Ceuk Sakaol Syeh Abdul Muhyi Pamijahan Tasikmalaya, Rundayan Raja Pajajaran  

16 Oktober 2023, 17:38 WIB
Cungkup Makam Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan Kabupaten Tasikmlaya. Kaol bibit buit Syeh Abdul Muhyia aya dua: rundayan Mataram jeung Rundayan Pajajaran /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Pamijahan, Kabupaten Tasikmalaya, kakoncara tempat jaroh. Di dinya dikurebkeun Syeh Abdul Muhyi, nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Tasikmalaya jeung sabudeureunana. Ceuk sakaol inyana teh rundayan raja Pajajaran.

Syeh Abdul Muh­yi anu ma­kamna di Pami­jahan, Kabu­paten Tasik­malaya dianggap nu nyebarkeun agama Islam di weweng­kon Kabupaten Tasik­malaya. Anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon sejen, saperti di Kabupaten Garut, Kabupaten Ciamis, loba nu ngaku rundayan Syeh Abdul Muhyi, paling henteu muridna.

Saha ari Syeh Abdul Muhyi? Ti mana asalna? Aya dua kaol atawa versi. Kaol kahiji nyebutkeun Syeh Abdul Muyi teh masih rundayan Mataram. Ngaran bapana Pamekel Pertempuh, seuweu Sultan Mataram, ari bi­angna ngaranna Nyi Gdeng Kudrat, siwi panguasa Timbang­an­ten. Jadi Syeh Abdul Muhyi boga getih Sunda jeung Jawa.

Baca Juga: Karaton Sukapura Kari Waasna, nu Bisa Cumarita Ukur Museum Alit Luluhur Sukapura

Bisa tepungna jeung wanoja Sunda, Pamekel Pertempuh resep ngalalana ka wewengkon sejen, kaasup ka Tatar Sunda. Lila dumuk di Timbanganten tepi ka kawinna  jeung siwi putri penguasa Timbanganten. Pamekel Partempuh henteu terus tumetep di Timbanganten, bareng jeung bojona ngalalana deui ka wewengkon Cikelet, Garut.

Ngalalana neuleuman agama Islam

Pamekel Partempuh tilar di Cikelet. Seuweuna umurna masih 6 taun nu beh dieu kakoncara ku ngaran Syeh Abdul Muhyi. Kaol hiji deui nyebutkeun Syeh Abdul Muhyi lahir di Mataram, Lombok, taun  1071 Hijirah atawa taun 1650 Masehi. Masih rundayan menak, cenah. Bapana, Sembah Lebe Warta Kusumah, rundayan raja Pajajaran.

Syeh Abdul Muhyi munggaran diajar agama Islam di bapana. Pikeun nambahan pangaweruhna dina bag-bagan agama Islam, Syeh Abdul Muhyi miang ka Ampel, Jawa Timur. Di ditu mondok di pasantren, guguru ka para ulama sohor jaman harita. Umur 19 taun Syeh Abdul Muhyi miang ka Kuala, Aceh, seja leuwih neuleuman agama Islam.

Di Kuala Aceh, Syeh Abdul Muhyi guguru ka Syeh Abdurrauf Singkel nu kakoncara ulama sufi nganut tarekat Syattariyah. Meunang dalapan taun di Kuala Acehna teh, Syeh Abdul Muhyi, harita umurna 27 taun, miang ka Bagdad, jaroh ka makam Syeh Abdul Qadir Jaelani. Ti Bagdad, ngalaksanakeun ibadah haji.

Rengse ngalakonan ibadah haji, henteu balik deui ka Ampel atawa ka Matarama, Lombok, tapi ngajujug Pulo Jawa bagean kulon. Inyana teh hayang nyebarkeun agama Islam di Tatar Sunda di daerah pagunungan  nu masarakatna can wanoheun kana agama Islam. Anjog wae ka pilemburan nu pernahna di leng­kob pasir nu ngaranna Mujarrad.

Baca Juga: Urang Tionghoa di Nusantara Tadina Nyimpang Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah

Manggih guha

Di dieu, Syeh Abdul Muhyi  manggih guha nu badag jeung panjang, merenah pisan dipake kontemplasi jeung keur leuwih ngandelan kaimanan jeung katakwaan. Di Mujarrad, inyana ngadegkeun pasantren, pasantren mungaran di wewengkon Pri­angan.  Salahsajiji tempat diajar parasantrina di rohangan guha nu kawilang lega.

Guhana disebut Guha Safarwadi. Ceuk tradisi lisan di Pamijahan nu pernahna di Keca­matan Bantarkalong, Kabupaten Tasikmalaya, Syeh Ab­dul Muhyi ayana di Guha Safarwadi teh keur meruhkeun nu keur ngalap elmu batara karang. Ieu guha  sok dipake tatapa ku nu hayang mibanda elmu atawa ajian batu karang.

Syeh Abdul Muhyi meruhkeun atawa nyieuhkeun nu keur ngalap ajian batu karang teh pedah dipenta tulung ku bupati Sukapura. Syeh Abdul Muhyi mampu ngayonan nu keur tatapa sarta bisa ditalukkeun. Dumasar tradisi lisan,  Syeh Abdul Muhyi anjog ka Guha Safarwadi teh tanggal 12 Mulud taun 854 Hijriyah nu matak bulan Mulud loba nu ngadon jaroh ka dinya, asup ka Guha Safarwadi nu geus make lawang saketeng.

Guha Safarwadi saterusna ku Syeh Abdul Muhyi dipake salahsahiji tempat pikeun ngajarkeun bag-bagan agama Islam, babakuna pangajaran nu merelukeun konsenstrasi luhur, upamana ngajarkeun tarekat. Santri-santrina dibawa ka guha. Pasantrenna memang henteu di guha, tapi di lembur nu teu jauh ti guha.

Baca Juga: Pangeran Wangsakerta, Sejarawan Legendaris Cirebon  Ngalelempeng Riwayatna Sorangan

Pamarekan budaya

Dina nyebarkeun agama Islam, Syeh Abdul Muhyi nerapkeun pamarekan budaya. Henteu langsung ngajarkeun atawa ngawanohkeun agama, henteu taragal. Syeh Abdul Muhyi resep tutulung, malah jadi tabib, mindeng ng0batan nu gering, boh gering batin boh gering lahir. Inyana tempat konsultasi urang lembur.

Nu matak teu aneh urang lembur dina ngagem agama Islamna teh henteu karana dipaksa, tapi ku kasadaranana sorangan. Syeh Abdul Muhyi oge ngajarkeun du’a-du’a nu dicokot tina al-Qur’an pikeun ganti jangjawokan, jampe nu geus lila dipiwanoh ku masarakat jeung dipercaya keneh kana kaampuhanana.

Syeh Abdul Muhyi tetep renggenek di Pamijahan lilana 40 taun ti taun 854 Hijriyah tepi ka taun 894 Hijriyah. Wafat taun 1151 Hijriyah atawa taun 1730 Masehi dina umur 80 taun. Dikurebkeun di hiji pasir di sisi lembur, rada jauh ti Guha Safarwadi. Bisa disebutkeun pajaranana teh paeunteung-eunteung jeung Guha Safarwadi.***

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler