Sirep Tarawangsa Rancakalong Sumedang, Ningali Nini Oneh Kasarumahan jeung Nyebut 'Nana nu Sieun Dibedil'

6 Februari 2023, 15:30 WIB
Nu ngibing tarawangsa sok kasarumahan karuhun/Instagram @tarawangsa_pusakakaramat /

 

GALURA  - Nini Oneh (79), urang Cijere, Rancakalong, Sumedang, sideku hareupeun parukuyan bari kunyam-kunyem mapatkeun jampe.

Sora tarawangsa nu ditabeuh seniman Rancakalong hareupeun Nini Oneh, kawas nu ngawirahmaan obahna awak Nini Oneh nu harita keur aya di panggung nu aya di Desa Wisata Rancakalong, Sumedang.

Clom ramo katuhuna dianclomkeun ku Nini Oneh kana cai dina baskom. Kituna teh bari nyesep haseup menyan tina parukuyan nu bauna nyebar kabawa angin. Najan beurang, harita suasana mistis banget karasa. Sora kacapi jeung jentreng kacapi tarawangsa mingkin nambahan eta suasana.

Baca Juga: Seni Pantun Sunda keur Ngahornat Nyi Pohaci, Beda jeung Pantun Melayu

Bari emok, ramona nu baseuh tea, ku Nini Uneh diusap-usapkeun kana tarangna, laju kana keuneung sukuna, kenca-katuhu.

Migawena anca naker. Kituna teh katembong bari teu eureun kunyam-kunyem mapatkeun jampe, jangjawokan, atawa (meureun) ngedalkeun kahayang dina hatena.

Beres kitu, jung nantung. Antare naker.

Baca Juga: Ngasuh Tari Jaipong, Memey : Hoyong Ngamumule Seni Sunda

Sakedapan rurat-reret ka nu aya, kaasup ka Galura, kawas nu menta idin. Enya, menta idin rek ngibing. Soalna, sanggeus rurat-reret, leungeunna mimiti obah, kitu deui sukuna, terus mastakana.

Obahna awak, luyu atawa diluyukeun jeung wirahma kacapi jeung rebab Tarawangsa.

Saterusna, Nini Oneh ngibing. Nu rek ngibing harita di panggung ukur Nini Oneh.

Paromanna mimitina mah alum, tenang.

Baca Juga: Ida Widawati, Ngigelan Jaman ku Mageuhan Seni Tradisi

Ngan dina itungan menit, Nini Oneh cara aya nu ngahipnotis.

Inyana mimiti robah. Nu ngibing katangen kawas lain Nini Oneh deui. Nini Oneh kalan-kalan gagah kawas lalaki, teu lila robah jiga budak. Sababaraha kali Nini Oneh katangen nutup beungeut ku dua ramona jiga budak nu keur heureuy "ciluk ba".

Kalan-kalan deui ujug-ujug ceurik, reumbay cimata, bari ngajak sasalaman ka nu aya, bari cacarita nu "teu puguh".

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

"Kuring teh urang Rancakalong...Kuring teh Nana, nu sieun bedil tea...Hampura nya. Sok didoakeun sing gede milik," pokna ka hiji wanoja nu kabeneran aya teu jauh ti manehna, keur emok.

Nini Oneh saterusna nyegruk kawas nu kanyenyerian. Kacapi jeung rebab Tarawangsa kawas nu mingkin ngagerihan hatena.

Keur nu kakara mah matak helok ningali kalakuan nu keur ngibing teh.

Tapi ari urang dinyana mah geus teu helok jeung aneh deui. Malah mah, urang Rancakalongna mah atoh, bungah nangenan nu kitu teh, komo dina acara gede model Upacara Tradisi Ngalaksa mah.

Baca Juga: Sampyong Seni Tarung nu Mimiti Mekar di Desa Baribis Majalengka, Ceuk Tb Hasanuddin, Perlu Regenerasi

Enya, apan gibingna Nini Uneh teh di Desa Wisata Rancakalong Kabupaten Sumedang, dina Upacara Tradisi Ngalaksa, sawatara waktu ka tukang, samemeh dieureunkeun alatan aya sasalad Covid 19. 

Ieu upacara diayakeun kalawan tujuan keur ngedalkeun rasa sukur patani Rancakalong kana hasil tatanen salila sataun.

Ari Nini Uneh, nurutkeun kateranganana basa ngobrol jeung Galura, urang lembur Cijere nu anggangna kurang leuwih 4 km ti Desa Wisata.

Baca Juga: Nénéng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat

Manehna ngaku meh unggal aya pagelaran Tarawangsa ngahaja datang jeung ngibing.

"Panasaran wae, wios sok asa kasirep sareng kasarumahan oge. Da kitu ari ngibing tarawangsa mah," pokna.

Ari kasarumahan teh nyaeta kaayaan jalma nu teu sadar alatan kaasupan luluhur.***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler