Inayah Wahid Guyonana Nyeples Gus Dur Suargi

7 April 2024, 14:02 WIB
Inayah Wulandari Wahid. /Dok/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Guyonan, heureuy, sindiran, Inayah Wahid nyeples nu jadina bapana, Abdurahman Wahid atawa Gus Dur suargi. Dina biantara-biantara teu beda jeung komika: cuplas-ceplosna matak imut maur, kapiasem, nyerengeh, seuri jeung nyakakak nu lalajo.

Sual pintonan stand up comedy atawa komika keur Inayah Wahid geus paham pisan kana dunya panggung. Mangsa kuliah keneh di Jurusan Sastra Indonesia Universtias (UI), Inayah Wahid aktif di teater.

“Resep kana ngalalakonkeun carita teh, minton dina panggung,” pokna. Inayah Wahid ngararasakeun sakumna unsur teater, ti mimiti proses (neuleuman naskah, ngajiwaan tokoh, latihan tepi ka manggung).

Baca Juga: Art In Motion di ISBI Bandung Kompetisi Seni Indonesia Walanda

“Teater teh sarana ngamalirkeun bakat tur nyumponan hasrat kana dunya seni. Kungsi nyoba eureun, teu deui maen teater, eh kalahka stres,” pokna ditungtungan ku seuri.

Inayah kungsi maen dina sinetron situasi komedi OK-Jek NET TV, maen dina sababaraha pinton teater jeung monolog, sarta kiwari jadi host dina acara NGOPI (Ngobrol Pintar) Kompas TV.

Ngaran lengkepna mah Inayah Wulandari Wahid. Teu kawas lanceukna, Yenny Wahid nu aktif dina dunya pulitik, Inayah teu pati katajieun kana pulitik. Leuwih lugina ngokolakeun organisasi Positive Movement (PM) nu diadegkeun ku dirina taun 2006.

Lir nu hayang nuluykeun perjoangan bapana, Inayah teu weleh ngahiap ka sakur individu ti kasang tukang naon wae.

“Pun bapa teu weleh ngajarkeun sual pluralisme, jalma teh da enya teu sarua. Tapi najan beda rupa-rupa kasang tukang, ajen-inajen kamanusaan kudu terus digederkeun geusan ngahontal karaharjaan jeung repeh-rapih,” pokna.

Ku kituna, Inayah teu weleh mokalan atawa milu aub kana kagiatan entragan ngora nu boga udagan nebarkeun ajen-inajen kamunusaan jeung ngagedurkeun sumanget positif dina kahirupan.
Positive Movement, teh organisasi nu muserkeun perhatian kana pasualan sosial, saperti sual tenaga kerja, hak asasi manusa, jeung nu sejenna.

Baca Juga: Kinanti, Olahraga jeung Seni Ibing Penca Silat

Pangna museur ka entragan ngora teh, alatan mun entragan ngora bisa hirup tumaninash, masarakat ge baris milu tumaninah. Harepanana, rupa-rupa pasualan sosial ge ngurangan.

Aya 12 ajen-inajen nu ditumuwuhkeun di PM: jujur, syukur, sumanget, daek diajar, motekar, bruk-brak, sehat, ihlas, boga udagan, komitmen, babarayaan, katut silingajenan.

Dina unggal kasempetan, Inayah sok mindeng nepikeun rupaning perkara nu bisa dipilampah ku entragan ngora Indonesia. Upamana, numuwuhkeun rasa micinta ka Indonesia. Tembongkeun rasa syukur alatan barokah-Na urang bisa nyicingan di ieu nagara nu sakitu beungharna.

Ceuk Inayah, teu loba nagara nu miboga kabeungaharan alam budaya saperti Indonesia. Rasa syukur bisa diwujudkeun ku cara ngamangpaatkeun kabeungharan potensi keur kamajuan bangsa Indonesia.

Mun tea mah rasa cinta jeung syukur geus mucunghul, entragan ngora moal ieuh babari kapangaruhan ku serabna nagara tatangga. Mun rasa micinta ka lemah cai geus kuat, ketak urang bakal terus museur keur kahadean bangsa.

Baca Juga: Seni Beluk nu Ngaburahol

“Rek dimana wae jeung naon wae posisi urang, loba cara pikeun nembongkeun kacinta urang ka nagara,” pokna.

“Salasahiji pangajaran pun bapa teh: sual egaliter. Ulah sok ngabeda-bedakeun jalma. Ku mindeng campur gaul jeung papada, urang baris bisa ngalap hikmah ngeunaan kahirupan tur ajen manusa,” ceuk Inayah.

Hususna ka kaom ngora, Inayah cumeluk ulah sok ngarasa minder. “Disidik-sidik teh, urang mah sok ngarasa minder wae mun panggih jeung bangsa deungeun teh. Ulah kitu, tapi urang kudu percaya diri. Urang teh bagean tina papada warga Indonesia, hayu babarengan bajoang keur kamajuan ieu nagara,” pokna.

Ngeunaan pemilihan presiden (pilpres) 14 Febreuari 2024, aya ucapan Inayah Wahid nu viral: "Wong harga dirimu cuma 100 ribu, kok minta Presiden berkualitas.”***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler