kacapi jeung rebab.

Eta teh lantaran nu ngamen tea, bisa tepung jeung pupuhu Mataram, sarta hasil mawa mulang pare nu diasupkeun kana kacapi jeung rebab.

Di Rancakalong, ku karuhun Rancakalong, pare tea ditebarkeun di sawah tur dikersakeun jadi.

Ti harita beuki rea wae warga nu melak pare. Nya ti harita, di Rancakalong aya tradisi melak pare teh, nepi ka kiwari.

Baca Juga: Ronggeng Gunung ti Banjarsari Kabupaten Ciamis, Balas Dendamna Dewi Siti Samboja ka Kala Samudra

"Jadi Ngalaksa teh diayakeun keur sukuran lantaran urang dieu diparengkeun bisa melak pare jeung hasil," cek Mang Ama.

Nurutken Mang Ama, sabada unggal taun diayakeun hajat atawa ritual Ngalaksa, hasilna karasa pisan. Tatanen di Rancakalong jarang paila. Hasilna malah sok mucekil wae.

"Nu sejenna, ku Ngalaksa teh, urang Rancakalong mah, dina sapoe ukur dahar dua kali ge kuat, nepi ka bisa ngirit pare," pokna. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah