Era ku Budak

- 24 Oktober 2023, 15:30 WIB
Ilustri carpon Era ku Budak.
Ilustri carpon Era ku Budak. /Budi Riyanto/galura.co.id

“Kuat kitu puasa poe Senen? Rek upacara lin?” kuring rada hariwang.

“Insya Alloh, kiat!” walonna kalayan sumanget.

“Enya atuh. Ngan mun teu kuat mah, buka we,” ceuk kuring.

Sainditna budak ka sakola kuring asup ka kamerna. Néangan Al Qur’an nu budak dina erak buku. Dibuka lebah halaman anu aya pembatas halaman. Tinggal sajuz deui ka tamat Al Qur’an. Rét kana kalender. Tanggal 30 Oktober. Jadi poé isuk tamat Al Qur’an. Kudu ngayakeun acara sukuran. Bet karék ayeuna kuring apal. Ari kuring jeung salaki jajauheun kana ngaderes Al Quran. 

Poe ieu kuring kudu nyiapkeun kadaharan pangaresepna. Ketang, Riska mah tara pipilih kana dahareun. Naon waé didahar. Ngan ari nu haseum jeung lada mah langka. Alus. Supaya teu nyeuri beuteung nu matak ngaganggu kana kagiatan sakola jeung ngaji. Rék nyadiakeun kadaharan pikeun buka puasa. Kuring ogé rék milu buka najan teu keur puasa.

Riska buka puasa dibarengan ku kuring jeung Dafa. Teu kungsi nyaritakeun kacapé jeung leuseuh najan cenah tadi di sakola loba kagiatan ti mimiti upacara bendera tepi ka kagiatan ekstrakurikuler drum band.  

“Isukan mah saurna dahar sangu nya?” kuring ngingetan.

Cenah mah lain teu hayang saurna ngadahar sangu. Ngan embung ngaganggu kuring anu keur saré. Mun apal rék puasa mah, saha anu embung hudang pikeun nyangu. Atoh nu aya anaking. Ema ngarasa bungah, campur éra! Era nu beuki ngandelan. Apaleun teu nya budak ka kuring nu ngarasa éra. Meureun ieu conto éra nu sakuduna téh. Kuring dahar kabawa ponyo. Panungtung dahar téh tadi isuk. Teu hayang balangdahar deui sabab jadi hoream. Nikmat pisan atuh komo mun  kuring puasa.

Panasaran. Hudang dina kira tabuh dua peuting. Terus muru kamer Riska. Eta budak téh keur emok luhur sajadah. Leu­ngeun­na ranggah. Keur ngado’a.

“Ya Alloh, muga-muga ema jeung bapa abi ulah ngedul waé kana sholat,” sorana halon tapi kadéngé pisan ku kuring.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x