Éta masjid kiwari geus barobah wujudna sarta nepi ka ayeuna masih diparaké kénéh. Padahal mah nya mun karaton teu ditugar, kawasna Sukaraja baris didareugdeug ku sémah ti mana-mendi. Sukaraja jadi puseur sajarah Tasik, lir Kota Jogyakarta, Surakarta, Deli Serdang, Kutai, atawa nu deukeut Kota Cirebon,
Rajakaya titinggal Karajaan Sukapura sawah dalem anu 1egana 12 hektare, balong, kebon awi, jeung puluhan tangkal kalapa anu nepi ka kiwari masih tetep dipertahankeun ku pihak yayasan anu dipupuhuan ku alpukahna Rd. Harumaén Wiratanuningrat. Hasilna dipaké keur ngabayuan para juru kunci limaan kaasup Satori sorangan.
Leungitna bangunan karaton ngarupakeun karugian badag pikeun urang Sukaraja husuna jeung kerur urang Tasikmalaya umumna. Entragan kiwari kaasup urang dinyana sorangan loba nu teu arapaleun di Sukaraja téh baheulana aya pusat pamaréntah karajaan. Ahli sajarah, mah loba ngahaja nalungtik sajarah Karajaan Sukapura.
Anu daratang téh sok manghanjakalkeun ku leungitna bangunan karaton. Untungna wé masih aya musieum nu neundeun barang-barang pusaka titinggal Karajaan Sukapura. Nu nganjang ka urut karaton Sukapura, sok terus ka museum. Tas ti museum terus wé nyalekar ka pasaréan para raja di Gunung Baganjing.
Balukar pindah
Alatan kaayaan pulitik jaman harita, taun 1831 Karaton Sukapura ditinggalkeun ku Kangjeng Raja Tumenggung Wiradadaha VIII jeung Patih Danuningrat. Karajaan Sukapura pindah ka Harjamukti (Manonjaya). Pindahna pusat karajaan aya pangaruh perang Diponogoro (1825-1830) di Yogyakarta.
Lian ti balukar perang Diponégoro, alesan séjénna pangna pindah, pédah wilayah kakawasaan Sukapura beuki ngalegaan. Taun 1831 Afdeeling Sukapura ngabogaan wilayah legana 260.312,13 hektare cacah jiwana 4.687 urang. Ku kituna puseur pamaréntahanana kudu aya di tempat nu babari kajugjug ti mana-mana.
Ku pindahna pusat Karajaan Sukapura ti Sukaraja ka Manonjaya, karaton anu diwangun Kangjeng Raja Radén Wirawangsa alias Tumenggung Wiradadaha taun 1632 Masehi téh, kurang karumt. Ku kituna wangunan karaton nu sakitu agréngna beuki lila beuki ruksak. Ka béhdieunakeun dipaké bangunan keur kapentingan umum.
Lain ngan Karaton Sukapura nu ngaleungit téh, Karaton Sukapura di Manonjaya ge taya wujudna. Ngan Manonjaya mah masih boga titinggal sajarah, Masjid Manonjaya nu diadegkeun ku alpukahna RT Danuningrat taun 1837 Maséhi. Kabeneran deuih urang Manonjaya teu wanieun ngarobah kaaslian arsitekna.
Sanggeus Indonésia merdika, taun 1947 Karajaan Sukapura salin jinis jadi pamaréntahan Kabupatén Tasikmalaya. Nu matak di handapeun lambang kabupatén aya tulisan “Sukapura Ngadaun Ngora”.***