“Muhun Kang, punten,” témbal kuring bari ngaleupaskeun maneh tina rangkulan.
“Teu kudu melang jeung teu kudu hariwang Rén, Akang mah moal ngajauhan.”
“Bandung - Amsterdam téh lain dua tempat nu tatanggaan, Kang. Jauh pisan,” ceuk kuring jero pisan.
“Memang, tapi Akang mah yakin pisan urang moal paanggang,” témbalna semu miharep.
“Gampang Kang kedal jangji mah, nu hése téh maheutkeunana,” ceuk kuring bari segruk ceurik ngahinghing.
“Rén....”
“Kang! Mémang salami ieu Réni rumaos sok ngamomorékeun Akang. Tapi ayeuna Réni sadar, Akang téh sok rajeun jadi batur Réni nalika bagja jeung nalangsa,” ceuk kuring bari cimata mah angger murubut.
“Rén....”
“Réni rumaos Kang! Réni mah sok judes, tapi katingtriman hate Réni téh ngancikna nalika babarengan jeung Akang!”
“Muhun Rén, tapi....”