Ceuk Sakaol Syeh Abdul Muhyi Pamijahan Tasikmalaya, Rundayan Raja Pajajaran  

- 16 Oktober 2023, 17:38 WIB
Cungkup Makam Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan Kabupaten Tasikmlaya. Kaol bibit buit Syeh Abdul Muhyia aya dua: rundayan Mataram jeung Rundayan Pajajaran
Cungkup Makam Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan Kabupaten Tasikmlaya. Kaol bibit buit Syeh Abdul Muhyia aya dua: rundayan Mataram jeung Rundayan Pajajaran /Nanang S/galura.co.id

Rengse ngalakonan ibadah haji, henteu balik deui ka Ampel atawa ka Matarama, Lombok, tapi ngajujug Pulo Jawa bagean kulon. Inyana teh hayang nyebarkeun agama Islam di Tatar Sunda di daerah pagunungan  nu masarakatna can wanoheun kana agama Islam. Anjog wae ka pilemburan nu pernahna di leng­kob pasir nu ngaranna Mujarrad.

Baca Juga: Urang Tionghoa di Nusantara Tadina Nyimpang Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah

Manggih guha

Di dieu, Syeh Abdul Muhyi  manggih guha nu badag jeung panjang, merenah pisan dipake kontemplasi jeung keur leuwih ngandelan kaimanan jeung katakwaan. Di Mujarrad, inyana ngadegkeun pasantren, pasantren mungaran di wewengkon Pri­angan.  Salahsajiji tempat diajar parasantrina di rohangan guha nu kawilang lega.

Guhana disebut Guha Safarwadi. Ceuk tradisi lisan di Pamijahan nu pernahna di Keca­matan Bantarkalong, Kabupaten Tasikmalaya, Syeh Ab­dul Muhyi ayana di Guha Safarwadi teh keur meruhkeun nu keur ngalap elmu batara karang. Ieu guha  sok dipake tatapa ku nu hayang mibanda elmu atawa ajian batu karang.

Syeh Abdul Muhyi meruhkeun atawa nyieuhkeun nu keur ngalap ajian batu karang teh pedah dipenta tulung ku bupati Sukapura. Syeh Abdul Muhyi mampu ngayonan nu keur tatapa sarta bisa ditalukkeun. Dumasar tradisi lisan,  Syeh Abdul Muhyi anjog ka Guha Safarwadi teh tanggal 12 Mulud taun 854 Hijriyah nu matak bulan Mulud loba nu ngadon jaroh ka dinya, asup ka Guha Safarwadi nu geus make lawang saketeng.

Guha Safarwadi saterusna ku Syeh Abdul Muhyi dipake salahsahiji tempat pikeun ngajarkeun bag-bagan agama Islam, babakuna pangajaran nu merelukeun konsenstrasi luhur, upamana ngajarkeun tarekat. Santri-santrina dibawa ka guha. Pasantrenna memang henteu di guha, tapi di lembur nu teu jauh ti guha.

Baca Juga: Pangeran Wangsakerta, Sejarawan Legendaris Cirebon  Ngalelempeng Riwayatna Sorangan

Pamarekan budaya

Dina nyebarkeun agama Islam, Syeh Abdul Muhyi nerapkeun pamarekan budaya. Henteu langsung ngajarkeun atawa ngawanohkeun agama, henteu taragal. Syeh Abdul Muhyi resep tutulung, malah jadi tabib, mindeng ng0batan nu gering, boh gering batin boh gering lahir. Inyana tempat konsultasi urang lembur.

Nu matak teu aneh urang lembur dina ngagem agama Islamna teh henteu karana dipaksa, tapi ku kasadaranana sorangan. Syeh Abdul Muhyi oge ngajarkeun du’a-du’a nu dicokot tina al-Qur’an pikeun ganti jangjawokan, jampe nu geus lila dipiwanoh ku masarakat jeung dipercaya keneh kana kaampuhanana.

Syeh Abdul Muhyi tetep renggenek di Pamijahan lilana 40 taun ti taun 854 Hijriyah tepi ka taun 894 Hijriyah. Wafat taun 1151 Hijriyah atawa taun 1730 Masehi dina umur 80 taun. Dikurebkeun di hiji pasir di sisi lembur, rada jauh ti Guha Safarwadi. Bisa disebutkeun pajaranana teh paeunteung-eunteung jeung Guha Safarwadi.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah