Subanglarang, Pasukan Berkuda nu Nyerang dina Waktu Subuh, Prabu Siliwangi Ngagem Agama Islam

- 15 September 2023, 19:00 WIB
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, seuweu Subanglarang. Ari Subanglarang bojona Jaya Dewata.
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, seuweu Subanglarang. Ari Subanglarang bojona Jaya Dewata. /Nanang S/galura.co.id

Méméh kawin ka Jayadewata, Subanglarang geus muka pasantrén di wewengkon nagri Singapura. Anu ngawaragadanana taya lian ti bapana, Ki Gedeng Tapa.

Baca Juga: Agama Sunda Diaragem Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Pulo Jawa

Dina sababaraha sumber sejarah, Jayadewata bisa mibojo Subanglarang alatan unggul sayembara. Subanglarang teh loba nu mileuleuheungkeun. Ki Gede Tapa terus ngagelar sayembara. Turnamen ngadu kasakten. Jayadewata unggul sarta bisa ngadahup ka Subanglarang.

Ceuk sumber ti Bogor mah nu disaémbarakeun teh saenyana lain Subanglarang, tapi nu séjén, anu unggulna oge lain Jayadéwata. Cenah, saembara nu diayakeun ku Ki Gedéng Tapa téh keur nyimbutan kawinna Jayadéwata ka Subanglarang.

Tujuanana sangkan masarakat Galuh jeung Pakuan Pajajaran teu eungeuheun Jayadewata geus asup agama Islam. Méméh kawin Jayadewata macakeun sahadat, maké basa Sunda jaman harita, lain maké basa Arab. Subanglarang teh geus ngagem agama Islam, sarta moal bisa kawin non Islam.

Subanglarang nu asli turunan Galuh, babakuna ti bapa, sanggeus tilar, mulang ka asal, dikurebkeun di wewengkon Galuh, wétaneun Ci Tarum, walungan nu sok dipaké tapel wates Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda mun Karajaan Sunda-Galuh dipisahkeun, upamana jaman Déwa Niskala jeung Susuk Tunggal.

Baca Juga: Bulan Mulud, Makam Sunan Pada di Karedok Kabupaten Sumedang Loba nu Ngajarohan

Seuweu Subanglarang, nyaeta Kéansantang atawa Walangsungsang, Larasantang jeung Jaya Sangara saditinggalkeun ku biangna baralik deui ka wewengkon Galuh. Ngan leuwih milih dumuk di basisir kalér batan dumuk di wewengkon Kawali, di deukeut Karaton Surawisésa.

Pasukan Berkuda

Subanglarang saliwat mah bener-bener siga ngaran Sunda, ngaran nu nyunda. Komo deuih apan subang téh ngaran séjén keur giwang atawa suweng, hiasan nu ditapelkeun dina tungtung ceuli beulah handap, biasana dipaké ku kaum wanoja nu geus meunang umur. Wanoja nu ngora atawa rumaja mah maraké anting.

Aya nu nyebutkkeun ngaran subang saenyana mah dicokot tina al-Qur’an Surat al-Adiyat (Pasukan Berkuda), ti ayat 1 tepi ka ayat 3: perhatikeun pasukan kuda nu tarik lumpatna, anu sing burinyay seuneu dina talapokna, anu nyerang di waktu subuh. Dina ieu ayat aya kecap subhang nu hartina pasukan kuda nu nyerang waktu subuh.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah