Kariaan Bedol Desa: Ode Tanah II Komunitas Celah Celah Langit, Kolektif Teks Ngageuing Kasadaran Lingkungan

22 November 2023, 05:00 WIB
Pintonan Bedol Desa: Ode Tanah II pidangan Komunitas Celah Celah Langit, ngeuyeuban Invitasi ka-8 Jurusan Teater ISBI Bandung, di Gedong Patanjala Kampus ISBI Bandung, Senen, 20 November 2023.* /R. Agam/Galura/

GALURA.CO.ID. – Kariaan Bedol Desa: Ode Tanah II Komunitas Celah Celah Langit (CCL) diawalan ku solawat nu dipirig ku tatabeuhan, tur dipasieup ku ngelunna haseup.

Sup ka arena, parapatani, lalaki jeung awewe, ngigel kalawan leuleus liat, nuturkeun wirahma musik jeung haleuang beluk nu ngasongkeun kaayaan mistis.

Maranehanana, marake baju pangsi calana hideung nengah bitis, dina arena lir kotakan sawah, bari nari teh geus nembongkeun rupaning simbul warga agraris samodel pare, awi, bebegig, samping batik motif has agraris, sarta geleberna manuk.

Adegan satuluyna, Bedol Desa: Ode Tanah II pidangan Komunitas CCL teh genti musik ku wirahma nu mingkin dinamis narikan. Parapatani nyanghareupan ngagederna pangwangunan, ciweuhna mafia tanah, sawah jeung leuweung geus kairong bakal ngahiang.

“Sawah baris genti jinis jadi jalan tol, urang bakal leungiteun leuweung. Balong bakal saat, moal aya deui ingon-ingon jeung pepelakan...,” kitu ceuk parapatani.

Baca Juga: Ditetepkeun di Paris, Bahasa Indonesia Jadi Basa Resmi Konferensi Umum UNESCO

Kitu antarana runtuyan adegan dina pintonan Bedol Desa: Ode Tanah II pidangan Komunitas CCL nu ngeuyeuban acara Invitasi ka-8 Jurusan Teater Institut Seni Budaya (ISBI) Bandung 2023, di Gedong Patanjala ISBI Bandung, Jalan Buahbatu, Kota Bandung, Senen, 20 November 2023.

Parapamaen Bedol Desa: Ode Tanah II Komunitas CCL nu lolobana mahasiswa-mahasiswi ISBI Bandung teh, harita, nguah panggung arena kotakan sawah diamparan pare garing, nu dipageran ku awi gombong.

Artistik eta pintonan estu leubeut ku simbul warga tani agraris, tur didominasi ku leunjeuran awi. Maranehanana ngulinkeun awi di satengahing adegan, ngaguluyurkeun carita tina naskah hasil kolektif teks maranehanana.

Sora tatabeuhan, haleuang beluk, sora paketrokna awi, kekebul lagu awi neunggar arena, ngadumanis jeung cahaya beureum nu sakapeung hejo, mucunghulkeun siluet dina latar bodas nu ditapelan samping batik.

Kasedih jeung teu walakaya nyanghareupan ngagederna pangwangunan nu ngabaekeun tata lingkungan, tembong dina sakur adegan jeung dialog parapamaen Bedol Desa: Ode Tanah II, sakapeung aya nu pikalucueun.

Baca Juga: Pangna Gamelan Sekatén Cirebon  Ditabeuhna Sataun Dua Kali

Najan teu walakaya katut geus kairong bakal leungiteun sawah jeung sajabana, tapi maranehanana tetep teuneung dibarung ku kayakinan, yen alam samesta moal ieuh nyalahan.

Sanajan lingkungan ruksak, tapi masih bisa dibebenah tur teu weleh aya nu haat ngariksa, harepan nu gumulung dina kolbu panceg dina kayakinan: yen lemah teh lir ibarat indung, ngajual lemah hartina ngajual indung.

Bedol Desa: Ode Tanah II nu durasina kira sajam satengah teh midangkeun isu sosial lingkungan nu meh kajadian di ieu nagri di satengahing pangwangunan, utamana dina perkara konflik agraria jeung eksploitasi lingkungan, nu lolobana warga biasa nu jadi korban.

Sutradara Bedol Desa: Ode Tanah II, nu oge sesepuh Komunitas CCL, Iman Soleh, ngeceskeun, eta pidangan teh geusan ngageuing rupaning pasualan nu keur disanghareupan, salasahijina mahabuna eksploitasi pangwangunan nu teu malire kana kasaimbangan ekosistim lingkungan.

“Naskah nu ngaruntuykeun carita tur jadi bagean proses lagu nyusun naskah teh diwangun dina wanda kolektif teks ti sakur pamaen. Maranehanana milu aub lagu milih diksi kecap, kalimah, laju ngahasilkeun narasi kuat nu midang dina adegan sarta dipiharep metot emosional nu lalajo kana maksud tujuan pintonan,” pokna.   

Baca Juga: Pemilu Damai 2024, Ketua PWI Jawa Barat Umajak ka Wartawan pikeun Nyegah Hoaks

Sajeroning kitu, pegiat teater, Ipit Saefidier Dimyati, mertelakeun, pintonan Bedol Desa: Ode Tanah II garapan Komunitas CCL teh minangka simbul perlawanan kana kadoliman nu jadi matak ruksakna eksosistim lingkungan.

Kasenian jadi wahana pikeun nepikeun kaguligah enggoning ngageuing kasadaran kolektif masarakat, nyaeta pangwangunan ulah tepi ka ngaruksak lingkungan, sabab matak pibahayaeun keur kahirupan.

“Nu matak narik ati, Bedol Desa: Ode Tanah II lir kariaan, pintonan wanda konsep anyar nu leubeut ku simbul tapi togmol kana pamaksudan,” ceuk Ipit Saifidier Dimyati.

Bedol Desa: Ode Tanah II minangka sekuel tina pintonan samemehna, Tanah: Ode Kampung Kami, nu kungsi midang dina Art Summit International 2013 di Jakarta.

Minangka kelompok kasenian nu napak dina tradisi, Komunitas CCL teu ukur mokus kana pintonan, tapi oge museur kana tarekah mateakeun potensi masarakat malar mampuh ngagelar karya dina beungkeutan etika, estetika, jeung edukasi.

“Pintonan Bedol Desa, eta teh cara Komunitas Celah Celah Langit micinta ieu nagara,” ceuk Iman Soleh.***

Baca Juga: Nyadap Tangkal Kawung: Kawas ka Parawan jeung Pinuh Tetekon

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler