Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle

24 Januari 2023, 08:06 WIB
Replika Prasasti Geger Hanjuang di Kampung Rawa Girang, Desa Linggawangi. Kacamatan Leuwisari, Kabupaten Taskmalaya. Nu asli di Museum Nasional Jakarta, cenah mah meunang nyieun KF Holle.* /

GALURA -Prasasti Geger Hanjuang disebut-sebut minangka bukti otentik ngadegna Karajaan Galunggung atawa cikal bakal ayana pamarentahan di Tasikmalaya.

Prasasti Geger Hanjuang kapanggihna di Kampung Rawa Girang, Desa Linggawangi. Kacamatan Leuwisari, Kabupaten Taskmalaya.

Pas pisan di lamping Gunung Galunggung perenahna Prasasti Geger Hanjuang teh. Katimu taun 1877, anu manggihanana, dumasar sawatara catetan mah, urang Walanda, KF Holle, juragan perkebunan di Cikajang Kabupaten Garut.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Prasasti Geger Hanjuang teh wangunna leutik jeung gepeng. Panjangna ukur 85 sentimeter, rubak 62 sentimeter jeung kandelna 28 sentimeter.

Aya pahatan tulisan make basa Sunda Buhun nu unina Tra ba i guna apuy na sta gomati sakakala ru mata k disusu(k) ku batari hyang pun. Hartina, dina taun 1933 (Saka) (Ibukota) Ruma henteu diwewegan (pertahananana) ku Batari Hyang.

Ayeuna Prasasti Geger Hanjuang diteundeun di Museum Nasional Jakart. Ari nu aya Kampung Rawa Girang, Desa Linggawangi, mah replikana, lain aslina.

Sawatara ahli sajarah aya nu cangcaya kana Prasasti Geger Hanjuang. cenah lain jieunan asli jaman karajaan ratusan taun kalarung cara prasasti Batu Tulis Bogor, atawa Prasasti di Situs Kawali.

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Prasasti Geger Hanjuang teh cenah meunang nyieun KF Holle nu kasohor oge tukang heureuy. Turug-turug di Cikajang aya prasasti dijieun dina batu badag nu kabuktian meunang nyieun KF Holle

Najan kitu, teu saeutik nu yakin Prasasti Geger Hanjuang teh asli, lain jieunan K.F. Holle. Nu yakin teh nyebutkeun eta prasasti minangka bukti otentik ayana Karajaan Galunggung minangka cikal bakal Pamarentahan Tasikmalaya ayeuna.

Nu ngarasa yakin Prasasti Geger Hanjuang titinggal jaman ratusan taun ka tukang, sajaba ti panaliti Museum Nasional Jakarta, oge ahli sajarah asal Tasikmalaya, Muhajir Salam.

Ceuk Muhajir Salam, saacaan ngajangelek jadi karajaan, Galunggung teh kabataraan nu dipupuhuan ku Batari Hyang. Ari robahnana Galunggung ti kabataraan jadi karajaan, dina 1013 Saka atawa 1111 Masehi.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Mangsa jadi pupuhu kabataraan, Batari Hyang ngahaja nyieun benteng mangrupa solokan, walungan nu tangtu wae jero, kawas parigi.

Mangsa karajaan baheula, nyieun pertahanan dina wangun solokan (nyusuk atawa marigi) teh ilahar naker, pikeun nyinglar ancaman ti musuh.

Eta teh sakumaha anu dilakukeun ku Sri Baduga taun 1482 atawa samemehna ku Rakeyan Banga dina taun 739 Masehi. Prabu Wastukancana oge nyieun parigi atawa susukan nu ngurilingan dayeuh Kawali.

Muhajir percayaeun jeung yakineun, Prasasti Geger Hanjuang bukti kungsi aya karajaan nu katelah Karajaan Galunggung, jeung jauh samamehna aya kabuyutan Galunggung nu dipupuhuan ku resi guru atawa batara tea.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler