Siliudag dina FFWI 2023, Unggulan Film Horor jeung Para Aktorna

- 27 Oktober 2023, 04:55 WIB
Mana di antara 5 Aktor Utama Unggulan Horor ieu nu baris nampa Piala Gunungan FFWI 2023?*
Mana di antara 5 Aktor Utama Unggulan Horor ieu nu baris nampa Piala Gunungan FFWI 2023?* /Dok. FFWI/Galura/

Poster film "Sewu Dino"
Poster film "Sewu Dino"

GALURA.CO.ID. - Film horor Sewu Dino, produksi MD Pictures, nyangking Unggulan Horor pangréana dina Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) 2023.

Éta film dilélér 7  tina 9 unggulan anu disadiakeun, nyaéta pikeun kategori Aktris Utama, Aktris Pendukung, Skenario, Penata Kamera, Editing, Sutradara, jeung Film Terbaik. Ku kituna, pikeun unggulan kategori Aktor Utama jeung Aktor Pendukung mah, film Sewu Dino téh teu aya nu asup.

Saenyana, kompetisi pikeun meunangkeun unggulan Aktor Utama Horor, katémbong rada ketat. Aya tilu aktor watak senior anu muncul, nyaéta Vino G Bastian (film Qodrat), Teuku Rifnu Wikana (Di Ambang Maut), Sujiwo Tedjo (Mangkujiwo 2), kaasup dua wajah nu leuwih ngora nyaéta Deva Mahendra (Cerita Tanah Jawa: Pocong Gundul), jeung Aly Fikry (Waktu Magrib).

Baca Juga: FFWI XIII: 5 Film Laga Marebutkeun Piala Gunungan nu Munggaran

Minangka ‘wajah baru’ tur masih ngora keneh naker, Aly Fikry (15 taun) ogé meunang pangbagéa liwat Instagram resmi @festivalfilmwartawan. Kabuktian leuwih ti 30 komentar tina 70 komentar anu asup ngarojong tur nyumangetan inyana jadi unggulan Aktor Utama Horor.

Tapi, mana di antara 5 Aktor Utama Unggulan Horor ieu nu baris nampa Piala Gunungan? Sabar waé, Panitia FFWI baris ngabéwarakeun para pinunjulna dina poé ieu kénéh, Jumaah, 27 Oktober 2023, di Gedong PPHUI, Jakarta Selatan, anu disiarkeun via YouTube.

Sakumaha ceuk Ketua Juri Akhir FFWI, Adisurya Abdi, “Pancén sim kuring minangka juri pamungkas nyaéta milari nu pangsaéna di antara karya-karya pangsaéna anak bangsa, kanggo nyangking Anugerah Gunungan!”.

Baca Juga: Vino G. Bastian jeung Laura Basuki Ngadominasi Unggulan FFWI 2023

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x