Vie, Mustika ti Ujungberung

30 September 2023, 05:00 WIB
Ilustrari: Budi Riyanto* /galura.co.id/

Carpon: Cecep Ks.

 

VIE, LC atawa PL di hiji tempat karaoke di puseur kota Bandung, keur lalangkarakan di kamarna. Panonna neuteup kana lalangit, belenyeh seuri sorangan. Seuri kapiasem. Bangunna mah inget kana kajadian tadi peuting, waktu marengan sémah nu geus matuh mun datang ka tempat karaoké téh sok dibaturan ku dirina.

Kawas tadi peuting, sémah nu sok dilandih ku sebutan Si Ayah téh, diparengkeun room-na téh sok maranti di rohangan room nomer 11. Rohangan kamar nu rada mojok, semu nyingkur, betaheun tempatna. Bari diuk pagégéyé, Vie jeung Si Ayah duét bareng ngamimitian nyanyi lagu Pertemuan tina album Rhoma Irama.

Dina luhur méja geus ngabarak inuman wine jeung bir. Vie nyicikeun wine atawa anggur mérah kana gelas nu dicampur ku sprite jeung  és batu. Regot diinum. Si Ayah gé regot nginum bir hitam. Duanana narangtung hareupeun layar komputer nu geus dilengkepan ku audio player jeung mik. Celengkeung duanana duét deui, lagu Cinta Terlarang ti Broery Marantika, nyambung kana lagu Angin Malam, Pamit, jeung lagu mélankolis séjénna.

Di luar, langit lénglang taya aling-aling, ngahaeub kapeutingnakeun. Di jero room nu ngabaris, geus teu puguh dédéngéan. Sora musik tingjelegur awor jeung tingcikikikna LC nu keur marengan sémahna séwang-séwangan.  Ari di room 11, hiliwir angin tina AC ririh rintih nyulusup kana awak maranéhna.

Vie nyumputkeun pameunteuna dina harigu Si Ayah. Ramo leungeunna nu nyampay dina taktak, dirames ku Si Ayah, taarna diambung, buukna diusapan bangun deudeuh. Musik ngagegembrung.

“Urang ngalih,” cék Vie, bari metot  leungeun Si Ayah, ngadeukeutan lawang panto.

Bari nangtung deukeut lawang panto, leungeun Si Ayah mimiti ngopépang nyasaran sakujur awakna.

“Ayah mah nakal,” sora Vie kadéngé sari-sari ogo.

Peuting éta, Si Ayah nu kakara dipikawanoh dua bulan téh, bisa nalukkeun dirina.

Dina sofa nu panjang, diuk pagégéyé deui. Regot, Vie ngalekik deui nginum anggur mérah. Si Ayah gé ngaleklek nginum bir hitam. Vie imut ngagelenyu, tuluy nyarandékeun deui awakna kana taktak Si Ayah, bari anteng duanana ngadéngékeun lagu lawas, Lihatlah Airmata nu dihaleuangkeun ku penyanyina nu asli, Grace Simon, nyambung Tangis dan Cinta ti Eddy Silitonga.

Tayohna mah kabawakeun ku suasana kamar nu reyem-reyem, atawa perbawa lamokotna hawa inuman nu tarik ngandung alkohol, Si Ayah jeung Vie geus silih rangkul deui,  geugeut pageuh lir nu embung pisah. Vie nerejel  mukakeun rangkulan, tuluy neuteup anteb ka Si Ayah. “Ayah téh pameget nu hébat,” pokna. Ukur dijawab ku unggeuk.

Jempling sakedapan. Si Ayah ngarangkul deui Vie, bari ngusapan buukna, laju deui duét ngahaleuangkeun lagu ti Ujé, Bidadari Surga.

“Vie, salira téh PL, tapi keur Ayah mah salira téh wanoja hormateun Ayah, wanoja nu lungguh timpuh nu mawa kacinta nu sajati, mutiara nu karuruban taneuh nu liket,” pokna.

Jempling deui sakedapan. Si Ayah cumarita deui. “Tah, nu dimaksud Bidadari Surga téh cék Ayah mah salira. Nu hirupna teu weléh keuna ku pamoyok batur. Kajeun teuing keur Ayah mah, saha waé nu nyaritana. Dina panitén Ayah mah, salira téh wanoja nu tulus ikhlas.  Ayah geus rimbitan, tapi Ayah aya niat seja mihukum salira... Kersa mun salira diwayuh ku Ayah?”

Luk tungkul, teu wasa males paneuteupna. Teuing ku naon, mun pareng paadu teuteup jeung Ayah, jajantung Vie sok dulugdugdag, ratug tutunggulan.

“Ngamalir siga cai wé heula, Ayah, da saur Tétéh gé saatos tepang sareng Ayah, mun urang aya jodona mah moal ka mana. Nu jelas, kacinta sareng kanyaah Ayah tos katampi ku Vie, disuhun dina embun-embunan. Salami mayunan tamu pameget di karaoké ieu, nembé Ayah nu karaos katresnana nu sajati ku Vie, tamu séjén mah ukur hoyong nyoo raga Vie wungkul kajurung ku napsu. Vie teu weléh nyaman sareng Ayah, teu weléh mikasono pami Ayah elat sumping ka dieu.... Ngan, panuhun Ayah ulah waka nyarios soal nikah ayeuna-ayeuna, Vie masih trauma,” nyaritana teu kebat.

Tina kongkolak panonna aya nu ngaborélak. Keclak, keclak, maruragan kana lahunanana. Inget ka hiji lalaki urang Surabaya, mangsa digawé bareng di Batubara. Sanggeus hahadéan salila dalapan taun, sapuk ngambah rumah tangga.

“Haté Vie masih seuseuiteun, Ayah, bangbaungeun… Dua minggu ka nikah, manéhna kaperego guleuy sareng nu jadi sobat pisan, batin ngageuri asa ditiruk jajantung,” Vie nginghak, éstu kanyenyerian. 

Buukna diusapan deui, Ayah nembrakkeun kadeudeuhna. “Sing sabar, sadaya mahluk gé pinarengan sareng lalakonna séwang-séwangan. Amis sareng pait wayahna kedah diteureuy, da puguh tos titis tulisna. Vie mah ngadu’a wé ayeuna mah, manawi aya bagéanna urang tiasa ngadahup, du’akeun salawasna Ayah mikacinta, mikanyaah ka salira, tiasa ngamulyakeun salira.”

Vie cengkat, tuluy nangkeup ka Ayah tipepereket. “Tepang jeung Ayah, ras émut ka Apa jeung Mamah nu tos teu aya...,” cimata Vie murubut deui. Cimata nu wening. Cimata wanoja nu halabhab ku kaasih indung bapa, nu pegat alatan takdir mapag pati.

Panonpoé mingkin moncorong. Lamunan Vie kagareuwahkeun ku sora nu jadi alona, nu ngarenghik ka indungna, hayang dipangmeulikeun bonéka barby. Waregah hudang. Golépak ka katuhu. Ras deui inget ka Si Ayah.  Kajadian tadi peuting di room, saenyana éta geus prah di tempat gawéna. Diuk pagégéye paduduaan jeung lalaki. Tapi, ari jeung Si Ayah mah, hésé dipapalérkeunnana, teu weléh wé dipikasono. Teu weléh diarep-arep datang deui nepungan dirina. Tina sajeroeun haténa ujug-ujug mimiti aya rasa. Éta rasa téh karasa mingkin tarik, ngagunasika alam pikiran jeung kalbuning atina.

Bangunna, Si Ayah gé boga pikiran nu sarua. Di imahna, tadi peuting, manéhna gulang-guling sorangan. Pikiranna mancawura, antara mikiran talajak nu jadi pamajikanna, rumah tanggana nu mingkin ramijud. Nu jadi pamajikan téga remen mulang nambélarkeun nu jadi salaki. Padahal dirina kurang kumaha, nyarita panghasilan tina gaji ASN apan kabéh gé digebrokeun ka dirina. ATM gaji gé dicekel ku manéhna. Lian ti gaji, tunjangan jabatan salaku pejabat éssélon 4, tunjangan makan, jeung tunjangan séjénna, taya nu nyésa saban bulan ditawu ku manéhna. Keur nu jadi anak sampeuran, teu diwilah-wilah, éstu disaruakeun asa ka anak pituin, sagala pangabutuhna dicumponan, teu nyocéng tina gaji.

Da heueuh, leuwihna hirup Si Ayah daék ngoreh. Ti mimiti usaha kana sayuran, ngundeur proyék tepi ka usaha séjénna. Tapi, nu jadi pamajikan téh beuki dieu asa beuki nincak hulu, sipatna mingkin témbong, leutik cahak gedé cohok.

“Mamah rék ka lembur, nempo budak, sono ka incu,” pokna. Pleng, jangji tilu poé téh mucunghul deui sanggeus aya dua mingguna. Si Ayah batinna mingkin kasiksa, aya haliwawar cenah urut salakina ngadeukeutan deui. Salakina nu miceun dirina digawé dua taun lilana di pabrik keur nyumponan pangabutuh hirup dirina jeung anakna. Tepi ka pegatna. Tepi ka panggih jeung Si Ayah, nu haat ngajait dirina tina katunggaraan.

Geus puguh hirup nyorangan mah, harita ku Si Ayah langsung dipihukum. Ijab kabul siduru isuk, gawéna gé di pabrik dititah eureun, hutang-hutangna dilunasan. Manéhna disulap, jadi ibu rumah tangga nu sagala kahayangna teu weléh dicumponan. Ti mimiti emas nu reunceum, baju salomari tepi ka imah nu pageuh. Ari ayeuna, geus balayar rumah tangga salila lima taun, nu jadi pamajikan téh bet siga udar taligadang, tara betah cicing di imah. Ti mimiti arisan, urusan nempo kolot, nempo budak jeung incu, alesan séjén, cul salaki. Ari ditanya soal urut salakina, sok langsung nyégag. “Baé wé datang ka imah mah, napsi-napsi, geus lain-lainna deui,” pokna.

Beu, ari kuring mah misah jeung indung budak, kencling indit, pakaya imah jeung sagalana dibikeun. Mekel baju saraket awak téh lain bobohongan. Ari ieu, urut salaki pamajikan taun-taun ninggalkeun, ayeuna  ngurunyung deui. Naha rék balikan deui, kari balaka wé tong sumput salindung. Dikitukeun, der ngadat, nyarita nu lain-lain. Si Ayah timbang ngéléhan, da éra ku nu jadi tatangga ari kudu riributan urusan rumah tangga mah.

Matakna, tong disalahkeun, hirup Si Ayah gé kiwari jadi ngulayaban deui, nataran kaasih jeung kacinta ti wanoja séjén. Ahirna tepung jeung Vie,  mustika ti Ujungberung nu leubeut ku kadeudeuh, nu haat ngamparkeun kaasih keur dirina.

“Insyaalloh, Geulis, salira baris jadi puputon haté...,” Si Ayah ngagerentes jeroeun haténa. Gilig rék mihukum Vie, ngamulyakeun hirupna.***

 

Tepiswiring, Lembang ka subuhnakeun, Agustus 2023        
 (Dimuat dina Galura Edisi II September 2023)

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler