Galuh Jadi Ciamis  Aya Dugaan Udagana keur Megatkeun Dinasti Galuh

- 14 September 2023, 13:00 WIB
Bupati Ciamis jeung Wabup Ciamis, Herdiat Sunarya jeung Yana D Putra, salasahiji kepala daerah hasil Pilkada Serentak 2018. Tadina boga niat rek ngaganti Ciamis jadi Galuh,  ngan teu jadi.
Bupati Ciamis jeung Wabup Ciamis, Herdiat Sunarya jeung Yana D Putra, salasahiji kepala daerah hasil Pilkada Serentak 2018. Tadina boga niat rek ngaganti Ciamis jadi Galuh, ngan teu jadi. /Nanang S/Galura

GALURA.CO.ID -Digantina ngaran Kabupatén Galuh jadi Kabupatén Ciamis tepi ka ayeuna tacan kaungkab naon sababna. Diduga keur megatkeun dinasti Galuh di pamaréntahan.

Guru besar sejarah manten di Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, Sobana Hardjasaputra, S.S., M.A., nyebutkeun masarakat Ciamis loba ngagunakeun ngaran Galuh lantaran Galuh mibanda sejarah nu jelas sarta kungsi nyatetkeun kamashuran jeung kajayaan.

Dina sejarah, ngaran Galuh ti abad ka-7 tepi ka abad ka-16 teu eureun-eureun ngélébét, ti mimiti ngaran karajaan tepi ka ngaran kabupatén. “Karajaan Galuh ngadeg abad ka-7 Maséhi, anu ngadegkeunana Wretikandayun. Tepi ka abad ka-16 masih dipaké jadi ngaran kabupatén, Kabupatén Galuh," ceuk Sobarna.

Baca Juga: Agama Sunda Diaragem Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Pulo Jawa

Puncak kajayaan Karajaan Galuh jaman pamaréntahan Prabu Niskala Wastu Kancana, puseur karajaanna di Kawali Ciamis. “Ngaran Galuh henteu terus ragrag pamorna najan ti taun 1595 jadi daérah patalukan (vassal) Mataram. Kitu deui jaman dikawasa ku VOC ti taun 1705 tepi ka ahir abad ka-18,” ceuk Sobana.

Waku dibupatian ku Kusumadiningrat (1839-1886), pamor Kabupatén Galuh kuat pisan, jadi kabupatén nu pada ngambeuh, kaasup ku Walanda. Kusumadiningrat hiji-hijina bupati nu wani ngabubarkeun sistim tanam paksa, jeung hiji-hijina bupati nu mampu ngarobah rarancang Belanda waktu nyieun jalan karéta api

Dina legenda

Ngaran Galuh ogé nyampak dina legénda atawa tradisi lisan. Ceuk Sobana dina wawacan Sajarah Galuh upamana disebutkeun ngaran Galuh geus aya ti jaman prasejarah, dipaké ngaran ratu, Ratu Galuh nu ngadegkeun karajaan di Lakbok sanggeus meruhkeun raja Siluman. Ratu Galuh pindah ka Lakbok lantaran karajaanana kaléléb ku cai laut.

Wewengkon nu kiwari ngaranna Ciamis mimiti dijieun dayeuh téh ti jaman bupati Galuh dicangking ku Sutajaya nu asalna ti Cirebon taun 1815, bupati panyelang nu pamungkas. Pikeun kaperluan muka daérah Ciamis, Sutajaya teu ngantor di Imbanagara, tapi ngahaja nyieun pasanggarahan di Burung Diuk, katelah ku ngaran Pasanggrahan Sindang.

Baca Juga: Bulan Mulud, Makam Sunan Pada di Karedok Kabupaten Sumedang Loba nu Ngajarohan

Méméh dibangun, wewengkon Ciamis téh leuweung jeung loba rawa atawa situ nu laleutik. Éta sababna di Kota Ciamis tepi ka ayeuna aya ngaran Lembursitu, pernahna hareupeun situs sejarah Jambansari komplék makam Kusumadiningrat, bupati Galuh nu gedé pangaruhna.

Sésa rawana ogé masih kapanggih, di sisi Jalan Ahmad Yani, tukangeun rumah makan Padang, ari usum hujan sok mucunghul cinyusu. Méméhna mah ngaran Ciamis téh Cibatu. Ngaran Ciamis mucunghul waktu Sutajaya ngabangun ieu wewengkon. Cenah waktu ngabendung Susukan Cimemen, hilireunana loba laukan.

Galuh jadi Ciamis

Ku sabab Sutajaya urang Cirebon nu geus loba kapangaruhan ku Mataram tepi ka basa di Cirebon kacampur ku basa Jawa, bau hanyir lauk téh disebut amis. Katambah deui, urang Galuh raresepeun ngadahar lauk. Tepi ka ayeuna ogé urang Ciamis ari meuleum lauk sok langsung dikusrukeun kana ruhak, asakna ogé satengah mateng.

Duka kumaha mimitina dayeuh atawa kota anyar saterusna katelah ku sebutan Ciamis nu dina basa Jawa mah hartina cai nu hanyir. Ngaran Cibatu jadi leungit kalindih ku ngaran Ciamis. Aya deui pamanggih nu nyebutkeun Ciamis teh ngaran wewengkon.

Sutajaya ukur kuateun sataun jadi bupati Galuh lantaran teu dipikaresep ku urang Galuh tepi ka diusirna sina balik ka Cirebon. Jaman pamaréntahan Sutajaya, wewengkon Kabupatén Galuh nyaeutikan.

Wewengkon Pasirpanjang, Kawasén (Banjarsari), Pamotan (Padahérang), Cikembulan jeung Cijulang diasupkeun ka Kabupatén Sukapura nu harita puseur dayeuhna di Manonjaya. Wétaneun Ci Tanduy jadi bawahan Propinsi Jawa Tengah.

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Niskala Wastu Kancana

Wewengkon Kabupatén Galuh, ukur Imbanagara, Cibatu jeung Utama. Unggal daérah Kabupatén Galuh boga pamaréntahan sorangan. Imbanagara diicekel ku Patih Wiradikusumah, Cibatu ku Patih Jayakusuma, Utama dicekel ku Patih Wiratmaka. Nu ngalantarankeun Sutajaya kabur taya lian ti tarékah Patih Wiratmaka.

Anu ngaganti Sutajaya, Wiradikusuma, taun 1816 jaman Nusantara geus dikawasa deui ku Walanda –tadina dikawasa ku Inggris ti taun 1811-1815-- mindahkeun puseur dayeuh Kabupatén Galuh ti Imbanagara ka dayeuh anyar nu saterusna disebut Ciamis téa. Ngaran kabupaténna angger Galuh tepi ka jaman bupati Kusumasubrata (1886-1914).

Walanda lir nu manggih jalan sangkan turunan raja-raja Galuh teu boga kalungguhan jadi bupati waktu seuweu (anak) Kusumasubrata, nyaéta Oto Gurnita Kusumasubrata ngadegkeun Negri Pasundan sarta nentang pisan Waalanda. Satilarna Kusumasubrata, Belanda ngangkat bupati Galuh lain turunan raja-raja Galuh.

Kabupatén Galuh ku Walanda sina dicekel ku Sastrawinata (1914-1936). Asalna ti Purwakarta, teu kakocoran rundayan Prabu Haur Konéng. Dua taun sanggeus jadi bupati Galuh, Sastrawinata ujug-ujug ngaganti kabupaténna jadi Kabupatén Ciamis, nyokot ngaran puseur dayeuh anyar kabupaténna.

Can kaungkab

Tepi ka kiwari para sajarawan tacan manggih sumber-sumber nu ngungkabkeun naon alesanana Sastrawinata ngarobah ngaran Kabupatén Galuh. Naha mémang kahayang masarakat Galuh, dititah ku Walanda, atawa karep Sastrawinata.

Gedé kamungkinan Sastrawinata ngarobah ngaran Kabupatén Galuh jadi Kabupatén Ciamis téh dumasar dongsokeun Walanda, sangkan turunan Galuh teu ngarasa boga hak keur nyekel pamaréntahan di Kabupatén Ciamis. Belanda sigana teu bisa sagemblengna meruhkeun bupati-bupati turunan raja-raja Galuh.

Bupati Kusumadiningrat (1839-1886) apan nu ngaleungitkeun sistim paksa di Kabupatén Galuh sarta ngadongsok Walanda sangkan meuli hasil perkebunan jeung tatanén dumasar harga pasar. Lian ti éta mampuh maksa Walanda ngarobah jalur karéta api nu tadina moal ngaliwat ka Ciamis, jadi sina ngaliwat ka kota Ciamis.

Sastrawinata, teu kawas bupati rundayan Galuh, teu bisa nolak kana kahayang Walanda. Kawasna méméh diangkat jadi bupati Galuh, Walanda jeung Sastrawinata geus nyieun kasapukan. Lebah dieu Sastrawinata nyatujuan sarat nu diasongkeun ku Walanda: Hég diangkat jadi bupati Galuh tapi kudu ngarobah ngaran kabupaténna.

Bisa jadi deuih, Sastrawinata ogé satujueun nu tujuanana keur megatkeun dinasti Galuh di pamaréntahan. Sastrawinata hariwangeun awal ahir turunan Galuh bakal ngagugat bakal ngahihileudan kalungguhan sakumaha nu kaalaman ku bupati panyelang (1806-1815). Bupati panyelang nu lain turunan Galuh teu bisa lila nyekel kalungguhanana.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah