Enteh Jawa Asalna ti Jerman jeung Jepang, Mimiti Dipelakna di Kebun Raya Bogor jeung Cisurupan Garut

- 16 Februari 2023, 16:30 WIB
Ilustrasi kebon enteh atawa teh/Pixabay/Yosi Azwan
Ilustrasi kebon enteh atawa teh/Pixabay/Yosi Azwan /

GALURA - Tangkal enteh (teh) boga lalakon panjang di Indonesia, babakuna di Pulo Jawa hususna deui Tatar Sunda.

Hiji hal nu matak ngirut, ampir kabeh perkebunan enteh nu ayeuna aya jeung dikokolakeun, minangka titingal Walanda.

Hartina, pamarentah atawa swasta nu ayeuna ngokolakeun kebon enteh nu upluk-aplak di sawatara wewengkon mah, can kungsi ngahaja ngababakan pikeun melak enteh.

Baca Juga: Persib Bandung Kudu Nguniang Hudang Deui, DAVID DA SILVA : Sing Yakin kana Kamampuh !

Enya, kabeh titinggal atawa pelak Walanda!

Sakumaha anu diungkab dina hiji buku nu judulna "Perusahaan Teh Swasta di Wilayah Priangan" karangan Titi Ratnawati (1990), tangkal enteh mimiti nincak Pulo Jawa alatan dibawa ku urang Jerman, Dr. Andreas Cleyer dina taun 1817.

Harita, cenah, eta ahli teh ngahaja melak di urang, keur nguji, nahan enteh cocog henteu dipelak di urang.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Ngan ari sacara resmina mah, tangkal enteh mimiti dipelak di Pulo Jawa, sabada Direktur Kebun Raya Bogor nu katelah Dr. C.L. Blume, menta dikirim bibit enteh ti Jepang ka Dr. P.F von Siebold dina taun 1824.

Nurutkeun eta buku, bibit enteh ti Jepang tea, saterusna dipelakeun di Kebun Raya Bogor jeung Cisurupan, Kabupaten Garut.

Sabada hasilna katingali hade, areal keur melakna dilegaan di sawatara wewengkon di Jawa, nepikeun ka perkebunan enteh aya di ditu-dieu.

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Ngan najan perkebunan enteh rea di Pulo Jawa, ari nu ngahasilkeun enteh kualitas hade mah ukur nu aya di wewengkon Priangan.

Antarana wae Perkebungan Bojanagara, Ciumbuleuit jeung Rajamandala di Kabupaten Bandung; Perkebunan Sinagar jeung Parakansalak Kabupaten Bogor; Cisurupan jeung Cikajang Kabupaten Garut; sarta Perkebunan Jatinangor di Sumedang.

Nurutkeun eta buku, awitna, nu ngokolakeun unggal perkebunan enteh teh Pamarentahan Walanda ngaliwatan residen jeung asisten residen. Di unggal perkebunan ngahaja diperenahkeun kapala atawa inspektur.

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Ngan saterusna, alatan hasil tina perkebunan enteh dipandang kurang nguntungkeun, dina taun 1862, Pamarentahan Walanda mikeun kasempetan pikeun ngokolakeun kebon enteh ka swasta Eropah kalawan make sistem kontrak 20 taun.

Nya ti harita, di Priangan mucunghul jurangan-juragan perkebunan di sawatara tempat kaasup di Garut, Subang jeung Kabupaten Bandung. Eta juragan, bejana, aya nu boga kakawasan gede, mapakan para bupati.

Nepi ka ayeuna, perkebunan kopi beunang nyieun Walanda teh aya keneh di sawatara tempat, kaasup di Garut, Bogor, Kabupaten Bandung jeung Subang. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah