Raden Dewi Sartika Hayang Ngadegkeun Sakola Mimitina Teu Diidinan Bupati Bandung

- 21 Februari 2023, 16:30 WIB
Raden Dewi Sartika (di tengah) diapit ku para guru Sakola Istri/Istimewa
Raden Dewi Sartika (di tengah) diapit ku para guru Sakola Istri/Istimewa /

GALURA - Raden Dewi Sartika, salahsahiji pajoang dina widang atikan di Indonesia nu borojol ti Tanah Pasundan, tetela teu gampang nalika boga rarancang hayang ngadegkeun sakola keur wanoja atawa istri.

Keur ngawujudkeun kahayangna ngadegkeun sakola keur istri, Raden Dewi Sartika kudu sababaraha kali ngawanikeun maneh ngadep jeung "ngolo" Bupati Bandung mangsa harita, Raden Adipati Arya (RAA) Martanegara.

Cek irongan Raden Dewi Sartika, Bupati Martanegara moal hese mere idin ka manehna. Apanan Bupati Martanegara teh kaasup pamingpin nu pikiranna maju, beda jeung bupati sejenna.

Baca Juga: Nu Jarah ka Makam Karamat Sembah Dalem Pangudar Teu Weleh Merul, Bagean I

Baca Juga: Sembah Dalem Pangudar, Jujuluk keur RH Pangeran Panji Argaloka, Hiji Pangeran Cirebon, Bagean II

Baca Juga: Cikao Park, Tempat Wisata Kulawarga Pikaresepeun di Jatiluhur Purwakarta, Hawa Haleungheum Ge Merenah Disungsi

Tapi teu kitu dina kanyataanna mah. Sakumaha anu dicatet dina @lampaubercerita, RAA Martanegara, mimitina mah teu sapuk kana pamikiran Raden Dewi Sartika. Saurna, wanoja mah teu kudu rea kahayang, babakti ka salaki ge geus cukup.

Ngan sabada terus ditepungan jeung diolo, Bupati RAA Martanegara antukna ngidinan Raden Dewi Sartika ngadegkeun lembaga pendidikan keur kaom istri. Sakola Istri antukna ngadeg jeung mimiti ngajar ka sawatara murid. Sakolana, dina wangunan bogana Bupati.

Rade Dewi Sartika tangtu bungah kacida sabada meunang paidin ti RAA Martanegara. Karep manehna supaya harkat wanoja atawa istri satata jeung lalaki dina lingkungan sosial, gede harepan ngawujud ku ayana eta sakola.

Baca Juga: Umur 10 Taun ka Luhur, Buah Tangkal Kopi Ngurangan, Ngungkulanana Ngabarukeun Tangkal Kopi

Sabada Sakola Istri ngadeg bari guruna ngan tiluan ( Raden Dewi Sartika, Ibu Purma, jeung Ibu Uwit), awitna rea pihak nu teu panuju kana eta sakola.

Ngan lila ti lila, Sakola Istri meunang rojongan nu rea, kaasup ti pamarentah. Pamarentah Walanda harita samalah kacida bungahna ningali aya wanoja nu pikiranna maju.

Eta pamuji teh upamana kaluar ti  J.H. Abdendanon, Cora Vreede de Stuers, jeung Gubernur Jenderal Idenburg nepi ka Raden Dewi Sartika meunang pangajen bintang perak jeung bintang emas. 

Baca Juga: Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat

Mingkin lila, Sakola Istri mingkin mekar wae. Materi ajarna ge nambahan. Lain war katerampilan jeung kasehatan, tapi katambahan ku atikan ngeunaan agama.

Dina taun 1910, ngaran Sakola Istri diganti jadi Sakola Kautamaan Istri nu sakolana nyebar di sawatara tempat di Tatar Sunda. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah