Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura

27 Januari 2023, 12:30 WIB
Museum Alit Luluhur Sunda di Sukaraja, Kabupaten Tasikmalaya, lahanna dipake banguan keur kapentingan umum (Foto: direktoripariwisata). /


GALURA -Di tukangeun terminal Kacamatan Sukaraja, Kabupatén Tasikmalaya, aya wangunan leutik camperenik. Éta gedong leutik téh dingaranan Museum Alit Luluhur Sukapura nu aya patalina jeung Karajaan Sukapura.

Di jero wangunan Museum Alit Luluhur Sukapura disimpen rupa-rupa barang nu dianggpa titinggal Karajaan Sukapura, ti awit karajaan ngadeg taun 1632 nepi ka tilemna taun 1947.

Barang pusaka nu masih nyampak di Museum Alit Luluhur Sukapura téh saperti gamelan, bendé, makuta, raksukan para raja (tumenggung), pakakas Karajaan Sukapura, korsi, méja, jeung sajabana.

Baca Juga: Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

Kabéh ogé dina kaayaan hadé jeung karumat. Pangurus Yayasan Sukapura sataun sakali maneuh sok meresihan barang-barang bieu bari direureuah ku acara ritual.

Sababaraha méter ti Museum Alit Luluhur Sukapura, ngajugrug tembok anu katembong batana geus lalukutan, perenahna di juru kebon sampeu.

Jangkungna témbok téh aya kana tilu méter jeung rubakna aya lima metéran mah. Ti kajauhan témbok téh teu kaciri, kahalang ku tatangkalan jeung jukut nu jarangkung.

Ceuk masarakar di dinya témbok téh urut karaton Sukapura. Asalna mah témbok téh masih rada lega. Ngan ku lantaran kadéséh ku wangunan, ku sakola, imah warga, puskésmas jeung ku terminal.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Sésa wangungan karaton méh ledis. Anu nyésa mung kari sakitu, kari sajuru.Rundayan Sukapura teu cicingeun, témbok nu masih kénéh ngari téh dipertahankeun.

Sok sanajan kari saménél deui gé lumayan éta tembok téh, cenah, tanda di puseur Sukaraja baheulana aya karajaan kawentar nyaéta Karajaan Sukapura anu jadi cikal bakalna ngadegna pamaréntahan Kabupatén Tasikmalaya.

Teu pati jauh ti Museum Alit Luluhur Sukapura di tebéh tonggoh aya pasaréan para Raja Sukapura. Perenahna di Gunung Baganjing, Kampung Panémbong Désa Janggala.

Lelewek pasaréan para raja mah taya nu wanieun ngaguna-sika. Ti baheula mula nepi ka kiwari dituguran ku juru kunci (kuncén) nu ogé sok nganteur nu jarah.

Baca Juga: Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle

Lahan di puseur Kota Sukaraja asalna mah cenah bogana Karajaan Sukapura. Ayeuna dipake terminal, kantor puskésmas, sakola sareng wangunan sejenna.

Untungna wé sawaréh harta kaya karaton téh masih aya sésana sarta kaburu kasalametkeun ku para rundayan raja, anu ngadegkeun beungkeutan Yayasan Sukapura.

Yayasan Sukapura mampuh mertahankeun jeung ngarawat titinggal Karajaan Sukapura. Lamun teu dirumat kawas kitu mah meureun ledis pisan harta kaya karaton, moal aya sésana.

Ceuk ujaring béja, cenah, Karaton Sukapura sigrong kabina-bina. Di hareupeun karaton anu ayeuna dipaké terminal téh alun-alun karaton, di tengah-tengahna aya opat tangkal caringin badag.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Di hareupeun karaton ngadeg masjid agung sigrong, peuntaseun jalan raya Tasikmalaya-Karangnunggal.

Éta masjid kiwari geus barobah wujudna sarta nepi ka ayeuna masih diparaké kénéh.

Rajakaya titinggal Karajaan Sukapura sawah dalem anu 1egana 12 hektare, balong, kebon awi, jeung puluhan tangkal kalapa anu nepi ka kiwari masih tetep dipertahankeun ku Yayasan Sukapura.

Leungitna bangunan karaton Sukapura teh karugian badag pikeun urang Sukaraja husuna jeung keur urang Tasikmalaya umumna.

Entragan kiwari kaasup urang dinyana sorangan loba nu teu arapaleun di Sukaraja téh baheulana aya pusat pamaréntah karajaan. Ahli sajarah, mah loba ngahaja nalungtik sajarah Karajaan Sukapura. Anu daratang téh sok manghanjakalkeun ku leungitna bangunan karaton.

Untungna wé masih aya musieum nu neundeun barang-barang pusaka titinggal Karajaan Sukapura. Nu nganjang ka urut karaton Sukapura, sok terus ka museum. Tas ti museum terus wé nyalekar ka pasaréan para raja di Gunung Baganjing.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler