Ku Naon Beus Wisata Loba anu Cilaka?

- 22 Mei 2024, 10:30 WIB
Bus pariwisata.
Bus pariwisata. /Kabargarut.com/Aep Hendy S

GALURA.CO.ID -Data anu kapanggih dina catetan taunan, beus umum anu loba cilaka téh, lolobana beus wisata. Naha maké bisa kitu, sabab baréto mah anu ngaran beus wisata téh, sagalana sarwa kajamin. Sarwa istiméwa.

Salian ti kondisi beus anu sarwa anyar jeung mégah téh, dina ngajalankeunana kawilang disiplin, henteu abrag-abragan, henteu ngebut subat-sibet, komo silih siap jeung sasama beus mah. Nya da rék naon maké kudu babalapan, da moal parebut muatan di tengah

jalan teu jiga beus bumel (istilah beus umum kelas ékonomi anu nurun-naékkeun panumpang di sapanjang jalan). Malah dina antara taun 1990-2000 mah, supir beus wisata téh kudu minuhan sarat dina palebah kadisiplinan ngamudikeun beus.

Kudu tartib dinangajalankeun kandaraan. Ngerém kudu diatur ulah nyentok ngaganggu penumpang. Pon kitu deui dina nincak gas ulah karasa ngenyed.  Jaman harita, teu sagawayah nampa supir keur beus wisata.

Ayeuna kumaha? Ah, bisa jadi aturan mah teu robah. Ngan ku sabab situasi anu geus robah, kadisiplinan bisa ngurangan.

Beuki dieu beuki dieu, kagiatan wisata téh beuki ningkat. Tiap pausahaan angkutan beus, malah leuwih ngalobakeun beus wisata ti batan beus regular. Beus regular mah geus kakurangan panumpang.

Basa anu nulis ieu artikel balik ti Cirebon ka Bandung, beus jurusan Cirebon-Bandung jeung sabalikna téh jumlahna beuki dikurangan baé. Teu nitih tilu jam sakali inditna téh, bari muatan tara leuwih ti 10 urang. Komo basa nu nulis balik ti Cirebon mah, ukur ngakutan opatan.

Cenah béda deui jeung beus wisata. Ampir saban waktu aya baé anu maké. Geus puguhning usum peré, dalah poé-poé biasa ogé, aya baé.

Komo usumna pamaréntah ngabiasakeun ngayakeun cuti bersama, atawa libur bersama. Pan ayeuna mah teu kaop aya poé peré nu kagok, sok ditiir.

Mun kalénder beureum poé Kemis, aya libur panjang ti Kemis tepi ka MInggu. Éta pasti aya kagiatan wisata. Ku sabab kitu, supir beus wisata tanagana dimaksimalkeun pisan.

Harita Galura milu rombongan wisata. Ceuk supir, mun ieu beus anjog ka Bandung tabuh 12 peuting, tabuh satu geus ngakut rombongan anyar, supirna manéhna kénéh.

“Ayeuna  supir beus wisata téh jumlahna teu sabanding sareng jumlah  unit nu aya. Hartosna langkung seueur beus batan supir,” ceuk Harun, salah saurang supir beus wisata anu ngaku sakapeung jenuh haben nyupiran téh.

Ceuk Harun, kamungkinan lain hésé supir. Tapi loba supir anu humar-hemis sieun taak nampa tugas. Ceuk manéhna, ku sabab frekuénsi perjalanan anu beuki kékép, servis rutin gé bisa kaganggu.

“Nya teu sadayana carilaka. Nu cilaka mah  nya tos dikersakeun kedah kitu wé,” ceuk Harun mésem.*** AMP

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah