Kabayan Ngalanglang Jaman (6): Nu Tunggara Manah, Midangdam Katresna

7 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA /

SANGKURIANG angger uleng ngaragameneng.

Pikiranana ngan museur ka nu hiji: Dayang Sumbi!

Nénjo polah Sangkuriang kitu peta, dina sorot panon anu kosong nujul ka jauhna, Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa ukur papelong-pelong.  

"Aéh,.., ku naon pameunteu téh mani kucem kitu, Anom?" ceuk Ki Amuksaketi. Paneuteupna teu ingkah ti beungeut Sangkuriang anu kucem, ngemu kangungun.

"Enya, ku naon mani kucem, Anom?" Ki Amuksalaksa milu ngéngklokan. "Sok, balaka wé ka kaula duaan... ulah dipendem baé ku salira... bisi jadi éwateun..."

Angger. Sangkuriang teu kagareuwahkeun ku nu datang tukangeun.

Nénjo kitu, Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa ukur papelong-pelong.

Duanana silitoél, pakumaha-kumaha.  

"Anom...!" Antukna Ki Amuksaketi nyoara deui.

"Anom...!" Ki Amuksalaksa gé pipilueun deui nyoara.

Ahirna silitémpas, siliéngklokan.

"Anom...!"

"Anom...!"

Ngadéngé di tukangeun aya sora anu silitémpas siga sora badungbangpak tepak kendang, Sangkuriang geuwat malik ka tukang. Gebeg ngarénjag demi katénjo badégana anu duaan keur deku-deku baé tukangeunana.

"Aéh..., geuning Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa?! Iraha araya di dieu? Geus lila?"

"Duh, Anom mah... Nganggap siluman meureun, nya, ka kaula duaan téh...! Kakara, Anom, kakara jol pisan...," ceuk Ki Amuksaketi bari tuluy cengkat tina dekuna.

"Enya, Anom, kakara jol pisan," Ki Amuksalaksa ngéngklokan, bari pipilueun cengkat. "Éta, Anom, ku naon Anom bet ngungun?"

"Na, ari Ki Amuksalaksa..., kawas nu teu apal baé kula keur nandangan tunggara téh..."

"Baruk? Tunggara?"

Tarang Ki Amuksalaksa kerung, bari tuluy melong ka baturna.

"Tunggara, Anom?"

Tarang Ki Amuksaketi gé milu kerung. "Naon nu jadi lantaranana, Anom? Padahal kurang kumaha saktina, Anom téh. Dano gé geuning ku Anom mah bisa dibendung. Atuh parahu anu tadina diancokeun keur lalayaran Anom jeung Endén Dayang Sumbi, ku Anom mah bisa dijungkir-balikkeun. Sok, rék tunggara kumaha?"

"Enya, Anom. Sok, rék tunggara kumaha? Mun kaula jadi Anom, kana tangtu jauh tina tunggara..."

"Ukuran kabagjaan mah lain éta, Ki Amuksaketi, Ki Amuksalaksa, tapi tumaninahna haté," omong Sangkuriang semu ngagerendeng.

"Baruk, manah? Na ku naon manah Anom téh, kitu? Raheut? Raheut manah, Anom téh?"

"Heueuh. Malah leuwih-leuwih ti kitu. Nya raheut, nya rajét, nya ringsek."

"Atuh leuwih-leuwih ditindihan ku salaksa gunung ari kitu mah, Anom. Éta da Anom mah sok sagala diborong. Hawek, nu kitu téh, Anom. Singkahkeun, bisi jadi matak..."

"Naon nu sagala diborong téh, Ki Amuksalaksa? Lebah mana hawekna ari kula?"

"Enya, éta..., nya raheut, nya rajét, nya ringsek. Émbohan wé ku pejét, Anom. Keun, lah, itung-itung ditindihan ku salaksa gunung."

"Si! Sok ngalantur Ki Amuksalaksa mah... Kieu, Ki Amuksalaksa, Ki Amuksaketi... ari nu jadi sabab pangna kula nandangan tunggara téh, meureun arandika gé geus padanyaho."

"Naon téa, Anom?"

"Enya, naon téa, Anom?" Ki Amuksalaksa deui-deui ngéngklokan baturna, bari nginget-nginget.

Teu lila, Ki Amuksalaksa nepak tarang.

"Euh..., éta téa meureun, nya... Endén Dayang Sumbi téa, nya, Anom?"

"Tah, geuning surti?! Naha atuh tadi kawas nu teu surti baé? Diajak nyarita téh kalah ngalér-ngidul, arandika mah..."

"Is, lain ukur ngalér-ngidul, Anom. Malah mah tepi ka ngulon-ngétan sagala..."

"Tah enya, lain ukur ngalér-ngidul, Anom. Pokona mah papat madhab wé..."

"Hus! Ari Ki Adi, bet hayoh ngéngklokan baé! Lain néangan deui picaritaeun séjén..."

"Is, sakieu gé milu ngomong, Ki Lanceuk. Coba mun balem ti tatadi, meureun andika teu boga batur keur diajak ngomong!"

"Naha da nu diajak ngomong ku kaula mah Anom Sangkuriang, lain andika!"

"Moal ramé, Ki Lanceuk, ngomong jeung Anom Sangkuriang mah. Kawas tunggul. Hayoh kéh andika dianggap jelema teu waras..."

"Hus! Ka mana karep nyarita téh!" omong Ki Amuksaketi, muncereng ka baturna. "Keun kaula mah teu nanaon dianggap jelema teu waras gé, éta ku wani-wani andika nyebut tunggul ka Anom?! Cing atuh ulah tunggul teuing! Teu sopan. Teu tata-titi!" 

“Mun lain tunggul, naon atuh?”

“Arca!”

“Euh, ka batur nyebut teu sopan, teu tata-titi. Sarua baé geuning andika gé! Taya tata-titina!”

Mireungeuh pamolah badégana duaan pacéntal-céntal omongan, Sangkuriang ukur mésem.

"Geus, teu kudu pacéntal-céntal. Taya hartina!” omong Sangkuriang. “Geus, ayeuna mah pangmikirankeun wé kula, kudu kumaha deui atuh kétak kula téh sangkan Dayang Sumbi geura-geura kapanggih laratanana. Reup peuting, bray beurang téh angger we ieu haté teu tinemu kawarasan baé..."

"Dalah dikumaha, Anom, kapan salila ieu gé kaula duaan téh lain teu béla. Kaula duaan téh geus ider-ideran ka ditu-ka dieu, ngitung lembur milangan kori téh lain ukur babasan. Sakuliah marcapada éstu geus kaubek kabéh. Tapi demi nu ditéangan éstu teu kapanggih laratanana.”

“Leres, Anom,” Ki Amuksalaksa nyela omongan Ki Amuksaketi. “Cohagna mah, Dayang Sumbi téh lir kateureuy ku bumi, lir nu ngahiang di alam peteng..."

Kakara gé anggeus Ki Amuksaketi ngomong kitu, jol aya sora ngaguruh tarik naker. Tatangkalan tingpelendoy-tingrarieg, malah sawaréh mah aya nu runtuh, méh baé ninggang ka nu tiluan.

Untungna kalawan rikat maranéhna ingkah ti dinya.

"Tobat, tobaaat! Aya naon ieu téh?!" omong Ki Amuksaketi mani pias, bari tuluy melong ka Ki Amuksalaksa anu leuwih-leuwih ti pias.

"Hih, nyao! Na bet nanyakeun ka kula?!" témbal Ki Amuksalaksa bari rarat-rérét ka saban madhab.

Ngan Sangkuriang anu katémbong henteu tagiwur téh.

Sangkuriang taki-taki masang jurus. Panca indrana siap sayaga bisi aya bahaya anu ngancam maranéhanana.

Basa aya tangkal pinus runtuh rék ninggang pisan manéhanana, rikat pisan Sangkuriang ngagajleng ngajauhan.

“Haram jadah!” pokna, ngagorowok.*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (7): Nyasar ka Jaman Sangkuriang

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler