Guha Pawon Kakoncara, Endah tapi Aheng, Kungsi Kapanggih Rorongkong Manusa Purba

- 17 Januari 2023, 21:15 WIB
SITUS Guha Pawon di Kecamatan Cipatat, Kabupaten Bandung Barat./CECEP WIJAYA SARI/PR
SITUS Guha Pawon di Kecamatan Cipatat, Kabupaten Bandung Barat./CECEP WIJAYA SARI/PR /CECEP WIJAYA SARI/

GALURA – Guha Pawon teh guha nu perenahna di Desa Gunung Masigit, Kacamatan Cipatat, Kabupatén Bandung Barat, kira 25 km ti Dayeuh Bandung ka tebeh kulon.

Guhana, kawilang kasohor di Jawa Barat jeung Lemah Cai.

Alesanna, di antarana, sabab di Guha Pawon, kungsi katimu rorongkong manusa purba nu cenah karuhunna sélér Sunda. Bukti rorongkongna ogé, nepi ka kiwari aya kénéh.

Baca Juga: Di Kuningan, Zakat Fitrah Ramadhan 1444 H Rp 30 Rebu

Baca Juga: Carnyam Putri Anjungsari

Baca Juga: Pisah Sambut Camat Kutawaringin, Asep Ruswandi: Ditugaskeun di Mana waé Siap

Najan kitu, taya nu wani noel sumawonna ganggu –iwal arkeolog. Ongkoh da rorongkongna ge dikulibeng ku pager beusi.

“Leres, rorongkong nu aya di Guha Pawon, ageung pisan ajenna kanggo elmu pangaweruh,” cek Lufti Yondri ti Balai Arkeologi Bandung ka Galura, dina hiji waktu.

Alesan sejen pangna Guha Pawon kakoncara, sabab tempatna endah sarta aheng. Kaendahanana, teu eleh ku tempat pelesir sejen di wewengkon Bandung kawas Kawah Putih, Tangkuban Parahu atawa nu sejenna.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Rewuan lalay, batu cadas, stalagmit, guha nu poek meredong jeung gawir nangtawing warna emas semu coklat, minangka sawatara pangirutna.

Eta hal ngabalukarkeun Guha Pawon eksotis naker, beda ti tempat pelesir sejen.

Guha Pawon oge bisa ngudarkeun karuwet hate alatan cape atawa pagawean, kawas anu ditepikeun ku Ilham Munggaran, hiji wisatawan asal Cimahi nu pareng amprok jeung Galura.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

“Abdi sanes mung sakali dua kali kadieu. Muhun, eta teh alatan guhana matak ngirut, matak betah,” cek Ilham nu harita datangna ka guha bareng jeung bebenena.

Sajaba ti endah, di guha teh, deuih, aya sawatara spot nu merenah keur popotoan. Spot nu endah teh, ayana di beh handap, dina tilu “lawang” guha nu mirupa jandela gede.

Di eta tempat, wisatawan bisa popotoan kalawan latar tukang jandela tea. Ana mun nempo ka jauhna, tina jandela guha, baris katingali ngajungkiringna gunung batu nu endah. Batu cadas nu ayana sarua di Desa Gunung Masigit.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

Ngan hanjakalna, sok sanajan Guha Pawon teh kakoncara jeung endah, warga di sabudeureunana can ngarasakeun mangpaat atawa “imbasna”. Pangna kitu teh, lantaran pamarentah can ngokolakeun guha kalawan daria, sarta ngalibetkeun warga dina ngokolakeunana.

“Ti ayeuna ka payun mah, sapertosna pamarentah kedah langkung daria sareng ngalibetkeun warga sabudeureun guha malar ayana guha, karaos mangpaatna ku warga,” cek Suhendar.

Nu ngalangeu

Sabada ngimeutan kaayaan guha leuwih ti sajamna, Galura niat rek mulang.

Lain teu betah, utamana mah lantaran pihujaneun geus katingali di luhureun guha. Alam ge geus katara poek, padahal wanci lohor ge acan.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Basa rek mulang ninggalkeun guha, rewuan lalay angger seah, muter taya kacape.

Tapi aya nu aheng basa kaluar ti guha teh. Harita asa aya nu narah ditinggalkeun, ngalangeu dina poekna lulurung guha, bari panon bolotot.

Teu mencog, Guha Pawon teh memang endah, oge aheng.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x