Bebegig Sukamantri Seni Helaran Has Ciamis Jadi Kesenian Has Malausma Kabupaten Majalengka?

6 November 2023, 09:56 WIB
Bebegig Sukamantri seni helaran ti Kabupaten Ciamis (Foto dok. Sanggar Bebegig Sukamantri. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Buta Arega. Kitu disebutna kesenian helaran nu dipidangkeun ku Kecamatan Malausma, dina kirab budaya mieling milangkala ka-533 Kabupaten Majalengka sawatara waktu ka tukang.

Chanel Youtube Tukang Noong Pensiun, 10 Juni 2023 ngapungkeun videona. Judulna Bebegig Desa Cimuncang Majalengka. Youtubena nembongkeun seni helaran, di antarana nu nyeples pisan jeung Bebegig Sukamantri.

Dina chanel youtube bieu Buta Arega, atributna atawa asesorisna sarua jeung Bebegig Sukamantri: suku, tepi ka awak dibulen ku injuk. Kitu deui topengna oge teu beda jeung bebegig Sukamantri.

Baca Juga: Dilélér Penata Musik Film Terpuji FFB 2023, Purwacaraka: Melesatna Teknologi Film Numuwuhkeun Kreativitas

Najan nyeples sarua, tapi leuwih gagah jeung simaan Bebegig Sukamantri batan Buta Arega nu miluan arak-arakan mieling milangka ka-533 Majalengka.

Ku Deni Heryanto, ketua umum Seniman Satatar Majalengka (Sasama) mah, Buta Arega teh disebutna Ogoh-ogoh. ”Ayana di Desa Cimuncang, Kecamatan Malausma Kabupaten Majalengka,” pokna. Desa Cimuncang teh ngatapel wates jeung Desa Sukamantri, Kabupaten Ciamis, desa nu ngalahirkeun seni helaran bebegig.

Deni nyebutkeun dina kirab budaya Majalengka, unggal kacamatan dipiharep mintonkeun seni jeung kreatifitas has kacamatanana masing-masing. “Camat Malausma ngirimkeun Ogoh-ogoh,” pokna.

Pangna kacamatan Malausma ngirimkeun ogoh-ogoh lantaran kungsi minton di tingkat kacamatan Malausma sarta ku camatna dianggap kesenian has kacamatan Malausma sarta pantes dikirimkeun dina kirab budaya milangkala Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Festival Film Bandung (FFB), Festival nu Ngahudang Jati Diri Bangsa

Ogoh-ogoh Malausma, ceuk Deni, jadi wawakil Kabupaten Majalengka dina kirab budaya di tingkat Jawa Barat di Bandung nu jejerna insect of java. Harita Majalengka ngangkat jejerna simeut nu dianggap mangaruhan kana budaya di Majalengka. “Teu nganggo topeng, mung dihias ku dangdaunan, habitat simeut,” pokna.

Najan ngaranna nu ceuk Deni mah ogoh-ogoh (kawas di Bali) atawa ceuk urang Malausma: Buta Arega, teu make ngaran bebegig, tapi ari ceuk urang Sukamantri, Buta Arega teh teu beda jeung Bebegig Sukamantri.

Urang Sukamantri reueus, Bebegig Sukamantri, taun 2018 diaku jadi Warisan Budaya Tak Benda (WBtB) Nasional asal Jawa Barat.

“Sanggar Bebegig Baladewa saleresna bade ngagugat, soalna eta teh kesenian has Sukamantri, mung teu acan kenging widi ti desa (Desa Sukamatri),” ceuk Rangga Aryanto, seniman Bebegoig Sukamantri.

Urang Malausmana oge kungsi diangkir ka Sanggar Bebegig Baladewa, ngan teu datang wae. “Eta oge urang Malausma kantos nyebutkeun sanes bebegig tapi buta,” pokna deui.

Baca Juga: Film jeung Narafilm Terpuji Festival Film Bandung Ka-36 Taun 2023

Eman Hermansyah Sastrapraja, Kasi Seni di Disbudpora Kabupaten Ciamis nu oge pamong seni nyebutkeun najan sarua wandana tapi ngaranana teu sarua. “Itu mah namina buta ari di Sukamantri bebegig,” pokna.

Waktu ditembongkeun video Buta Arega nu milu kirab budaya dina raraga mieling milangkala Kabupaten Majalengka, Eman nyebutkeun bedana saeutik. Buta Arega mah make kadaka, Bebegig Sukamantri make bubuay jeung daun haregu.

“Upami (Buta Arega) sadayana nganggo daun kadaka, nya, benten sareng Bebegig Sukamantri,” pokna. Tina kituna, Eman keukeuh nyebutkeun Buta Arega jeung Bebegig Sukamantri mah beda.

Pamadegan nu beda diasongkeun ku Ginanjar Rahayu, Kasi Pemasaran Dinas Pariwisata Kabupaten Ciamis. “Hadena dibagempungkeun kumaha-kumahana,” pokna. Anu gempunganana teh senimanana jeung pamaranteh, dina lebah dieu Kabupaten Majalengka jeung Kabupaten Ciamis.

Ceuk Ginanjar, soal gempungan lain bagean pariwisata tapi bagean Disbudpora. “Ari dinas pariwasata mah bagean masarkeunana, masarkeun budaya hasil garapan bagean kabudayaan,” ceuk Ginanjar.

Baca Juga: Arif Rachman Hakim, Seniman Sagala Wanda Bisa Ngan Leuwih Meumeut Tembang Cianjuran

Di Kabupaten Ciamis, teu kawas di Privinsi Jawa Barat, budaya jeung pariwisata ayana di dinas anu beda.


Seniman Kudu Boga Etika

Dosen Institut Seni dan Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, Yoyon Daryono, S.Kar, M.Sn, nyebutkeun seniman kudu boga etika dina ngagarap hiji kesenian.

Dicontokeun soal sisingaan ti Kabupaten Subang jeung kuda renggong ti Kabupaten Sumedang. Ku sabab pada mikaresep grup sisiangaan jeung jeung kuda renggong aya di daerah sejen.

Anu makieuhkeun sisingaan di luar Kabupaten Subang ngaku kesenianana asalna ti Subang. Kitu deui nu ancrub dina kuda renggong di luar Kabupaten Sumedang, nyebutkeun kesenianana teh asalna ti Kabupaten Sumedang. Ngaran kesenianana oge angger: sisingaan atawa singa depok jeung kuda renggong. Henteu diganti ku ngaran sejen.

Beda deui jeung Buta Arega mah nu ceuk Rangga Aryanto ti Sanggar Bebegig Baladewa Sukamantri nyeples pisan Bebegig Sukamantri. Bebegig Sukamantri ti jaman karajaan oge geus aya sarta meunang ngaropea seniman Sukamantri tepi ka jadi seni helaran nu matak mincut. Ari Buta Arega ti Malausma Majalengka munculna anyar keneh.

Lebah dieu Yoyon Daryono nyebutkeun alusna hiji kesenian has daerah mibanda HAKI (Hak Kekayaan Intelektual) ngarah henteu ditiron ku nu sejen, henteu ditiron ku daerah sejen. Anu ngaplagiat atawa nu niron hiji kesenian, boh kesenian tradisional boh kesenian modern, nu geus mibanda HAKI bisa dituntut ku hukum.

Sakali deui Yoyon Daryono nu geus manggung di sababaraha nagara sarta marajian Band Krakatau Etno ngelingan seniman dina ngagarap kesenian kudu didasaran ku etika.

Dipahing pisan seniman niron hiji bentuk kesenian nu geus lila aya sarta geus populer, komo bari dingaranan beda mah, ari bentuk kesenianana eta-eta keneh.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler