Ayah Lapidin, Nyantri, di Subang bari Bajuang Ngelingan jeung Ngageuing Rayat ku Lagu Kembang Gadung

2 Februari 2023, 12:30 WIB
Wisma Karya, salahsahiji gedong cagar budaya di Kabupaten Subang. Ayah Lapidin bajuang di Subang bari dawah di antarana nanggit lagu Kembang Gadung.* /

GALURA -Lagu Kembang Gadung nu di daerah Pantura Jawa Barat teh meunang nganggit Ayah Lapidin, pajuang nu milu jeung Bagus Rangin.

Ayah Lapidin teh pajuang nu medal ti lingkungan pasantrén, sarta gedé kacintana kana seni budaya.

Ayah Lapidin asalna ti Jati Tujuh Kabupaten Majalengka, datangna ka tatar Subang, seja babakti ka lemah cai, séba raga ka nagara.

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

Ayah Lapidin teu téga ngajeueung, jeung mireng masarakat Subang anu katalangsara, anu dikakaya ku bangsa Walanda, jeung bangsa pribumi anu biluk ka kumpeni.

Saméméh merangan kaom penjajah, Ayah Lapidin niténan heula budaya nu aya di tatar Subang.

Salahsahiji kasenian nu baris bisa dijadikeun alat juang nyaéta seni ketuk tilu, jeung seni dogér, kasenian nu aya ronggéngna.

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo

Aya dua udagan nu rék didongkang ku Ayah Lapidin: dawah atawa syiar agama Islam, jeung bajuang ngabasmi kadzoliman kaom penjajah.

Anu dianggap bakal gancang nerapna dina bab syiar agama Islam ngaliwatan lagu. Nya nyiptakeun lagu Kembang Gadung nu rumpakana kieu:

Bismilah bubuka lagu
muji sukur ka Hyang Agung
sumembah ka sang karuhun
sumujud ka Batara Agung
neda widi neda amit ka Gusti Nu Maha Suci
mugi diaping dijaring
neda pangraksa pangriksa
sareng ka para karuhun
nyanggakeun ieu pangbakti duh Gusti
ulah bade hiri dengki
duh alah . . .kembang gadung nu kahatur
nyanggakeun ieu pangbakti
pangbakti ti seuweu-siwi.

Rumpaka lagu Kembang Gadung eusina umajak ka sakumna rayat Subang sangkan salawasna sumujud ka Gusti nu Maha Agung, ngahargaan kana yasa karuhun.

Kudu éling ka wiwitan, nyaah ka sasama, nyaram ulah hiri dengki, jail kani yaya, nyaah ka sarakan, jeung nagara, katut jihad budaya.

Sanggeus hasil nganggi lagu, éta lagu disebarkeun ka unggal seniman ketuk tilu, jeung dogér, sarta éta lagu kudu di haleuangkeun dina acara bubuka pagelaran.

Baca Juga: Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

Bari nyebarkeun lagu, Ayah Lapidin nyusun stratégi, keur nguwak-ngawik kakuatan kaom kompeni, ku sabab dina bajuang perlu modal.

Anu pangheulana dipigawé ngagerejud banda kaya bangsa Walanda, nu jadi tuan tanah jeung bangsa pribumi anu jugala sarta biluk ka kumpeni, bandana diranjah, jalmana ditandasa.

Hasil tina ngarampog dibagikeun ka rahayat Subang, di pakalangan seni ketuk tilu, jeung dogér. Cara bajuangna demit, sistem bajuang gerilya.

Atuh puguh baé bangsa Walanda anu harita kumawasa di Subang ngarasa hemeng jeung soak. Hemeng teu apal saha nu ngaranjah banda kaya jeung saha anu wani calutak ka tuan tanah. Unggal aya kajadian nu boga dosana hésé ditéwakna, teu puguh kudu kamana nyusudna.

Baca Juga: Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara

Pikeun seniman katut rahayat Subang, ku ayana Ayah Lapidin asa boga gunung pananggeuhan, asa aya nu nulungan, unggal aya panggungan teu weléh meunang duit, béas, jeung rupa-rupa barang. Ayah Lapidin dianggap pajuang, anu ngabéla nasib rahayat.

Béda jeung seniman, katut rahayat Subang, ku bangsa Walanda mah, Ayah Lapidin dianggap jalma jahat, dianggap jalma anu barontak, jalma anu hianat, jalma anu ngarugikeun bangsa Walanda.

Ku kituna tuan tanah bangsa Walanda, anu harita boga kakawasaan di tatar Subang, ngeprak kaom pribumi nu haripeut ku teuteureuyeun.

Baca Juga: Kampung Kuta, Bolay Dijadikeun Puseur Karajaan Galuh, Alatan Raja Teu Bisa Asup ka Patang Ngewu Domas

Aya bangsa pribumi anu kabita ku barang siga, haripeut ku teuteureuyeun, ngabocorkeun rahasiah nyumputna Ayah Lapidin.

Geus titis tulisna Ayah Lapidin kacerek ku Kumpeni waktu ngabagikeun hasil ngarampog di pakalangan ketuk tilu.

Ayah Lapiddin dicangkalak, dikelakeun ka pengadilan, sarta diponis hukuman mati ku cara dihukum gantung.

Saméméh dihukum gantung, paménta anu pamungkas ti Ayah Lapidin: hayang dianteur, dijajap ku lagu Kembang Gadung.

Ti harita tepi ka ayeuna sakumna seniman Subang, waktu mitembeyan manggung, kudu ngagalindengkeun lagu Kembang gadung, tawis asih ka Ayah Lapidin.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler