Subanglarang, Pasukan Berkuda nu Nyerang dina Waktu Subuh, Prabu Siliwangi Ngagem Agama Islam

- 15 September 2023, 19:00 WIB
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, seuweu Subanglarang. Ari Subanglarang bojona Jaya Dewata.
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, seuweu Subanglarang. Ari Subanglarang bojona Jaya Dewata. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bojo ka-2 Jayadewata (Sribaduga Maharaja atawa leuwih sohor ku julukan Prabu Siliwangi) teh Subanglarang. Tina sababaraha sumber di Bogor, Kawali jeung di Cirebon, boh tina sejarah lisan, babad, boh tina Naskah Wangsakerta, bapana Subanglarang teh Ki Gedeng Tapa.

Ari Ki Gedeng Tapa taya lian seuweu bungsu Prabu Wastukancana ti Mayangsari, siwi Prabu Bunisora, pamanna Prabu Wastukancana. Anu pangais bungsu ngaranna: Ki Gedeng Kasih, ari nu cikal: Dewa Niskala.

Ki Gedeng Kasih jeung Ki Gedeng Tapa diparéntah sina ngababakan di wewengkon basisir kalér, sarta saterusna jadi pamingpin di éta wewengkon. Déwa Niskala mah teu sina lunta di Karaton Surawisésa di Kawali. Ku sabab anak cikal tur lalaki, Déwa Niskala digadangkeun bakal ngaganti Prabu Wastukancana.

Ki Gedeng Kasih nu jadi pamingpin di Sindangkasih boga siwi nu ngarannna Nyi Ambet Kasih, bojo munggaran Jayadéwata. Ki Gedéng Tapa boga siwi nu ngaranna Subanglarang nu sarua dipibojo ku Jayadewata.

Baca Juga: Galuh Jadi Ciamis  Aya Dugaan Udagana keur Megatkeun Dinasti Galuh

Jayadewata kawin deui ka Nyi Kentring Manik Mayang Sunda, siswi Prabu Susuk Tunggal, seuweu Prabu Niskala Wastukancana ti putri raja Lampung. Ku sabab Susuk Tunggal teu boga anak cikal lalaki, Jayadewata jadi putra mahkota, nu bakal ngaganti mitohana.

Jayadewata saterusna matuh di Pakuan Pajajaran. Subanglarang dibawa ku Jayadewata ka Pakuan Pakuan. Ari Nyi Ambet Kasih teu kacatur dibawa ka Pakuan Pajajaran.

Subanglarang diperenahkeun di Balé Agung, di luareun karaton Pakuan Pajajaran, jadi henteu sasuhunan jeung Nyi Kentring Manik Mayang Sunda.

Pangna Subanglarang daékkeun diajak ka Pakuan Pajajaran, sina salembur jeung maruna, bisa jadi dina rararaga keur nyebarkeun agama Islam.

Méméh kawin ka Jayadewata, Subanglarang geus muka pasantrén di wewengkon nagri Singapura. Anu ngawaragadanana taya lian ti bapana, Ki Gedeng Tapa.

Baca Juga: Agama Sunda Diaragem Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Pulo Jawa

Dina sababaraha sumber sejarah, Jayadewata bisa mibojo Subanglarang alatan unggul sayembara. Subanglarang teh loba nu mileuleuheungkeun. Ki Gede Tapa terus ngagelar sayembara. Turnamen ngadu kasakten. Jayadewata unggul sarta bisa ngadahup ka Subanglarang.

Ceuk sumber ti Bogor mah nu disaémbarakeun teh saenyana lain Subanglarang, tapi nu séjén, anu unggulna oge lain Jayadéwata. Cenah, saembara nu diayakeun ku Ki Gedéng Tapa téh keur nyimbutan kawinna Jayadéwata ka Subanglarang.

Tujuanana sangkan masarakat Galuh jeung Pakuan Pajajaran teu eungeuheun Jayadewata geus asup agama Islam. Méméh kawin Jayadewata macakeun sahadat, maké basa Sunda jaman harita, lain maké basa Arab. Subanglarang teh geus ngagem agama Islam, sarta moal bisa kawin non Islam.

Subanglarang nu asli turunan Galuh, babakuna ti bapa, sanggeus tilar, mulang ka asal, dikurebkeun di wewengkon Galuh, wétaneun Ci Tarum, walungan nu sok dipaké tapel wates Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda mun Karajaan Sunda-Galuh dipisahkeun, upamana jaman Déwa Niskala jeung Susuk Tunggal.

Baca Juga: Bulan Mulud, Makam Sunan Pada di Karedok Kabupaten Sumedang Loba nu Ngajarohan

Seuweu Subanglarang, nyaeta Kéansantang atawa Walangsungsang, Larasantang jeung Jaya Sangara saditinggalkeun ku biangna baralik deui ka wewengkon Galuh. Ngan leuwih milih dumuk di basisir kalér batan dumuk di wewengkon Kawali, di deukeut Karaton Surawisésa.

Pasukan Berkuda

Subanglarang saliwat mah bener-bener siga ngaran Sunda, ngaran nu nyunda. Komo deuih apan subang téh ngaran séjén keur giwang atawa suweng, hiasan nu ditapelkeun dina tungtung ceuli beulah handap, biasana dipaké ku kaum wanoja nu geus meunang umur. Wanoja nu ngora atawa rumaja mah maraké anting.

Aya nu nyebutkkeun ngaran subang saenyana mah dicokot tina al-Qur’an Surat al-Adiyat (Pasukan Berkuda), ti ayat 1 tepi ka ayat 3: perhatikeun pasukan kuda nu tarik lumpatna, anu sing burinyay seuneu dina talapokna, anu nyerang di waktu subuh. Dina ieu ayat aya kecap subhang nu hartina pasukan kuda nu nyerang waktu subuh.

Diémbohan ku kecap larang keur nyirikeun nu boga ngaranna manusa pinilih, manusa nu hadé, nu beresih, nu suci jeung boga kalungguhan nu penting. Bandingkeun waé jeung kecap leuweung larangan, leuweung anu dianggap suci, teu meunang diruksak lantaran gedé mangpaatna keur kahirupan di dunya.

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Niskala Wastu Kancana

Bisa jadi anu méré ngaran ka seuweu (anak) Ki Gedéng Tapa téh Syéh Hasanuddin, ulama ti Campa (Viétnam) nu milu kana muhibah armada Cina nu dipingpin ku Laksamana Chéng Ho. Syéh Hasanuddin nu sanggeus muka pasantrén di Karawang dijulukan Syéh Quro, tangtu waé masagi dina bag-bagan agama Islamna.

Keur leutik, Subanglarang ngaranna Nyi Arum Kadarwati, disebut ogé Nyai Larang Tapa, pédah seuweuna Ki Gedeng Tapa. Ceuk dina legénda, Nyi Arum Kadarwati téh kacida pisan dipikanyahana ku Ki Gedéng Tapa. Eukeur mah hadé rupa, cacak dumuk di daérah kalér nu hawana panas, paripolahna pikapujieun pisan.

Lian ti éta, Nyi Arum Kadarwati téh ngajina genaheun pisan, mun keur ngaji, nu ngabandunganana matak katodél mamarasna, matak tingsariak, malah mah ngalantarankeun hayang nyaho ngeunaan agama Islam. Pamanahrasa atawa Jayadéwata ogé cenah mimitina mah kabéngkat ku sora Nyi Arum Kadarwati basa keur ngaji.

Ku negetan kalinuwihanana, babakuna dina bag-bagan agama Islam, kaasup sorana mun keur ngaji, ku Syéh Quro, Nyi Arum Kadarwati dianggap saperti pasukan berkuda nu nanjeurkeun bebeneran nu narajang musuh waktu subuh. Nu matak dingaranan Subanglarang. Kecap subang dicokot tina Surat al-Adiyat: subhang.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah