Jelebét! Lir kabéntar gelap tengah poé. Rey beungeut téh beureum. Asa gendok siga bueuk meunang mabuk. Kuring nyorongot bari haté mah éra kacida. Kang Radyan tembong ceuceuleukeuteukan semu mupuas.
“Euh, dasar, sanés nyarios ti tatadi! Apal kitu mah teu kudu maké diceungceurikan,” témbal kuring bari ngadilak tuluy ngelapan cimata nu tatadi masehan pipi. Aslina éra pisan. Asa hayang ngaliang.
“Ulah bendu atuh, pan ari hirup mah kudu heuheuy jeung deudeuh saur Si Kabayan gé,” ceuk Kang Radyan bari ditungtungan ku seuseurian, bangun nu genah pisan.
“Tong seuri, teu lucu!” walon kuring muncereng tapi semu ogo. Sakadar nutupan kaisin.
“Goréng-goréng gé nu penting mah diceungceurikan ku wanoja nu dipikacinta,” ceuk Kang Radyan bari nyusutan cimata bakat ku genah seuri tayohna mah.
“Ayeuna mah mending urang mapay-mapay Jalan Braga, susuganan aya café nu muka, urang silih tanya ngeunaan cinta,” ceuk Kang Radyan dirungtungan ku seuri keom.
“Lebay!” témbal kuring kapiasem.
Wanci manjing ka sareupna, layung beureum geus némbongan.*** (Dimuat dina Galura cetak I November 2020).