Bupati Bandung Nargètkeun Ngawangun Dano Buatan Bojongsoang Momiti Taun Ieu

- 31 Maret 2024, 13:35 WIB
Bupati Bandung ngaresmikeun Sasak Cikeruh.
Bupati Bandung ngaresmikeun Sasak Cikeruh. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID- Ngaluhuran Sasak Cikereuh di Jalan Sapan Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung tèh salasahiji jalan kaluar ngungkulan banjir. Iwal ti kitu ogè ngawangun dano buatan atawa embung-embung, jeung normalisasi.

Kituna ditètèlakeun Bupati Bandung, Dadang Supriatana waktu ngaresmikeun Sasak Cikeruh, Saptu, 30 Maret 2024.

Ku lantaran kitu, Bupati Bandung geus buleud bakal ngamimitian ngawangun embung-embung atawa dano di Bojongsoang. Rencanana satutas Lebaran Idulfitri 1445 Hijriah.

Baca Juga: Amitan Miang Umrah, Bupati Bandung Nyantun Budak Yatim bari Kampanye rek Nyalon deui dina Pilkada 2024

Ceuk Dadang Supriatna, lahan jang embung-embung geus aya hibah ti para pangusaha. Bupati nètèlakeun pangwangunan 6 embung di wilayah wètan Kabupaten Bandung dilaksanakeun nungtut.

"Sabab ngantosan APBD lami, nya pangwangunan embung-embung rencanana ngalangkungan pentahelix kalayan ngagunakeun anggaran Corporate Social Responsibility (CSR)," ceuk Dadang Supriatna.

Balai Besar Wilayah Sungai (BBWS) Citarum ogè diperedih bantuanana ku Bupati Bandung, patalina jeung program teknisna.

Ceuk Dadang Supriatna, ieu tèh jang nyinglar kasalahan, ngingetkeun dano tèh dijieun multi fungsi. Sajaba jang sarana pangolahan cai inum, tempat wisata, ogè keur tempat panampungan cai.

Baca Juga: Sababaraha Kali Diusulkeun Diwangun, Sasak Cikeruh Antukna Diresmikeun Bupati Bandung

Seutikna, ceuk Dadang Supriatna aya 6 dano jieunan di Kabupaten Bandung. Pikeun gancangna ngawangun embung-embung, pihakna geus ngusulkeun ka Kementerian Pekerjaan Umum dan Perumahan Rakyat RI.

"Kawasan Tegalluar bakal janten kawasan pakotaan teu tiasa disinglar, kudu aya paningkatan sareng saè infrastrukturna. Salasahijinya ku ngwangun dano," tandes Dadang Supriatna.

Bupati Bandung nètèlakeun, dano tèh infrastruktur jang ngungkulan banjir, di Kabupaten Bandung geus dibangun samémèhna, Dano Cieunteung, Dano Retensi Sinaraga Andir, katut torowongan Air Citarum di Nanjung Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung.

Dano  ogè bisa jang ngeusi cai bawah tanah, bisa ogè keur energi listrik ku ngagunakeun panel surya jeung wisata.

Iwal ti Bojongsoang, titik lokasi dano nu rencanana bakal dijieun di Desa Rancaekek Wetan, Desa Rancaekek Kulon, Desa Tegal Sumedang jeun Desa Sukamanah Kecamatan Rancaekek Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah