Buku Haji Hasan Mustapa: Sufi Besar Tanah Pasundan téh ku nu nulisna dibagi jadi dua bagian. Bagian kahiji ngeunaan riwayat hirupna (“Lelakon Hidup Sang Pujangga-Ulama”), sedengkeun bagian kaduana midangkeun “Alunan Dangding Sastrawan-Sufi”.
Dina bagian kahiji, E Rokajat Asura nempatkeun HHM dina tilu posisi: birokrat, ulama, jeung sastrawan. Malah pikeun ngagambarkeun lalampahan HHM mangsa “utrak-atrok” jeung Snouck Hurgronje, E Rokajat Asura nyutat dangding (pupuh pangkur) “Pangkurangna Nya Hidayat”, dumasar tulisan Jajang A. Rohmana dina Tasawuf Sunda dalam Naskah Asmarandana Ngagurit Kaburu Burit, anu dimuat dina Ulumuna, Vol. 17, No. 2, 2013:
Terus kikiyaian
Tujuh taun geus kitu indit deui
Disampeur ku Tuan Senuk
Bral atrok-atrokan
Ka Kajawan ka Ponorogo Madiun
Surakarta Adiningrat
Jogja Magelang basisir