Baheula mah, ceuk Iwan, salahsaurang tokoh masarakat Rajadesa, di Cibarani aya leuwi, jero jeung lumayan lega. Cai ti leuwi dikocorkeun keur nyaiaan sawah nu aya di wetaneunana.
Hanjakalna Cibarani ari usum halodo mah sok saat, paling henteu caina orot. Pangna cai kajayaan di Situs Sejarah Samida Rajadesa saat alatan lingkunganana geus teu ngamungkinkeun ngaluarkeun cinyusu ari usum halodo.
Cai kajayaan di Situs Sejarah Samida Rajadesa, teu beda jeung ti cinyusu di Karangkamulyan, Cikawali Astana Gede Kawali, saenyana musieum alam nu nembongkeun cara karuhun Sunda dina ngajaga konservasi alam.
Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga
Sumber cai, leuweung tempat nandean jeung nyimpen cai hujan teh ku karuhun Sunda kacida pisan dipusti-pustina.
Wewengkon sabudeureunana dijaga jeung dirumat, malah tara jauh jeung tempat sumujud ka Nu Murbeng Alam.
Sangkan taya nu wanieun ngaruksak, sumber cai atawa cinyusu sok dipatalikeun jeung hal-hal gaib. Mun kabeneran aya tangkal caringin, lame, calingcin, sok dianggap geueuman lantaran dianggap sirah caina aya nu ngageugeuh.
“Ajaran luluhur dina matrikeun pentingna ngajaga alam kudu dijaulkeun deui,” ceuk Iwan.***