Arif Rachman Hakim, Seniman Sagala Wanda Bisa Ngan Leuwih Meumeut Tembang Cianjuran

- 2 November 2023, 07:00 WIB
Arif Rahman jeung ibuna.
Arif Rahman jeung ibuna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Arif Rachman Hakim saminggu kaliwat dileler Tropi Bedas ti Bupati Bandung, sabab jadi pinunjul kahiji Pasanggiri Pop Sunda (PPS) IV Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS) sakabupaten Bandung nu digelar di Tourist Information Center (TIC), Jalan Al Fathu, Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung.

Iwal ti dileler tropi Bedas ogè narima duit pembinaan jeung hiji waditra kacapi. Ku jadi pinunjul kahiji Pasanggiri Pop Sunda, nambahan euyeub prestasi ieu mahaiswa Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) semester lima dina widang ngahaleuang.

Pikeun Arif, milu aub kana pasanggiri dina widang kawih Sunda, jadi pinunjul lain udagan utama, tapi minangka ngasah kamonèsan jeung nambah luang manggung. Najan ampir unggal pasanggiri nu diiluan, tara liwat ti pinunjul 3, remenna mah pinunjul ka-1 atawa ka-2.

Baca Juga: Nyinglar Cacar Monyèt Wakil Ketua Komisi DPRD Kabupaten Bandung: Perlu Anggaranana dina APBD 2024

Ti umur 3 taun, Arif geus katiten bakatna dina widang nembang. Kolotna Saeful Yusuf jeung Ani Damini geus teu ngarasa anèh deui kana kaparigelan ieu budak kadua ti tilu sadulur nu digumelarkeun di Bandung, 1 Pebruari 2003, teh

Arif digedèkeun dina lingkungan kulawarga nu ngokolakeun Lingkung Seni Sunda di tempat dumukna di Desa Jagabaya, Kecamatan Cimaung, Kabupaten Bandung.

Indung Arif, Ani Damini sajaba guru di hiji sakola, inyana ogè juru kawih nu geus sababaraha kali dileler pangajèn dina festival sinden.

Arif ngaku, resep ngahaleuang dina sagala wanda. Ngan, kameumeutna mah kana nembang Cianjuran. Kabuktian ti keur SD kènèh geus jadi pinunjul, waktu SMP kungsi jadi pinunjul pupuh tingkat Jabar.

Pon kitu deui sanggeus jadi mahasiswa, sajaba langganan jadi pinunjul tèh sok mirig pamilon lomba nembang, ku parigelna maèn kacapi. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah