Shenina Cinnamon Munggaran Maén Komedi, Ngarasa Bungah Asup Unggulan FFWI 2023

- 27 Oktober 2023, 05:00 WIB
Shenina Cinnamon.*
Shenina Cinnamon.* /Dok. FFWI/Galura/

GALURA.CO.ID.- Taun 2022, aktris Shenina Cinnamon nyangking Anugerah Piala Gunungan pikeun Aktris Utama Terbaik Genre Drama, dina Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) pikeun filmna, Penyalin Cahaya. Taun ieu,  Sheninna boga deui kasempetan nyangking Piala Gunungan dina ajang FFWI 2023, liwat Genre Komedi anu judulna Onde Mande.

Najan kitu, dina daftar unggulan Aktris Utama Terbaik Genre Komedi, Shenina Cinnamon bersaing pisan jeung opat aktris lianna: Laura Basuki anu maen dina film Cek Toko Sebelah 2, Clara Bernadeth dina film Ganjil Genap, Syifa Hadju dina film 200 Pound Beauty, katut Kenzia Alethia dina film Star Syndrome.

Dina film Onde Mande anu disutradaraan ku Paul Agusta, Shenina merankeun Si Mar, awéwé Minang anu cicing di wewengkon Danau Maninjau. Ku sabab ieu téh film ngeunaan kaarifan lokal Ranah Minang, Shenina ngaku rada hésé dialog dina basa Minang.

Baca Juga: Vino G. Bastian jeung Laura Basuki Ngadominasi Unggulan FFWI 2023

Shenina Cinnamon dina karakter Si Mar (film "Onde Mande").*
Shenina Cinnamon dina karakter Si Mar (film "Onde Mande").*

"Onde Mande téh film komedi sim kuring anu munggaran. Bénten pisan sareng film drama dina cara dialogna, kitu deui dina neuleuman karakter tokohna. Sim kuring jalmi anu kalebet gampil pisan seuri, ku kituna remen pisan re-take margi teu tiasa nahan seuri téa," ceuk Shenina.

Prosés syutingna rada kurang lancar lantaran Shenina teu apal kana basa Minang. Inyana ngaku, sanajan getih Minang ngocor dina awakna, inyana ngan saukur paham mun seug ngadéngé, tapi pikeun cacarita mah henteu bisa.

”Sangkan lancar dialog basa Minang, sim kuring dibantuan ku soundman urang Minang. Anjeunna ngarékam teras didadangukeun. Upami dialog sim kuring aya lepatna, anjeunna ngarahkeun logat Minangna, " ceuk Shenina, anu adu akting jeung para senior Jajang C. Noer katut Jose Rizal Manua.

Shenina ngarasa bagja tur reueus kapilih jadi unggulan dina kategori Aktris Utama Terbaik dina Genre Komedi di FFWI 2023. “Kumaha waé hasilna dina malem puncak FFWI, sim kuring nganuhunkeun pisan. Sim kuring reueus pisan kapilih janten unggulan atanapi nominasi dina Genre Komedi. Ku margi ieu téh film komedi munggaran tur langsung kénging pangajén ti FFWI,” ceuk Shenina.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x